Penulis: Budi Rahayu Tamsyah
Bendungan Saguling téh bendungan buatan anu perenahna di Kabupatén Bandung Barat. Hiji ti antara tilu bendungan anu ngamangpaatkeun Walungan Citarum. Dua deui nyaéta Bendungan Jatiluhur jeung Bendungan Cirata.
Bendungan Saguling mimiti diwangun bulan Agustus 1981, réngsé taun 1985, sarta diresmikeun taun 1985 ku Présidén Soeharto, Présidén RI harita.
Bendungan Saguling ngeueum 49 désa, anu umumna mangrupa lahan tatanén. Kapaksa 12.489 umpi kudu dikerid peuti ti désana. Aya anu pindah ka désa séjén, aya ogé anu transmigrasi. Bendungan Saguling legana 5.600 hektar.
Adegan Bendungan Saguling diwangun ku urugan batu nu henteu bisa tembus ku cai, ngamangpaatkeun batu ti Gunung Karang nu aya di sabudeureun Saguling.
Bendungan Saguling diwangun pikeun Pembangkit Listrik Tenaga Air (PLTA) anu mampuh ngahasilkeun 2,5 Kwh. Diajangkeun pikeun kabutuh listrik di Pulo Jawa, Madura, jeung Bali. Aya opat turbin anu masing-masing miboga kapasitas 175,18 MW.
Dina kamekaranana, Bendungan Saguling henteu ngan saukur pikeun ngahasilkeun listrik. Bendungan Saguling dirobah fungsina jadi bendungan multiguna. Di antarana baé dipaké pikeun kapentingan miara lauk, agri-akuakultur, pariwisata, jeung sajabana.
Malah dipaké ogé pikeun kabutuh sapopoé masarakat anu aya di sabudeureunana saperti mandi, nyeuseuh, jeung miceun. Éta sababna anu matak kaayaan Bendungan Saguling kiwari leuwih pikahariwangeun ka hareupna, upama dibandingkeun jeung Bendungan Jatiluhur katut Bendungan Cirata, anu leuwih ti heula diwangun.
Salian ti éta, Bendungan Saguling anu ngamangpaatkeun Walungan Citarum perenahna aya di girangeun Bendungan Cirata jeung Jatiluhur. Antukna sagala kokotor jeung runtah (limbah) Walungan Citarum ti girang, kabéh asup ka Bendungan Saguling. Jadi, Bendungan Saguling téh ibarat panyaring pikeun Bendungan Cirata jeung Jatiluhur.
Mangkaning Walungan Citarum geus kotor ti girangna kénéh, boh ku limbah pabrik boh ku runtah rumah tangga. Éta téh jelas mangaruhan kualitas cai di Bendungan Saguling. Jeung téréh ngadéétanana wé deuih. Boh keur walunganana, boh keur bendunganana.
Anu matak henteu anéh, upama turbin listrik anu aya di Bendungan Saguling téréh ruksakna dibandingkeun jeung turbin anu aya di bendungan séjén.
PLTA Saguling dirancang pikeun nohonan kabutuh energi listrik salila 59 taun. Tapi upama ningali kaayaanana kiwari, bisa jadi umurna kurang ti sakitu.
Kalah kumaha baé ogé, kaayaan Bendungan Saguling kiwari mangrupa masalah anu kudu disanghareupan ku urang. (Red)
Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah