Penulis: Budi Rahayu Tamsyah
Baheula mah nyunatan budak téh sok dimimitian ku turun mandi. Waktuna pisapoéeun deui kana bretna budak disunatan. Budak anu rék disunatan téh dimandian di situ atawa di walungan, diabring-abring.
Ngahaja néangan pamandian anu rada jauh, ngarah henteu kagok ngabring-ngabringna. Di nu aya pakeunna mah sok ngahaja ngondang kasenian hélaran saperti sisingaan jeung kuda rénggong, keur ngareuah-reuah acara turun mandi téh.
Anu nyarambungan geus jul-jol deuih. Nyambungan ka nu boga hajat. Awéwé biasana mah ngarélék baskom. Eusina béas jeung pikeun deungeunna saperti emih, bihun, atawa endog.
Anu ngagandeuang ogé aya, nyambunganana ku duit diamplopan. Maksudna pikeun milu ngabanjel-banjel nu keur hajat. Anu nyambungan téh baralikna tara diléngohan, ku nu hajat sok dipulang ku berekat.
Isukna pasusubuh budak téh dimandian, ngarah baal, henteu nyeri teuing waktu dikeureut ku paraji sunat. Réngsé dimandian budak téh didangdanan, make pakéan budak sunatan. Baju takwa sasetél jeung calanana, bahanna tina satén biasana mah.
Dina kerahna, tungtung leungeun jeung tungtung calanana dipapaésan ku karpatu atawa biku-biku. Maké kopéah buludru hideung, sarua deuih meunang mapaésan cara papakéanana. Engké lamun geus datang paraji sunat, calanana diganti ku sarung.
Datang paraji sunat, bengkong disebutna téh, regeyeng budak téh dipangku ku kolotna atawa wawakil kolotna. Sina ngadangkak nyanghareup ka wétan. Sirah budak dirungkupan ku sarung anu dipakéna, sangkan teu nénjoeun péso bengkong, bisi geumpeur.
Breng anu nyaraksian téh maca salawat. Bengkong ngasupkeun babango kana pupucus rarangan budak, sangkan leuwih ka jero disurungkeun ku capit. Simpreng baé pupucus rarangan téh dikeureut, bareng jeung raména anu nyebut, “Kasép! Kasép!” Cét baé anu meuncit béla.
Béla téh nya éta anu dipeuncitna bareng jeung bretna disunatan. Umumna mah hayam jago, sanajan sato lian ogé bisa dipaké béla. Ngan saratna kudu ingon-ingon anu dipikameumeut ku nu disunatan atawa kolotna.
Der anu tutunggulan, awéwé biasana mah. Barudak ramé parebut rupa-rupa kuéh anu geus diwadahan ku nyiru. Atawa parebut nyokot bungbuahan dina kebon alas. Budak padanyecep. Wadah duitna bokor atawa kobokan.
Sakapeung budak sunatan ogé sok disawér. Rumpaka sawérna pépéling sangkan budak nu disunatan jadi jalma bener jeung bageur. Ari anu diawurkeunana dina nyawér. méh taya bédana jeung di nu kawin. Aya béas, konéng temen, peremén, jeung duit kencring. (Red)
Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah