Penulis: Budi Rahayu Tamsyah
Di Désa Babakan, Kacamatan Wanayasa, Purwakarta aya tempat anu ngaranna Céksélong. Perenahna antara Lembur Babakan jeung Lembur Pangkalan, méméh parapatan nu ka Tanjakan Puspa.
Anu matak dingaranan kitu téh aya asal-usulna, hiji kajadian.
Kajadianana, taun 1940-an saméméh jaman Jepang. Aya Tionghoa urang Sagalahérang. Ngora kénéh sarta anyar kawin. Pagawéanana dagang, malah boga toko kawilang gedé di Sagalahérangna.
Ari balanja barangna sok ka si Téléng di Purwakarta, jalanna nya ka Wanayasa. Henteu ka Subang cara padagang Sagalahérang nu séjén.
Hiji poé, pasosoré manéhna balik balanja ti Purwakarta. Kana mobil power. Da ari balanja téh sok ngahaja nyéwa mobil. Balanjaanana pinuh sapower. Manéhna diuk dina jok hareup jeung pamajikanana, katilu supir.
Tah, palebah péngkolan tungtung Lembur Babakan, mobilna tigebrus ka jurang kéncaeun jalan mun ti Purwakarta mah. Lantaran, duka kumaha, waktu nikung lepas teuing, antukna nyélong tigebrus ka jurang. Nu tumpak mobilna maraot.
Ari bangsa urang baheula, sok nyebut Encék ka bangsa Tionghoa anu ngora kénéh téh. Tah, harita guyur majar aya Encék sélong di Babakan. Jadi kacapangan, mun aya nu nanya lebah-lebahna, lebah dinya sok disebut lebah Encék Sélong. Tina Encék Sélong jadi Céksélong. Nya nelah baé Céksélong nepi ka kiwari.
Saha ngaranna éta Encék téh? Can kapaluruh. Anu jelas mah manéhna téh Létnan Tionghoa, pangkat paméré Walanda pikeun pamingpin bangsa Tionghoa di hiji wewengkon. Awakna sembada, buukna panjang sok dibeungkeut, dikucir, taocang disebutna téh baheula mah. (Red)
Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.