JABARNEWS | BANDUNG – Kiwari urang Sunda geus prah ngucapkeun kecap “sampurasun”. Upamana baé mun nyémah atawa ngamimitian biantara jeung surat. Dijawabna “rampés”. Duanana ogé basa Sunda.Ngan henteu loba anu nyaho kana asal-usulna mah.
Mémang henteu sakabéh kecap dina basa Sunda bisa kapaluruh asal-usulna. Tapi ari kecap “sampurasun” jeung “rampés” mah masih kénéh bisa dijujut asalna.
Sacara étimologis, kecap “sampurasun” asalna tina basa Kawi. Wancahan tina kecap “sampura” jeung “isun” atawa “ingsun”. “Sampura” hartina “hampura”, basa lemesna “hapunten” atawa “punten”. Ari “isun” hartina “kuring”, “déwék”; basa lemesna “abdi”, “sim kuring”. Jadi, “sampurasun” téh hartina “hampura kuring”, basa lemesna “hapunten abdi”. Tuluy robah jadi “punten”.
Kecap “rampés” asalna tina basa Sunda Kuno “rampyas”. Éta remen kapanggih dina naskah-naskah Sunda kuno. Hartina “hadé” atawa “heug”, basa lemesna “saé” atawa “mangga”.
Upama nilik ka dinya mah “sampurasun-rampés” téh taya bédana jeung “punten-mangga”. Matak baheula mah kecap “sampurasun” sok diucapkeun ku nu nyémah atawa jalma anu anyar datang. Dijawab ku pribumi atawa anu aya di dinya “rampés”. Teu béda ti fungsi kecap “punten” jeung “mangga”.
Kiwari sok dipaké dina ngamimitian biantara jeung surat minangka ucapan salamna, nya teu jadi masalah. Hartina kecap “sampurasun” jeung “rampés” miboga harti jeung fungsi anu ngajembaran. Hal anu biasa dina kamekaran basa mah. (Red)
Rubrik Palataran ini diasuh oleh Budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah.