Penulis: Budi Rahayu Tamsyah
Cianjur teu wungkul kamashur ku béas jeung taucona, tapi ogé ku hayam pelungna deuih. Disebut-sebut hayam asli Indonésia anu asalna ti Cianjur.
Hayam pelung miboga ciri mandiri, nya éta sora kongkorongokna anu ngalanglaung manjang. Malah aya nu boga céngkok sagala, nepi ka opat warna sora.
Éta anu ngalantarankeun hayam pelung kakoncara téh. Loba anu nineung kana sorana. Hayam pelung anu dianggap hadé, hargana kawilang mahal. Malah aya nu nepi ka puluhan juta pérak, mun kungsi jadi juara kontés mah.
Kontés hayam pelung téh mindeng diayakeun, boh di Cianjur boh di daérah séjén. Pamilonna datang ti mana ti mendi, lain urang Cianjur baé.
Naha di Cianjur aya hayam pelung? Tah, éta téh aya asal-usulna, dumasar kana carita rayat anu sumebar di Cianjur.
Kira-kira taun 1850-an di Desa Bunikasih, Kecamatan Warungkondang, Kabupaten Cianjur, aya ajengan anu ogé jadi patani jenenganana Haji Djarkasih atawa Mama Acih.
Hiji mangsa Mama Acih nimu anak hayam jalu di kebonna. Huluna turundul. Terus baé dibawa balik jeung diingu.
Tétéla éta anak hayam turundul téh babari gedé sarta mulus. Awakna badag tur jangkung, sarta sora kongkorongokna tarik, melung tur ngawirahma. Nya ku Mama Acih téh dingaranan hayam pelung.
Éta hayam pelung ku Mama Acih dikawinkeun jeung bikang hayam biasa. Anak si pelung dikawinkeun jeung anak si pelung deui. Kitu wé. Terus anak baranahan nepi ka kiwari.
Kitu tah asal-usul hayam pelung téh, hayam anu kiwari jadi kareueus urang Cianjur. Bisa disebutkeun hayam asli Indonésia anu béda jeung hayam Bangkok, hayam Arab, atawa hayam Brahma.
Hayam pelung miboga karakteristik jeung ciri-ciri mandiri, anu sacara umum mah bisa digambarkeun kieu:
Awakna, hayam pelung mah leuwih badag tur kuat upama dibandingkeun jeung hayam lokal biasa. Beurat hayam pelung anu geus déwasa bisa nepi ka tilu kilogram, jangkungna antara 30 – 40 séntiméter.
Cékérna ogé paranjang jeung garedé, warna cékérna aya nu hideung, héjo, konéng, jeung bodas.
Telihna gedé, buleud, sarta katémbong beureum. Jawérna gedé, kandel, jeung rancung, warnana beureum jeung wangunna tunggal,
Buluna mah mémang taya patokan anu baku atawa kelir ciri mandiri. Ngan umumna campuran beureum jeung hideung, konéng, jeung bodas, atawa campuran warna héjo semu hérang.
Tah, sorana anu jadi ciri utama hayam pelung téh. Kongkorongokna manjang tur ngawirahma, leuwih lila upama dibandingkeun jeung jenis hayam lianna. Sorana ngalun tur melung sarta aya anu miboga cengkok sagala atuh, teu éléh ku biduan dangdut.
Umumna jelema miara hayam pelung téh lantaran kapincut ku sora kongkorongokna. Sanajan kitu, teu saeutik deuih anu dipaké ladang usaha. Miara hayam pelung kaasup lahan bisnis anu nguntungkeun, lamun junun kitu ogé. (Red)
Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah