Penulis: Budi Rahayu Tamsyah
Awi téh kaasup tatangkalan anu loba gunana pikeun urang Sunda mah. Awi ogé loba jenisna deuih, anu masing-masing miboga kagunaan.
Aya awi tali, ater, bunar, caléngka (léngka), cangkorah, kirisik, jeung tamiang. Terus aya gombong jeung haur, anu masing-masing loba jenisna. Tangka ratusan atuh jenis awi téh.
Anu aya di urang (Indonésia) aya 80-an jenis awi. Ari di Tatar Sunda mah, tangtu teu sakitu. Anu kiwari aya kénéh, tangtu leuwih saeutik deui. Ngan pédah katambahan ku jenis awi impor, saperti awi ti Cina jeung Jepang.
Anu dipaké ngaran tempat di Jawa Barat, lolobana ngaran awi (buntel kadut), tara ieuh disebutkeun jenisna. Upamana baé ngaran Ciawi, teu disebutkeun jenis awina mah.
Mémang éta ogé aya anu disebutkeun saperti ater, buluh, caléngka, cangkorah, kikisik, jeung tamiang. Tapi henteu loba. Anu kaitung loba téh bunar, bitung, jeung haur.
Ayeuna mah urang tataan ngaran désa jeung kelurahan di Jawa Barat anu ngagunakeun ngaran awi. Ngahaja disebutkeun kacamatan jeung kabupaténna deuih, ngarah gampang maluruhna.
Apus, apus téh sebutan séjén pikeun awi tali. Dipaké ngaran tempat Ciapus di Kacamatan Ciomas (Kabupatén Bogor), jeung Kac. Banjaran (Kab. Bandung).
Ater, awi ater sok disebut ogé awi temen, awina lalenceng alus dipaké dangdanan imah jeung paparabotan. Dipaké ngaran tempat Ciater di Kac. Ciater (Kab. Subang).
Awi, tangkal sabangsa jujukutan, tengahna copong (ruasan), jadina ngadapur, loba jenisna, tapi anu dipaké ngaran désa/kelurana kecap “awi”-na nya éta Ciawi di Kac. Ciawi (Kab. Bogor), Kac. Karangnunggal (Kab. Tasikmalaya), Kac. Ciawi (Kab. Tasikmalaya), Kac. Palimanan (Kab. Cirebon), jeung Kac. Wanayasa (Kab. Purwakarta).
Salian ti éta aya ngaran Selaawi di Kac. Sukaraja (Kab. Sukabumi), Kac. Talégong (Kab. Garut), Kac. Selaawi (Kab. Garut), Kac. Pasawahan (Kab. Purwakarta).
Aya deui ngaran Ciawitali di Kac. Buahdua (Sumedang), Ciawigebang di Kac. Ciawigebang (Kab. Kuningan), Ciawijapura di Kac. Susukan Lebak (Kab. Cirebon), jeung Ciawigajah di Kac. Beber (Kab. Cirebon).
Awiluar di Kac. Lumbung (Kab. Ciamis), Awirarangan di Kac. Kuningan (Kab. Kuningan), Awilega di Kac. Tanjungkerta (Kab. Sumedang), jeung Awipari di Kac. Cibeureum (Kota Tasikmalaya).
Bitung, sabangsa awi gedé kawas gombong, ngeunah iwungna; dipaké ngaran Cibitung di Kac. Tapos (Kab. Bogor), Kac. Cibitung (Kab. Sukabumi), Kac. Sagaranten (Kab. Sukabumi), Kac. Rongga (Kab. Bandung Barat), Kac. Ciater (Kab. Subang), jeung Kac. Cibitung (Kab. Bekasi).
Gegerbitung di Kac. Gegerbitung (Kab. Sukabumi), Curugbitung di Kac. Nanggung (Kab. Bogor), jeung Bitungsari di Kac. Ciawi (Kab. Bogor).
Lamun ditataan jeung ngaran kampung atawa patempatanana mah saperti tegal, bobojong, jeung pasir pasti loba. Keun, éta mah guareun engké.
Lajengkeuneun (Red)
Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.