Penulis: Budi Rahayu Tamsyah
Saenyana basa deungeun (asing) anu gedé pangaruhna kana basa Sunda téh nya éta basa Sangsekerta, Kawi, Belanda, jeung Arab.
Tapi dina urusan ngaran kadaharan mah, anu loba diserep ku basa Sunda téh nya éta basa Cina jeung Belanda.
Mémang aya ogé anu asalna tina basa Arab ngan teu loba. Kitu deui jeung basa deungeun lianna, saperti basa Perancis, Portugis, jeung Inggris.
Tah, ayeuna urang tataan sawatara ngaran kadaharan urang Sunda anu asalna tina basa deungeun, salian ti basa Cina.
Ager (basa Kawi: ager), bangsa jukut laut; zat lendir tina jukut laut; kadaharan anu bahanna tina jukut laut.
Akua (basa Latin: equae; Basa Inggris: aqua), cai. Kiwari ngandung harti cai mineral.
Bir (basa Belanda: bier, basa Inggris: beer), inuman anu ngandung alkohol.
Biskuit (basa Belanda: biscuit), 1. roti anu dibakar deui, biasana sanggeus dimantégaan jeung digulaan; 2. rupa-rupa kuéh nu biasa dikaléngan, saperti mari, sultana, jsté.
Bistik (basa Belanda: biefstuk), daging anu dikeureutan sarta diasakanana istiméwa.
Dodol (basa Kawi: dwadwal), sabangsa kuéh; ngaran amis-amis nu dijieun tina rupa-rupa bahan kadaharan dicampur gula jeung cipati, tuluy digodogkeun nepi ka liket.
Donat (basa Inggris: donut), ngaran kuéh dadakan tina tarigu, bangunna siga jalabria, tapi leuwih gedé.
És (basa Belanda: ijs; Basa Inggris: ice), cai beku.
Gulé (basa Kawi: gulay), angeun daging anu bungbuna husus.
Jawadah (basa Arab: azwidatun), bekel; kadaharan anu dibawa pikeun di perjalanan. Kiwari ngandung harti: ngaran amis-amis sabangsa dodol tina tipung béas biasa.
Jus (basa Inggris: juice), sari buah, inuman tina buah-buahan anu digiling.
Kabuli (basa Arab: qabuulun), sangu kabuli, sarupa liwet maké minyak samin, maké daging domba.
Kaldu (basa Portugis: caldo), cai kaldu atawa cikaldu, cai panggodogan daging, biasana dihaja diarah keur nu gering atawa keur pasakan istiméwa.
Kalua (basa Arab: kalwaa), ngaran amis-amis tina bubuahan, jsté. nu digodog ku cigula nepi ka bisa dililakeun, boh baseuh, boh dituhurkeun.
Karokét (basa Perancis: croquette), ngaran kadaharan tina cacag daging, jsté. dibulen ku kulub kentang meunang ngaréndos, tuluy digoréng kawas comro, ngan leuwih gedé.
Kiju (basa Portugis: queijo), ngaran kadaharan tina cisusu sapi.
Kolek (basa Arab: kholaqo), kadaharan (amis-amis) anu bahanna cau, cangkaléng, hui, jsb., digodog jeung gula beureum, sok jadi kadaharan istiméwa dina bulan Puasa.
Makaroni (basa Belanda: macaroni), ngaran kadaharan tina tarigu sabangsa emi, tapi liangna siga solobong (kabeuki urang Itali).
Mantéga (basa Portugis: manteiga), ngaran bahan kadaharan nu dijieun tina cisusu sapi, pikeun ngulasan roti, campuran adonan kuéh jsté.
Margarin (basa Inggris: margarine), mantéga anu dijieun tina gajih sasatoan atawa tutuwuhan.
Mari (basa Belanda: marie), ngaran sarupa kuéh kering (kuéh kaléng), baruleud gepéng, aslina buatan nagara Walanda.
Martabak (basa Arab: matobaq), kuéh anu dijieunna tina tarigu, dipurulukan ku rupa-rupa bahan lianna, gumantung kana kahayang (amis atawa asin), tuluy dilipetkeun.
Panekuk (basa Belanda: pannenkoek), kuéh dadar anu dijieunna tina tarigu, endog hayam, gula, jeung susu; dijieun adonan tuluy digoréng dina katel sarta diolésan ku minyak.
Pastél (basa Belanda: pastel), ngaran sarupa kadaharan tina adonan tarigu anu dieusian ku rupa-rupa sayuran, jsb. tuluy digoréng.
Perkedél (basa Belanda: frikadel), daging dicacag dicampuran kentang jeung endog, terus digoréng atawa dibakar.
Permén (basa Belanda: ferment), sarupa gulali anu nyereng tina tutuwuhan.
Podeng (basa Belanda: pudding), ngaran amis-amis, kuéh dadakan tina tarigu maké endog jeung mantéga, kismis, jsté. tuluy dibakar atawa diseupan.
Roti (basa Sangsekerta: roti), kadaharan tina tarigu jeung cai anu diragian.
Saos (basa Belanda: saus), campuran sambara nu éncér pikeun ngucuran kaolahan atawa kuéh puding jsté.
Sardéncis (basa Belanda: sardines), ngaran lauk laut sarupa lamuru, lauk leutik tapi ngeunah, sok dikaléngan maké saos.
Semur (basa Belanda: smur), sarupa kaolahan daging sambara luluguna pala jeung pedes.
Setrup (basa Belanda: stroopje), 1. gula anu diéncérkeun keur diinum; 2. sari bungbuahan anu dikentelkeun.
Sirop (basa Inggris: syrup), gula anu diéncérkeun dicampur sari buah-buahan keur diinum.
Sop (basa Belanda: soep), angeun, babakuna angeun daging anu caina hérang.
Tarcis (basa Belanda: taart), kuéh basah nu laleutik.
Tarigu (basa Portugis: trigo), bubuk lemes anu asalna tina gandum, anu jadi bahan pikeun nyieun roti, emih, katut sawatara kuéh lianna. (Red)
Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.