Carita Rayat Bekasi: Sasakala Cibarusah

JABARNEWS | BEKASI – Di sisi jalan gedé di Cibarusah aya masjid anu katelah Masjid Al-Mujahidin. Perenahna di Kampung Babakan Cibarusah, anu ku urang dinyana mah sok disingget KBC. Masjid anu kawilang kahot, sarta disebut-sebut masjid munggaran anu aya di wewengkon Bekasi. Malah ceuk carita rayat di dinya mah raket patalina jeung asal-usul ngaran Cibarusah. Caritana kieu:

Tadina mah anu ayeuna disebut Jakarta téh ngaranna Sunda Kalapa, bawahan Karajaan Sunda. Sabada kacangking ku Fatahillah atawa Fadillah Khan, tanggal 22 Juni 1527, ngaranna diganti jadi Jayakarta anu ngandung harti “kaunggulan nu sampurna” atawa “unggul tur mamur”. Tina Jayakarta, lila-lila robah jadi Jakarta. Anu matak tanggal 22 Juni dijadikeun Milangkala Kota Jakarta.

Baca Juga:  Kuswara Akui Ezechiel Ajukan Pengunduran Diri dari Persib

Fadillah Khan diangkat jadi pamingpin di Jayakarta kalawan gelarna adipati, nepi ka maotna taun 1570. Saterusna jabatan Adipati Jayakarta dicangking ku Ki Bagus Angké nepi ka taun 1596. Ki Bagus Angké diganti ku Pangéran Jayakarta Wijayakrama. Dina mangsa pamaréntahan Pangéran Jayakarta, taun 1619, Kumpeni (VOC) nyerang Jayakarta. Jayakarta dikepung sarta digempur ku pasukan Kumpeni. Jayakarta kacangking ku Kumpeni sarta diganti ngaranna jadi Batavia, anu ku létah bangsa urang mah disebut Batawi.

Waktu Jayakarta kadéséh ku Kumpeni, Pangéran Jayakarta Wijayakrama maréntah anaknya, nya éta Pangéran Sénapati pikeun ngalolos ti Jayakarta. Maksudna pikeun ngawangun pertahanan di wewengkon basisir jeung pasisian, sangkan bisa neruskeun perjoangan ngalawan Kumpeni.

Pangéran Sénapati jeung pasukanana ngalolos ti Jayakarta mapay basisir Kalér, ngaliwatan wewengkon Cabang Bungin, Batujaya, Pebayuran, Rengas Bandung, Lemah Abang, Pasir Konci, bras baé ka wewengkon leuweung jati.

Baca Juga:  Ngeri! Corona Mutasi India dan Afrika Selatan Masuk RI

Di éta leuweung jati, Pangéran Sénapati jeung pasukanana katut kulawargana anu marilu, rareureuh. Pangéran Sénapati boga anggapan, éta leuweung geledegan téh hadé pikeun panyumputan, moal nepi ka kaudag ku Pasukan Kumpeni Walanda. Kaasup hadé pikeun mepek balad jeung ngababakan di dinya.

Tuluy baé Pangéran Sénapati jeung parapangiringna néangan tempat anu merenah keur pilembureun. Anu pangheulana ditéangan téh nya éta cai beresih. Cai anu bisa dipaké kaperluan sapopoé, pangpangna mah pikeun kapentingan ibadah. Tétéla henteu gampang. Lain euweuh cai, ngan lolobana éta cai dianggap henteu matak sah upama dipaké susuci.

Baca Juga:  Anne Ratna Mustika Beri Alasan Tak Gelar Resepsi Pernikahan: Malu Sama Umur...

Sanggeus néangan ka ditu ka dieu, ahirna manggih kulah di hiji tempat. Caina hérang, kawantu bijil tina cinyusu anu kawilang gedé. “Tah, ieu cai baru sah,” ceuk salahsaurang ulama anu milu nyingkur jeung Pangéran Senapati. Maksudna sah dipaké susuci nurutkeun hukum agama Islam. Lebah dinya diadegkeun masjid anu kiwari katelah Masjid Al-Mujahidin.

Pangéran Sénapati jeung pangiringna ngababakan di dinya. Éta tempat disarebut Babakan Cai Baru Sah, sakumaha omongan ulama pangiring Pangéran Sénapati téa. Tina Cai Baru Sah, lila-lila robah jadi Cibarusah, tug nepi ka kiwari. Ari lembur anu pangheulana diadegkeunana nya éta di lebah Babakan Cibarusah kiwari. (Red)

Rubrik Palataran ini diasuh oleh Budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah