Di Cikondang Dipahing Ngomong Cowong jeung Nyanghunjar

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kampung Adat Cikondang téh perenahna di Désa Lamajang, Kacamatan Pangaléngan, Kabupatén Bandung. Naon sababna disebut Cikondang? Bener, lantaran baheulana di dinya aya ciséké handapeun tangkal kondang.

Di Cikondang aya Bumi Adat nya éta imah titinggal karuhun urang Cikondang. Bumi Adat diadegkeun kira-kira dua abad ka tukang ku nu mimiti ngababakan di dinya. Ku urang dinya mah disebutna Uyut Pameget jeung Uyut Istri. Pastina ogé sesebutan, da ngaran saenyana mah taya nu méré nyaho. Éta téh cenah kaasup anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Bandung Kidul.

Baheula mah di Cikondang téh aya 40 imah adat Sunda. Imah panggung anu dijieunna tina kai jeung awi, maké bilik, sarta hateupna ku injuk. Ngan béak kaduruk taun 1942. Anu nyésa téh tinggal hiji nya éta Bumi Adat, anu harita henteu milu kaduruk. Kiwari Bumi Adat dicicingan ku kuncén sakaligus kokolot di éta kampung. Ari anu kaduruk, teu ieuh diwangun deui. Sabab urang Cikondang boga pamadegan, adat tatali paranti ti karuhun henteu ngan nyampak dina jenggléngan barang, anu utama mah anu aya dina tingkah paripolah, anu nyampak dina mamaras rasa jeung lelembutan.

Baca Juga:  Maling Bawa Kabur Beras seberat 13 Kwintal, Diduga Pelaku Lebih dari Seorang

Di Bumi Adat mah masih kénéh dikeukeuhan kabiasaan karuhun téh. Di dinya teu meunang aya paparabotan éléktronik saperti radio jeung telepisi. Malah lampu ogé teu meunang. Pikeun nyaangan imahna, cukup ku cempor atawa lantéra. Masakna masih kénéh dina hawu. Atuh paparabotan sapopoéna taya anu bahanna tina beling atawa poslén. Nu aya téh piring séng atawa gagarabah sarta gelasna tina batok anu disebut entik.

Urang Cikondang kacida ngahargaanana kana alam jeung lingkungan. Di wewengkon Cikondang aya anu disebut leuweung larangan. Urang teu bisa sagawayah asup ka éta leuweung. Komo nuar kakaianana mah, dipahing pisan. Asup ka leuweung larangan kudu nyékér, teu meunang maké sendal atawa sapatu. Waktuna ogé henteu sagawayah deuih. Urang ngan bisa asup ka éta leuweung poé Senén, Rebo, Kemis, jeung Ahad. Anu alus mah cenah poé Kemis.

Baca Juga:  Pandemi Covid-19, KPU Jabar Yakin Partisipasi Publik Akan Meningkat

Waktuna ogé kudu bada lohor deuih. Anu dipahing pisan, poé Saptu, malah anu rék ngadon jarah ogé teu meunang poé Saptu mah. Mémang di éta leuweung aya makam paraluluhur Cikondang, sarta sok loba anu ngajarahan.Urang Cikondang kacida pisan ngajénanana ka sasama. Di dinya mah dipahing pisan ngomong cowong téh, sabab henteu sopan. Teu meunang diuk nyanghunjar deuih, sarua éta ogé lantaran dianggap henteu sopan. Komo lamun nyanghunjarna ka beulah kidul mah, sabab di beulah kidul aya makam karuhun Cikondang.

Baca Juga:  Ridwan Kamil: Masjid Aljabar Rampung 2020

Di Cikondang ogé aya kadaharan hasna. Kaitung loba, aya 45 rupa. Di antarana baé opak, ranginang, kolontong, téngténg, jeung ampyang. Éta kadaharan téh biasana sok dipaké nyuguhan sémah. Da geuning loba baé sémah anu datang ka Cikondang téh.

Urang Cikondang kacida ngutamakeun sopan santun, silihargaan, jeung sabilulungan. Katémbong pisan guyub jeung sabilulunganana téh dina mangsa ngalaksanakeun upacara adat séléh taun atawa upacara tanggal 15 Muharam. Kabéh masarakatna ubyag digawé luyu jeung karepna katut kaahlianana. Malah dina mangsa-mangsa éta mah urang luar Cikondang ogé loba anu milu kana kagiatan upacara, boh saméméhna boh dina prungna. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah.