Upacara Adat Kawin di Priangan Baheula

JABARNEWS | PURWAKARTA – Upacara adat kawin di Priangan baheula, aya anu béda jeung ayeuna. Upamana baé dina mapag pangantén lalaki. Baheula mah sok aya acara “Parebut Sééng”. Petana dua lalaki, hiji wawakil ti pihak lalaki, hiji deui wawakil ti pihak awéwé. Penca bari ngakod sééng. Tangtu wé dipirig ku kendang penca. Tuluy merebutkeun sééng bari metakeun jurus-jurus penca

Ayeuna mah geus euweuh acara “Parebut Sééng” téh. Mapag pangantén lalaki diganti ku Léngsér. Éta kaasup adat anyar, anu muncul kira-kira ahir taun 1960-an. Léngsér dibarengan ku satria nu mawa songsong kuning (payung konéng) diaping ku putri pangiring bari ngibing. Sakapeung mah lengkep jeung gulang-gulangna sagala bari mawa tumbak jeung taméng.

Ditéma ku acara “Sérén Tampi”, nya éta nyérénkeun calon pangantén lalaki katut babawaanana, ditampa ku kulawarga calon pangantén awéwé. Réngsé éta kakara walimahan.Sabada walimahan upacara adat dimimitian deui ku “Sungkem”. Pangantén sungkem ka kolot-kolotna, boh kolot awéwé boh kolot lalaki.

Baca Juga:  Ke Purwakarta, Ridwan Kamil Pastikan Operasi Pasar Minyak Goreng Tepat Sasaran

Ti dinya diteruskeun kana “Sawér”. Biasana dilaksanakeun di luar, di lebah panyawéran. Pangantén nyanghareup kana lawang panto, ari nu nyawér nyanghareup ka buruan. Pangantén diuk dina korsi bari dipayungan, malah sakapeung mah aya nu dikipasan sagala.

Ngong anu nyawér téh ngahaleuangkeun sawér pangantén. Di satengahing ngahaleuangna, lung-lung wé atuh anu nyawér téh ngalung-ngalungkeun béas, duit, jeung konéng meunang nyiksikan. Sakapeung mah sok aya anu ditambahan ku és bonbon deuih.

Réngsé sawér ditéma ku “Meuleum Harupat”. Pangantén awéwé dibéré harupat tujuh teukteuk, ari pangantén lalaki dibéré damar anu tujuh simsimna. Pangantén awéwé jeung pangantén lalaki pahareup-hareup, harupat téh dibeuleum nepi ka béak.

Ti dinya diteruskeun kana acara “Nincak aEndog”. Pangantén awéwé dibéré kendi dieusi ciatah. Ari pangantén lalaki dititah nincak endog anu ditunda dina coét. Endog jeung coét téh kudu peupeus sakali nincak. Suku urut nincak endog jeung coét téh dikumbah ku pangantén awéwé ku cai tina kendi téa. Ari kendina, dibantingkeun nepi ka peupeusna.

Baca Juga:  Kasus Perpeloncoan Pramuka di SMA Negeri 1 Ciamis, Uu Ruzhanul Ulum Turun Tangan

Réngsé acara “Nincak Endog” pangantén téh patuyun-tuyun rék arasup ka jero imah. Dina lawang panto geus disadiakeun pakara, nya éta pakakas paranti ninun sapuratina. Éta pakara téh diléngkahan ku pangantén. Sanggeus nepi ka tepas, pangantén awéwé asup ka jero imah, ari pangantén lalaki mah tetep baé di dinya.

Acara diteruskeun kana “Buka Pintu”. Pangantén lalaki nangtung hareupeun panto ka jero imah. Tapi sakapeung mah acara “Buka Pintu” téh dilaksanakeun saméméh pangantén lalaki asup ka jero imah, jadi masih kénéh dina golodog. Acarana mah angger sanggeus “Nincak Endog”, ngan saméméh ngaléngkahan pakara téa.

Acara “Buka Pintu” téh minangka nalékna pangantén awéwé ka pangantén lalaki. Jadi mangrupa tanya-jawab, silitémpas antara pangantén awéwé jeung pangantén lalaki. Pangantén awéwé disuluran ku nu alus tembangna, kitu deui jeung pangantén lalaki, sabab dina “Buka Pintu” mah umumna ditembangkeun.

Baca Juga:  Ratusan Warga Akan Bertahan di Balekota Jika Keinginan Mereka Belum Dipenuhi

Réngsé tanya-jawab, pangantén lalaki ngetrok panto bari maca sahadat sakalimah, sakalimah deui dibaca ku pangantén awéwé. Kakara panto téh dibuka.

Pangantén téh terus wé didiukkeun dina pajangan, nya éta korsi pangantén anu meunang mapaésan diéndah-éndah, nyanghareupan rupa-rupa kaolahan. Ti dinya pangantén dibéré bakakak, terus pabetot-betot bakakak. Saha anu meunang bagian panggedéna, ceuk kolot mah, cicirén anu bakal meunang rijki panglobana.

Réngsé éta ditéma ku silihuapan anu disebut “Huap-Lingkung” téa. Pangantén lalaki jeung pangantén awéwé silihuapan bari kawas nu pakaléng-kaléng. Nepi ka dua-tilu kali huap.

Upacara dipungkas ku wejangan ka pangantén jeung do’a. Pangantén dibawa ka tempat anu geus disayagikeun pikeun narima pangwilujeng ti kadang warga jeung paraondangan. Anu mampuh mah sok diteruskeun kana hajat kawin, ngayakeun tatanggapan rupa-rupa pintonan. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah.