Kaulinan Barudak Lalaki: Papanggalan atawa Ngadu Panggal

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Papanggalan atawa ngadu panggal mah kaulinan atawa karesep budak lalaki anu umurna rata-rata 6 nepi ka 15 taun. Waktu ulinna ti beurang atawa pasosoré. Panggalna dijieun tina kai anu tareuas, saperti jambu batu, jambu aér, nangka, jeruk bali, jeruk garut, jeung galinggem. Supaya babari tuhur atawa garing sarta lamun panggalna keur muih bisa disada, ngahiung.

Panggalna teu béda ti jambu batu, endog meri, atawa siki jambé. Dirautan dilemes-lemes ku hampelas. Sawaréh mah sok aya nu dibubut sagala rupa, mani lemes tur leucir balas ku dikosokan jeung diusapan. Disebutna panggal aseupan.

Dina palebah bujurna atawa buntutna dipaku meunang motong pepentulna supaya dempes. Aya ogé sawatara panggal nu pakuna siga kampak. Sina gepéng jeung seukeut kawas kampak. Ambéh dimana ditinggangkeun kana panggal nu batur bisa bocék atawa nepi ka beulah.

Baca Juga:  Sambil Baksos, Polisi di Purwakarta Sosialisasi 3M Patuhi Prokes

Cara muihkeun panggalna, panggal téh dibeulitan ku tali rara atawa lamak ti mimiti tungtung paku dina bujurna nepi ka lebah awakna rada kabulen kabéh. Tungtung rara téa ditalikeun sina menyendul geusan pamageuh, heug dicapit ku sela-sela jariji jeung cinggir. Hulu panggalna dicekel ku indung leungeun, ari lebah pakuna ditahan ku curuk anu katuhu.

Tuluy dialungkeun rada dibeubeutkeun ka hareup kira-kira dua léngkaheun bari rada dicentok atawa dikenyedkeun. Panggal téh muih ari rarana ngarumbay tina leungeun. Lamun pareng panggalna teu muih disebutna lasut atawa paéh.

Baca Juga:  Terobosan Atasi Banjir, Situ Kamojang Ditata Ulang

Lamun panggal nu keur muih téh dieurad tuluy rada diapungkeun, prak disanggap atawa ditampan, éta disebutna diunda.

Mimitina barudak nyieun kalang dina taneuh, biasana di buruan anu rada lega atawa di lapang. Di jero kalang panggal téh ditareundeunna. Digundukkeun ku sing saha anu rék ngadu (maén) panggal.

Breng panggalna diparuihkeun dina jero kalang téa, bareng. Anu pangheulana paéh jadi kutik, anu kadua paéh jadi mandor kutik. Ari anu panglilana jadi raja, ditéma ku patih, terus mantri.

Saterusna kutik kudu pangheulana muihkeun panggalna. Ditimpah ku nu séjén, saluyu jeung pangkatna. Anu pangpandeurina nimpah nya éta nu jadi raja. Mun anu narimpuganana teu maruih, kapaksa digundukkeun dina jero kalang, sina ngagalolér. Ditimpah ku raja.

Baca Juga:  Cianjur Termasuk Penduduk Miskin Ekstrem Tertinggi di Jabar, Herman Suherman Sebut Karena Ini

Dina jirangan saterusna, anu jadi kutik téh anu tadi pangheulana panggalna teu muih. Lamun téa mah panggal raja teu muih, nya manéhna turun pangkat jadi kutik. Terus baé diangon.

Ari diangon téh nya éta panggal raja dihantem padaninggangan sina kaluar tina jero kalang. Panggal nu ningganganana ulah nepi ka teu muih atawa paéh. Supaya nu diangonna anteng, rada lila. Lamun aya nu teu muih, éta nu kapaksa ngaganti jadi kutikna. Ngaganti nu keur diangon. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah.