Carita Rayat Ciamis: Sasakala Rawa Lakbok

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Jaman baheula, aya hiji nagara. Ngaranna Nagara Banjar Pataruman. Ari anu jadi rajana Prabu Tambakbaya. Boga anak dua, lalaki wungkul. Éta dua budak téh pasipatanana patojaiyah pisan. Lanceukna kacida barangasanana jeung sugal. Ka kolot ogé nepi ka kanjat ngalawan atuh. Ari adina mah sabalikna. Pasipatanana lemah lembut jeung hadé haté. Anu matak pantes upama dipikanyaah jeung dipikadeudeuh ku bapana téh.

Dina hiji waktu, Kangjeng Prabu boga maksud pikeun marén tina kalungguhanana, rék terus ngabagawan, sakumaha ilaharna raja alam harita. Tapi Kangjeng Prabu ngarasa bingung. Kudu ka saha dipasrahkeunana tahta kaprabon téh?

Upama dipasrahkeun ka anakna nu panggedéna, geus kabayang moal pibéréseunana. Apan sakitu barangasanana, sugal, katambah jeung sarakah deuih. Upama dipasrahkeun ka anakna nu pangleutikna, tada teuing ambekna anakna nu panggedéna. Temahna matak cilaka ka anakna nu kadua, anu kacida dipikanyaah jeung dipikadeudeuhna. Antukna Kangjeng Prabu nyokot hiji kaputusan, anu ceuk pangrasana mah adil. Karajaan téh rék dibagi dua.

Baca Juga:  Keren, Pasukan Khusus Denjaka Terjun Payung di Cirebon

Gancangna carita, karajaan téh dibagi dua. Anak Kangjeng Prabu Tambakbaya kabagéan sabeulah sewang. Geus kitu mah, Kangjeng Prabu ninggalkeun karaton, ngabagawan ngadon tatapa di tempat anu suni.

Saditinggalkeunana ku Kangjeng Prabu, adi lanceuk téh lain alakur. Kalah der paraséa. Anu jadi lantaranana mah, nu jadi lanceuk hayang ngahak sakabéh nagara. Ari adina keukeuh mageuhan wasiat nu jadi kolot. Der waé atuh garelut. Lantaran duanana sarua saktina, euweuh nu éléh euweuh nu meunang. Beurang peuting gelut taya reureuhna. Ceuk paribasana mah pasurung-surung di Citanduy, silihdupak di Kokoplak, rundag-randeg di Randegan.

Baca Juga:  Antisipasi Kejahatan, Polisi di Cianjur Sasar Beberapa Kampung

Nu jadi kolot, Kangjeng Prabu, waspada permana tingal. Apal kana kajadian teu rapihna nu jadi anak. Terus baé maréntah Patih pikeun nyapih nu keur galungan.

Ditéangan ku Patih, kapanggih di Cikulak. Ngan keukeuh éta dua budak téh teu bisa disapih deui. Gelutna geus papuket saperti puyuh, hésé pisan dipisahkeunana.

Mireng warti ti Patih kitu, Kangjeng Prabu kacida hanjeluna. “Oh, meureun ayeuna mah geus teu bisa dioméan deui. Geus nepi kana ugana, ieu nagara téh kudu musna,” ceuk gerentes haténa.

Kangjeng Prabu mujasmedi. Éta nagara disupata jadi leuweung ganggong simagonggong. Rahayatna jadi rupa-rupa sasatoan pangeusi leuweung. Ari anakna anu paraséa téa, duanana jaradi monyét.

Sanggeus saladar yén maranéhna geus jaradi monyét, kakara pukah. Éta monyét-monyét téh nyampeurkeun ka bapana, anu keur tapi di Pasir Kokoplak. Ngan hanjakal, bapana geus euweuh di dinya. Geus ngahiyang.

Baca Juga:  Herman Suherman Harap Trotoar di Jalan Siliwangi Cianjur Jadi Icon Kreasi Ruang Publik

Teu lila aya sora tanpa wujud, sora Kangjeng Prabu, “Hidep anak Ama duanana, ayeuna geus nepi kana ugana, hidep kudu saladar, kudu caricing di dieu. Teruskeun tapak lacak Ama, mujasmédi meuseuh diri. Ulah incah balilahan deui.”

Kiwari tempat tapana téh cenah batu lémpar di Pasir Kokoplak. Ari nagara patilasan Prabu Tambakbaya, jadi leuweung gerot sarta rawa anu kacida jerona.

Jaman penjajahan Walanda éta rawa téh sok dipaké panyumputan. Lian ti aman téh, daérahna suni deuih. Merenah upama dipaké nyumput téh. Demi ngaran tempatna nepi ka kiwari katelah Rawa Lakbok. Kaasup ka Kacamatan Lakbok, Kabupatén Ciamis. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.