aqua

Adat Nyunatan Baheula Sok Dibarengan ku Béla

Budak sunatan di Sumedang kiwari tumpak kuda renggong. (Foto: Antara)

Isukna pasusubuh budak téh dimandian, ngarah baal, henteu nyeri teuing waktu dikeureut ku paraji sunat. Réngsé dimandian budak téh didangdanan, make pakéan budak sunatan. Baju takwa sasetél jeung calanana, bahanna tina satén biasana mah.

Dina kerahna, tungtung leungeun jeung tungtung calanana dipapaésan ku karpatu atawa biku-biku. Maké kopéah buludru hideung, sarua deuih meunang mapaésan cara papakéanana. Engké lamun geus datang paraji sunat, calanana diganti ku sarung.

Baca Juga:

HUT Majalengka ke-529 Tahun, Diadakan Karnaval Budaya Legenda Nyi Rambut Kasih

Wujudkan Majalengka Kratif dan Inovatif Melalui "Gema Macaku"



Datang paraji sunat, bengkong disebutna téh, regeyeng budak téh dipangku ku kolotna atawa wawakil kolotna. Sina ngadangkak nyanghareup ka wétan. Sirah budak dirungkupan ku sarung anu dipakéna, sangkan teu nénjoeun péso bengkong, bisi geumpeur.

Breng anu nyaraksian téh maca salawat. Bengkong ngasupkeun babango kana pupucus rarangan budak, sangkan leuwih ka jero disurungkeun ku capit. Simpreng baé pupucus rarangan téh dikeureut, bareng jeung raména anu nyebut, “Kasép! Kasép!” Cét baé anu meuncit béla.

Béla téh nya éta anu dipeuncitna bareng jeung bretna disunatan. Umumna mah hayam jago, sanajan sato lian ogé bisa dipaké béla. Ngan saratna kudu ingon-ingon anu dipikameumeut ku nu disunatan atawa kolotna.
Halaman selanjutnya 1 2 3
Tags : Adat Nyunatan Bela Budaya Bahasa Sunda Berita Terkini Jabarnews Berita Jawa Barat Berita Lokal Berita Hiperlokal

berita terkait

Simbol Kota Angin Dibumikan Dalam Festival 100 Kolecer

Persib

Berita Populer

Berita Terkini

Mang Jabar

jabarnews tv

tag populer

unduh aplikasi