Caturangga Kuda Nurutkeun Paririmbon Dalem Bandung

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Nurutkeun kapercayaan urang Sunda, salian ti ajian-ajian, jampé-jampé jeung pamaké téh; réa deui anu baroga kasiat. Disangka sarta dipercaya gedé mawatna, réa perbawana ka nu miara atawa nu miboga, saperti: batu ali, iteuk, tatangkalan, dangdaunan, pakarang, jeung sasatoan.

Dalah jelema ogé dipercaya yén aya perbawana. Aya watekna nurutkeun kana wanda, adeganana, jeung ciri-ciri anu aya dina dirina.

Éta kapercayaan kitu téh ditambahan sarta dikandelan ku titinggal Hindu. Aya kecap basa Kawi anu geus jadi kacapangan kolot-kolot urang, unina: siti, paksi, curiga, turangga, Ian wanita.

Siti, hartina: tanah; pakarangan. Paksi hartina: manuk, babakuna anu dipimaksud di dieu manuk titiran. Curiga, hartina pakarang; babakuna pakarang anu pamoran kayaning keris, tumbak, gobang. Turangga, hartina: tutunggangan, nya éta kuda. Wanita, hartina: istri, awéwé.

Tah, ieu anu lima rupa, anu jadi babaku kapercayaan dianggap gedé perbawana atawa rajeun gedé mamalana ka nu miara.

Ku sabab aya éta kapercayaan anu pageuh pisan ayana dina rasa, kolot-kolot mah tara gagabah miboga éta barang anu lima rupa téh. Upamanae baé kuda, kudu diilikan heula kukulinciranana jeung ciri wancina nu lian, disebutna caturangga.

Nurutkeun élmu basa, caturangga kuda téh kaasup kana pakeman basa.

Ieu di handap dituliskeun caturangga kuda, anu hadé anu goréng, beunang nyalin tina Paririmbon Dalem Bandung, R.A.A. Wira Nata Kusumah.

1. RAJAWANA, kuda anu aya kukulinciran tilu dina huluna, perbawana pureut (bangénan) kana dipaké moro, alus jadi tutunggangan priyayi (tutunggangan ratu).

2. NILAKUNTI, kuda anu kukulinciran saluhureun biwirna, alus matak unggul perang, tutunggangan perjurit.

3. MADUGUNTUR, kuda daragem cidét matana sok pépéléyéan, hadé pisan perbawana, pantes jadi titihan ratu (bupati).

4. SURYAKUNTA, kuda bulu beureum, ari panonna semu biru, digjaya perbawana, unggul lamun dibawa jurit, nyaho diapesna musuh.

5. WISNUMURTI, kuda dawuk-ruyung, ari matana semu héjo duanana, éta sami baé saéna sareng SuryaKunta.

6. DURGAREMENG, kuda hideung mulus teu aya matina duanana (mati, nya éta kukulinciran anu deukeut ceuli, biasana dua ramo tukangeun ceuli), gedé pisan mawatna, beunang dipaké tumbal nagara, panulak bahla matak suwung musuh. Anu miara tangtu pinanggih kabungahan salawasna; parek rejeki jauh balai.

Baca Juga:  Polres Cianjur Launching Polisi RW, Ini Tugas dan Tujuannya

7. DURGAJAYA, kuda dawuk aya kukulinciranana opat dina sirahna, hadé pisan perbawana matak unggul dina perang, dipikasérab ku nu lain.

8. SERI PADATI, kuda daragem héjo talapokna, hadé pisan matak kaseundeuhan ku rejeki, ka anu boga matak beunghar.

9. WULAN MUNJAR, kuda kembang durén (méh gambir, gambir ngora), kukulinciran dina bobokongna kénca katuhu, éta kacida hadéna, watekna kana papadang ati, anu boga moal pinanggih kasusah, matak pinter.

10. MÉGATURA, kuda hideung meles, bodas buntutna jeung ceulina, kacida pisan aluspa, junun kana bisa ngélmu, pantes jadi titi¬han priyayi atawa ulama.

11. TUNGGUL MÉGA, kuda bodas, ari buntutna jeung gogombak (jojompongna) hideung, watekna kana mujur dina sagala laku dibawa perang tangtu meunang, pantes jadi tutunggangan ratu.

12. TARAJU EMAS, kuda anu tilu kukulinciranana dina sirah, dua handapeun panon hiji luhureunana: kuda tuhu satia ka dunungan, kacida alusna, matak katurut sagala laku, kaseundeuhan ku raja-barana, dipikaasih ku sagala jelema.

13. JAGA MUSUH, kuda anu aya opat kukulinciranana dina sirah, hadé perbawana matak ngajauhkeun pancabaya; moal éléh lamun dibawa perang.

14. RAKSAJAGA, kuda anu lima kukulinciranana dina sirahna, kacida alusna, perbawana kana kaharjaan nagara, pantes jadi ingon-ingon raja.

15. GEDONG MINEB, kuda anu kukulinciranana opat deukeut matana (dina paririmbon Rd. Puradireja mah Gedong Mineb téh, anu kukulinciranana handapeun mata), alus pisan watekna mawa rikrik mawa gemi ka nu miara, matat beunghar réa rejeki datang, teu réa miceunna.

16. SUNGGUR WACANA, kuda anu kukulinciran dina uang-uangna, perbawana kana matak meunang padu (nurutkeun paririmbon Rd. Puradireja, disebutna “Kemil”, watekna goréng, matak lésang kuras).

17. SATRIA PINAYUNGAN (SATRIA KINAYUNGAN), kuda anu kukulinciranana dina bobokongna beulah kénca, kacida alusna, gedé perbawana kana darajat, téréh naék pangkat, jadi pangauban ratu, pantes dipiara ku priyayi, tutunggangan ratu.

18. NAGA LANANG, kuda anu kukulinciran dina kakawetna, kacida alusna ka nu sok ngawayuh, matak ngarapihkeun maru, perbawana kana ngajak nyandung, turug-turug kalulutan ku istri.

19. SUKU PANGGUNG, kuda anu aya kukulinciranana opat dina sukuna, kacida alusna matak suwung musuh, pinanggih karahayuan, pantes jadi tutunggangan para pangagung.

20. PANAMBANG NGARSA, kuda anu kukulinciran dina suku tukang beulah kénca, alus pisan matak jaya ka nu boga, diajénan ku sasama.

Baca Juga:  Lokasi SIM Keliling Purwakarta Hari Ini Rabu 5 Oktober 2022

21. BENDANA NUTUTI, kuda anu aya kukulinciranana dina suku hareup beulah kénca, sarua alusna jeung Panambang Ngarsa.

22. PANGGUNG LUNGGUH, kuda anu aya kukulinciran dina suku opatanana, kacida alusna (lamun dipiara ku nu nyekel pangkat, matak dipikahéman ku saréréa.

23. MANGUN TAPA, kuda sopal sukuna tukang beulah kénca, nungtun kana karahayuan, kacida hadéna perbawana ka nu miara.

24. SUNIATAKA, kuda anu matina ngan sabeulah (hiji), kacida goréngna, matak cilaka, lamun di¬hawa perang tangtu nu tunggang kasabut musuh (dina paririmbon Rd. Puradireja disebutna Sulintaka).

25. SATRIA SURENG, kuda anu matina anu sabeulah tuna (tukang teuing atawa handap teuing), éta ogé kacida goréngna, lamun dipiara ku pangkat matak dipocot, tur mawa surud rejeki, réa pitenah.

26. DANGDANG ARING; kuda anu kukulinciranana ngan sahiji tur tuna, kacida goréngna sagala tara jadi, komo ka nu nyekel pangkat mah.

27. BENGENG TUNA, kuda anu kukulinciranana tengah-tengah susurina, kacida goréngna, matak cilaka mawa apes, ka nu jeneng matak dilepas.

28. SATRIA KAPANGGUL, kuda anu aya kukulinciran dua dina sirahna, goréng watekna réa musuh, dipikangéwa ku dunungan.

29. TADAH LUAH, kuda anu aya kukulinciran dua deukeut panonna, kacida goréngna, mawa cilaka, matak susah saanak baraya.

30. DURGA NGERIK, kuda anu aya takulinciran dina létahna, kacida goréngna matak apes, diunghak ku bojo, ngadeukeutkeun pacogrégan jeung tatangga.

31. KALAMISANI, kuda anu aya kukulinciran dina kélékna beulah kénca, kacida goréngna nungtun bahla, matak cilaka gedé, nu sok tepi ka nemahan pati.

32. DANGDANG KIRAB, kuda anu aya kukulinciran dina gigir beuheungna, kacida goréngna, lamun dibawa perang tangtu nu tumpak dipeuncit ku musuh, nu bogana mindeng kapapaténan.

33. UTAH ATI, kuda anu kukulinciran dina hulu angenna (deukeut dada), kacida goréngna, matak apes mawa cilaka gedé.

34. TUNGGANG TOYA, kuda anu aya kukulinciran dina sahandapeun beuheung (puhu beuheungna ti handap), kacida goréngna hayang nyilakakeun baé ka nu numpakan, nungtun bahla ka nu boga.

35. KALABANG KAPIPIT, kuda anu aya kukulinciran di gigirna, éta kacida goréngna, matak tumpur ludes, anu boga cilaka gedé, mindeng kapapaténan.

Baca Juga:  Realisasi Investasi di Purwakarta Capai Rp8,9 Triliun, Ini Kata Bupati Anne

36. SUJÉN TERUS, kuda anu aya kukulinciran dina kekemplonganana, kacida goréngna, matak cilaka ku musuh, mawa sial teu kendat kasusah, réa pitenah.

37. KALACETIK, kuda anu aya kukulinciran dina tétépokanana, kacida goréngna nungtun rajawisuna. mindeng aya nu mitenahkeun, réa anu nereka goréng.

38. SURÉNG BAYA, kuda anu aya ku kulinciran dina bobokongna beulah katuhu, teu hadé dipiara, watekna sok mawa cilaka ka nu boga.

39. BUNTEL MAYIT, kuda anu buntutna ngabundel (muntel bulubuntutna), kacida goréngna, lamun dipaké perang tangtu anu tumpakna pinanggih ajal, perbawana anu miarana téréh maot.

40. KALACACING, kuda anu aya kukulinciran dina bujurna, éta kacida goréngna, perbawana kana mindeng manggih wirang.

41. KALACUWET, kuda anu aya kukulinciran dina kakawetna, éta kacida goréngna, perbawana kana mawa cilaka, matak apes.

42. KALA ANJINGLAKI, kuda anu kukulinciran dina saluhureun cécékolanana, kacida goréngna, mawa cilaka ka nu boga lamun ditumpakan hayang ngaragragkeun baé.

43. SUNIATAKA ASOR, kuda anu sanglir, watekna panas, matak runtag salelembur, mawa sial ka tatangga.

44. BUAYA NGANGSAR, kuda anu kukulinciran dina beuteungna, kurang hadé, lantaran teu kaop dibawa meuntas sok tuluy depa dina cai.

45. KALAKEPIPIT, kuda anu aya ku kulinciran dina embun-embunanana, watekna goréng kacida, matak cilaka ka nu boga, lamun ditumpakan tangtu nyilakakeun, tampolana tepi ka matak maot.

46. TUJAH BUMI, kuda anu aya kukulinciran dina suku hareup duanana, éta goréng pisan perbawana, teu beunang dipaké kumawula sok jadi musuh ratu.

47. BENDANA KATUTAN, kuda anu aya kukulinciran dina suku hareup beulah katuhu, kacida goréngna, perbawana matak kabandang ku musuh, kana rejeki matak lésang kuras.

48. BENDANA RIMBAK, kuda anu aya kukulinciran dina suku tukang beulah katuhu; matak nungtun panyakit, anu bogana sok mindeng gering anu matak jadi halangan.

49. SANDUNG BAYA, kuda sopal suku hareup duanana, kacida goréngna mawa cilaka, komo ka nu nyekel pangkat mah, matak kabendon.

50. SAMPAR BANGKÉ, kuda sopal suku hareup beulah katuhu, éta ogé goréng watekna, matak réa anu paraéh. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.