Carita Rayat Pangandaran: Nyi Roro Kidul

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Ti praméswari, Prabu Munding Wangi kagungan putra istri kacida geulisna, jenenganana Déwi Kadita. Ku geulis-geulisna dugi ka padanyebat Déwi Srangéngé. Pangna dilandi Déwi Srangéngé, lantaran rarayna cahayaan, kawas panonpoé mimiti bijil.

Teu kantos lami, Kangjen Raja kagungan deui putra pameget, namung nu ieu mah ti selir jenengan Déwi Mutiara.

Teu disebatkeun saha jenengan putra pameget Kangjeng Raja. Ngan baé Déwi Mutiara ngarasa yakin, sanajan anakna lalaki, salila aya kénéh Déwi Srangéngé jeung praméswari, pamohalan anakna bisa jadi raja.

Ku kituna euweuh deui jalan, lian ti duaanana kudu disingkirkeun ti karajaan. Ngan kudu kumaha carana?

Kabeneran aya nu ngabéjaan, di tutugan Gunung Parahu, aya hiji awéwé tukang tenung sakti, ngaranna Nini Jahil.

Ngadéngé éta béja, gancang ku Déwi Mutiara disina datang. Barang tepung pok nyaritakeun niatna, nya éta hayang nyingkirkeun Déwi Srangéngé katut praméswari.

Nini Jahil nyanggupan. Maksud manéhna, anak jeung indungna, rék ditenung supaya beungeutna ruksak. Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah, pasti ku Kangjeng Raja diusir, lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.

Kacaritakeun dina hiji peuting, waktuna pangeusi karaton sararé tibra, Nini Jahil asup ka jero karaton. Dasar tukang tenung sakti, euweuh saurang ogé anu nyahoeun. Paraponggawa nu ngajaraga kabéh sararéna kawas bangké, gara-gara élmu sirep Nini Jahil.

Sup manéhna ka pangkuleman praméswari, sarta terus ngaluarkeun élmu tenungna. Ku matih-matihna élmu tenung Nini Jahil, harita kénéh pameunteu praméswati pinuh ku bisul. Teu kaop katoél saeutik, langsung kaluar getih campur nanah, bauna kaambeu hanyir.

Baca Juga:  Warga Purwakarta Waspadai Banyaknya Penipuan Lowongan Kerja, Begini Macam Modusnya

Bérés praméswari, giliran Déwi Srangéngé. Ieu ogé sami sakedét nétra pisan, pameunteu anu sakitu geulisna, robah jadi goréng patut. Pinuh ku koréng, borok, jeung bisul laleutik. Sarua deuih teu kaop katoél meueusan, barijil nanah campur getih, bauna semu hangru.

Sanggeus narima buruhan, Nini Jahil buru-buru balik. Teu kungsi lila Déwi Srangéngé gugah, margi ngambeu babauan, sarta ahirna uninga, asalna tina pameunteu anjeunna.

Bakating ku reuwas, Déwi Srangéngé ampir-ampiran ngajerit. Ras émut ka ibuna, buru-buru digugahkeun. Naha atuh ari bréh téh, geuning sanasib jeung anjeunna. Pameunteuna sami ruksak, sarta ngaluarkeun babauan teu pararuguh.

Indung jeung anak antukna paungku-ungku, saméméh sasarengan angkat ngantunkeun karaton. Pangémut nu duaan, jang nanahaon aya di karaton, lantaran boga beungeut béda jeung batur. Tibatan diusir ku Kangjeng Raja, mending miheulaan kabur ti nagara.

Duaan apruk-aprukan henteu puguh nu dijugjug. Sakali mangsa jog ka hiji patapan. Bubuhan pandita sakti, pribumi langsung uninga, saha awéwé nu sarumping téh. Atuh teras ku anjeunna diangken, malah dianggap putra jeung putu.

Mung hanjakal Ki Pandita henteu tiasa ngalandongan panyawatna. Éta rupina pangna praméswari brek teu damang wales, tug dugi ka pupusna.

Ku margi terang saha nu boga dosana, Ki Pandita lajeng ngutus maung kembar, sina ngahukuman Nini Jahil. Duanana teu meunang balik, salila tukang tenung jahat aya kénéh dikieuna.

Baca Juga:  Hari Disabilitas Internasional, Begini Harapan PPDI Purwakarta

Teu kungsi lila di tutugan Gunung Parahu guyur, Nini Jahil kapanggih geus jadi bangké. Beungeut jeung awakna ruksak, kawas tapak kuku maung.

Dikantun pupus ku ibuna, Déwi Srangéngé teu kiat lami-lami aya di patapan. Wengi-wangi anjeunna rerencepan kabur.

Saleresna Ki Pandita sanés teu uninga, putu angkatna kabur ngantunkeun patapan. Namung, tibatan manah Déwi Srangéngé teras sedih, émut baé ka nu tos ngantunkeun, mending antep sina milari pangalaman. Saha nu terang bakal pinanggih jeung kabagjaan.

Caturkeun Déwi Srangéngé angkat henteu puguh nu dijugjug. Saban ngalangkungan leuweung, anjeunna ngarep-ngarep maot dihakan sato galak. Tapi, sakitu mindeng pasarandog, boro-boro aya nu daék ngahakan, kalah paheula-heula nyalingkir. Duka pédah teu tégaeun, nempo waruga nu sakitu ruksakna, duka teu kuat ngambeu bauna.

Lami-lami Déwi Srangéngé jog anjog ka sisi basisir kidul. Ku margi ngaraos bingung, ka mana kedah neraskeun laku, anjeunna lirén sakantenan niat ngareureuhkeun kacapé. Reup kulem tibra naker.

Sabot kulem sumping impénan, anjeunna ditepangan hiji aki-aki. Éta aki-aki pok sasauran, kieu cenah, “Deudeuh teuing incu Aki, nu geulis kedah ngalaman hirup sangsara. Ayeuna mah geura gugah, hég siram dina cai laut. Engké sagala rupana baris balik deui sabihari. Réngsé siram ulah ka mana-mana, margi bakal aya satria nu ngajak nikah.”

Tamat aki-aki sasauran, Déwi Srangéngé gugah. Luak-lieuk teu aya sasaha. Iwal aya laut nu kacida legana. Ombakna siga nu ngagupayan, sangkan anjeunna énggal-énggal siram.

Baca Juga:  Konsisten di Layanan Digital, bank bjb Jadi Indonesia Best Bank Awards 2022

Déwi Srangéngé gebrus ibak kokojayan. Cai laut asin téh karaosna asa seger. Anéhna unggal anjeunna ngusap raray, urut borok reujeung bisul, harita kénéh langsung beresih.

Kasauran aki-aki teu lepat, pameunteu nu geulis beresih deui. Sinarna moncorong kawas panonpoé kakara medal. Kantenan Déwi Srangéngé pohara bingahna. Anjeunna ampir-ampiran teu percanten kana kajadian nu sakitu matak anéhna.

Wareg siram kokojayan, lajeng ngeunteung kana beungeut cai, katingal rarayna ngagenclang hérang. Nurut kana kasauran aki-aki dina impénan, anjeunna henteu ka mana-mana deui. Damelna ngantos kasumpingan satria nu badé ngajak nikah téa.

Ngan naha atuh nu diantos-antosna teu daék sumping. Sadinten, dua dinten, Déwi Srangéngé tiasa kénéh nahan kasabaran. Saminggu, dua minggu, sasasih, dua sasih, Déwi Srangéngé séép kasabaranana.

Lami-lami timbul bendu, margi asa dibohongan. Tungtungna jleng luncat ka laut, maksad badé luluasan, milih neuleumkeun manéh ka laut. Sukur-sukur mun dihakan hiu raksasa. Tapi cai laut kalah nyalingkir. Nya kitu pangeusina, daratang ngabagéakeun. Tungtungna Déwi Srangéngé diangkat janten ratu, nelah Nyai Ratu Roro Kidul.

Sanaos kitu anjeunna tetep panasaran, palay tepangsareng satria nu dijangjikeun téa. Cai laut teras diubek, niat milarian satria. Éta sababna pangna laut kidul kasohor galedé ombakna. Lantaran hayoh waé diubek-ubek ku Nyi Roro Kidul.

(Diropéa tina Wawacan Nyi Roro Kidul anu sok dipintonkeun dina “Pesta Laut” di Basisir Pangandaran)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah