Kampung Mahmud Raket Patalina jeung Kamekaran Islam di Bandung

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kampung Mahmud téh kampung adat anu aya di sisi Walungan Citarum. Upama ditilik saliwatan mah méh taya bédana jeung kampung-kampung lianna. Kitu deui jeung kahirupan sapopoé masarakatna. Tapi saenyana mah éta kampung téh miboga sajarah anu raket patalina jeung kamekaran agama Islam di wewengkon Bandung.

Sacara administratif, Kampung Mahmud aya di RW 04 Désa Mekar Rahayu, Kacamatan Margaasih, Kabupatén Bandung. Bisa didongkang maké angkot jurusan Tegallega – Mahmud, ngaliwatan Cigondéwah.

Di dinya aya makam karamat anu disebut “Maqom Mahmud”. Makam anu ngadegkeun Kampung Mahmud nya éta Éyang Dalem Abdul Manaf, masih kénéh rundayan Sunan Gunung Jati (Syarif Hidayatullah) ti Cirebon.

Nurutkeun carita rayat di dinya, Éyang Dalem Abdul Manaf téh anu munggaran nyebarkeun agama Islam di wewengkon Bandung. Anjeunna kungsi nyaba ka Kampung Mahmud di Mekah.

Baca Juga:  34 Ruas Jalan di Jabar Siap Dilalui Pemudik, Ini Titik Rawan Longsor dan Kemacetan yang Harus Dihindari

Anjeunna nyandak taneuh sakeupeul anu diawurkeun kana ranca anu aya di sisi Walungan Citarum, sarta engkéna jadi Kampung Mahmud ayeuna. Éta patempatan dipilih lantaran tempatna mencil tur nyingkur. Cocog pikeun puseur perjoangan enggoning nyebarkeun agama Islam.

Dina nyebarkeun agama Islam, Éyang Dalem Abdul Manaf dibantuan ku dua urang muridna nya éta Éyang Agung Zainal Arif jeung Éyang Abdullah Gedug. Éyang Agung Zainal Arif masih kénéh rundayan Syéh Abdul Muhyi ti Pamijahan, Karangnunggal, Tasikmalaya. Ari Éyang Abdullah Gedug murid anu langsung diatik ku Éyang Dalem Abdul Manaf.

Baca Juga:  Fakta Robohnya Gedung SD di Karawang, Sudah Rusak Sejak 2020, Dianggarkan 2023

Upacara adat anu diayakeun di Kampung Mahmud raket patalina jeung agama Islam saperti Rajaban jeung Muludan. Salian ti éta ogé aya jarah babarengan anu biasana dilaksanakeun dina minggu kadua bulan Sawal. Sakumna masarakat Kampung Mahmud ngabring jarah ka makam Éyang Dalem Abdul Manaf.

Di Kampung Mahmud taya larangan poé pikeun jarah. Iraha baé ogé bisa jarah ka makam karamat anu aya di dinya. Ngan lolobana mah anu jarah téh dina poé Senén, Kemis, jeung Jumaah.

Baheula mah di Kampung Mahmud téh teu meunang aya imah témbok jeung nyieun sumur. Kudu imah panggung sarta teu dikacaan. Tapi kiwari mah geus loba imah anu maké témbok sarta geus loba anu baroga sumur sorangan deuih.

Baca Juga:  PLN UIP JBT Lanjutkan Pemberdayaan Perempuan di Kawasan Proyek PLTA Cisokan

Di Kampung Mahmud teu meunang ngingu embé jeung soang. Di Kampung Mahmud ogé teu meunang nanggap wayang sarta tatabeuhan anu maké goong saperti jaipongan.

Mémang taya aturan anu tinulis, ngan upama dirempak cenah sok aya matakna, saperti keuna ku panyakit, rumah tanggana baruntak, jadi malarat, jeung hal-hal anu teu hadé lianna.

Tatanggapan anu meunang ditabeuh téh ngan terebang. Terebang sok dipidangkeun dina upacara kaagamaan saperti Rajaban jeung Muludan. Waditrana saperti genjring, rupa-rupa ukuranana, diwuwuhan ku dogdog jeung kecrék. Tapi kiwari mah terebang ogé sok ditanggap di nu hajat saperti di nu nyunatan atawa ngawinkeun. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.