Nyawah di Priangan Baheula

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Dina usum mamaréng, tukang tani geus prak ngamimitian nyambut sawahna. Anu mimiti digarap pikeun pabinihan, tempatna milihan heula kotakan anu pangléndona.

Lamun sawahna teu pati lega mah tara kungsi sakotak pabinihan téh; anu matak sok dina babaladon baé anu deukeut kana sungapan (huluwotan) ngarah gampang ngocorkeun cai.

Paré pibiniheun téh dipilih heula bisi pacampur jeung ceré atawa ketan. Beunang milih kakara diirik atawa dikerok, dipuragkeun bangsalna tina geugeusan. Bangsal téh teu tuluy ditebarkeun (disebarkeun) baé, tapi kudu dikeueum heula.

Pabinihan téh diheuleurankeun sababaraha heuleur, tuluy diséség sarta rajeun diterapan bebegig pikeun nyingsieunan manuk.

Baca Juga:  Pasca Gempa, BNPB Kini Sibuk Mendata Rumah Rusak

Sanggeus salsé tebar, kakara mitembeyan macul, nya éta ngabaladah atawa ngawalajar. Ngarah riduh tanahna, sawah téh digoyor ku cai. Tina kotakan anu hiji kana kotakan anu hiji deui maké kokocoran, minangka palayangan mun dina balong mah.

Anu baroga munding ngagarap sawahna téh ku munding, diwuluku, tapi ari pacul mah teu tinggal najan ku munding ogé, da kudu aya nu ngajuruan, nya éta ngimeutan anu teu katepi ku singkal.

Lamun jujukutan anu katindihan ku tai singkal téa atawa pacul téa, ditaksir geus buruk, kakara dibalik. Lamun geus riduh pisan taneuhna tuluy dianglér atawa digaru, nya éta supaya taneuhna leyur pisan.

Baca Juga:  Kejari Ciamis Kenalkan SiPelem, Apa Itu?

Jujukutanana dilelep-lelepkeun supaya jadi gemuk bari dirarata sangkan kotakan téh rata kacaianana. Mareng jeung éta, galengan ditampingan.

Sawah angar sok didangkal digemuk, teu cara sawah anu léndo. Komo sawah tadah hujan atawa sawah guludug mah perlu naker digemuk téh. Biasana sawah anu meunang cai hirup paréna marontok carang anu keri, ngan hanjakal sok ayeuh.

Lamun binih geus umur 40 poé tuluy dibabutan, dibeungkeutan. Sanggeus diteukteukan pucukna kakara dialung-alungkeun ka tengah kotakan beunang nganglér téa dicarahcalkeun. Sakapeung mah anu babut téh sok dibarung baé ku tandur.

Baca Juga:  Tanggap Zona Merah, Kota Bandung Berlakukan Lagi PSBB Proporsional

Heuleut lima genep poé ti sanggeus ditandurkeun, paré téh lilir. Sok rajeun aya anu paéh, éta kudu geuwat diayuman.

Lamun geus gumunda kudu dirambét, dijambretan jujukutanana tuluy dilelep-lelepkeun ku suku, ambéh jadi gemuk. Dina ngarambét mindo kudu baé dibarung jeung nyacar galeng.

Tara lila deui ari beunang ngarambét mindo sok tuluy baé papak daun, nyiram, reuneuh, reuneuh beukah, celetu, kumisi, rampak, beuneur héjo, harayhay, konéng, jujumaahan, tuluy asak, nya kudu dipibuatan. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.