Nabeuh Angklung di Saung Angklung Mang Udjo

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Rék nyobaan nabeuh angklung? Teu kudu mangmang sanajan saméméhna can mikawanoh kana angklung ogé. Datang baé ka Saung Angklung Mang Udjo. Bari dituyun ku para seniman di dinya, harita kénéh bisa ngamaénkeun lagu “I Have a Dream” dina hiji konsér.

Tah, éta salasahiji daya tarik Saung Angklung Mang Udjo téh. Nu daratang ka dinya, henteu ngan saukur diuk lalajo pintonan, tapi ogé dilibetkeun langsung dina pagelaran.

Babarengan nabeuh angklung. Dituyun ku MC jeung seniman-seniman nu umurna antara 4 – 16 taun, suasana téh jadi hégar. Ratusan jelema anu daratang harita, ti mimiti barudak SD nepi ka wisatawan bulé, babarengan narabeuh angklung.

Saung Angklung Mang Udjo téh samodél imah atawa padepokan seni, anu perenahna di Jalan Padasuka 118 Bandung. Sanajan aya di sisi jalan, padepokan anu legana kurang leuwih dua héktar téh, aya di tengah pilemburan anu gegek.

Baca Juga:  Dihadapan Budayawan Sunda, Ridwan Kamil Sepakat Lestarikan Karya Pujangga

Bédana jeung imah nu séjén téh, di wewengkon padepokan mah loba rungkun awi, tangkal kalapa, jeung tatangkalan lianna. Hawana jadi karasa leuwih seger.

Saung Angklung Mang Udjo diadegkeun taun 1967, ku alpukahna seniman angklung Udjo Ngalagena suwargi. Salasahiji udaganana nyaéta ngamumulé jeung ngamekarkeun waditra tina awi.

Anu matak di dinya ogé aya béngkél tempat nyieun jeung neundeun angklung, anu rék diékspor ka Koréa, Jepang, Walanda, Perancis, jeung Amérika. Jadi salian ti lalajo pintonan jeung milu nabeuh angklung téh, urang ogé bisa nyaksian nu keur nyarieun angklung.

Baca Juga:  Jadwal Buka Puasa Hari Ini Untuk Kota Bandung

Unggal poé, saréngséna sakola, barudak lembur anu aya di sabudeureun padepokan dialajar nyanyi, tari, jeung nabeuh angklung. Soréna diajak mentas pikeun ngahibur anu daratang.

“Barudak anu ngiringan kana ieu pagelaran téh, yusawana antara tilu dugi ka 16 taun,” ceuk MC, anu tadina urut pamaén angklung.

Lain ngan saukur kasenian anu diajarkeunana téh. Ti leuleutik barudak geus diajar nyarita ku basa Inggris. Anu matak tong kagét, upama dina pintonan, aya budak anu wani nyarita di panggung, “My name is Rian. I am six years old ….” jeung saterusna.

Atuh salila mancén tugasna, MC teu éléh paséhatna ku penyiar televisi progama basa Inggris, dina waktu nerangkeun pintonan ka nu daratang. Kitu deui waktu nuyun cara-cara nabeuh angklung ka urang asing.

Baca Juga:  Mendagri Resmi Copot Dikdik sebagai Pj Wali Kota Cimahi

Mémang anu daratang ka Saung Angklung Mang Udjo téh, loba turis asingna. Tokoh-tokoh penting ti Malaysia, Filipina, Thailand, Walanda, Amérika, Jérman, jeung Perancis, jeung nagara séjénna kungsi ngadongdon ka dinya.

Pikeun nohonan pameredih sawatara pihak, loba seniman Saung Angklung Mang Udjo anu ngalanglang ka mancanagara, salian ti di Indonésia téh.

Lalajo pintonan kasenian Sunda di Saung Angklung Mang Udjo, henteu pikaboseneun. Aya pintonan wayang golék, arumba, jeung pésta rayat. Pangpangna mah dina ahir acara, urang bisa milu aub dina konsér angklung. Ngamaénkeun lagu-lagu anu keur populér, kaasup lagu Barat. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.