Sajarah jeung Mangpaat Asinan Bogor

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Asinan kaasup kadaharan anu geus aya ti Jaman Walanda mula. Komo kiwari mah geus loba anu bisa nyieun asinan tur aya di mana-mana. Anu dagangna ogé loba deuih. Tapi anu kakoncara mah, taya deui iwal ti asinan Bogor.

Malah loba anu nyebut, mun ka Bogor teu jajan asinan, sarua jeung ka Mekah teu ka Madinah. Anu matak wajar mun asinan jadi salasahiji kulinér anu diandelkeun pikeun ngiwat turis sangkan daék ngadongdon ka Bogor.

Mun nyaritakeun bab asinan di Bogor, tangtu henteu afdol mun teu nyabit-nyabit Gedung Dalam. Nya di dinya mimitina asinan dijual di Bogor téh. Taun 1970-an harita téh, warungna atawa tokona katelah Asinan Sedap Gedung Dalam.

Gedung Dalam téh diadegkeun ku Kapitan Tionghoa, Tan Goan Piauw, anu jadi pamingpin bangsa Tionghoa di Bogor (1825 – 1889). Maksudna pikeun nampung urang Tionghoa anu anyar datang ka Bogor. Lila ti lila Gedung Dalam jadi puseur kabudayaan Tionghoa di Kota Bogor.

Baca Juga:  Jelang Pilkada, Media Massa Deklarasikan Pers Netral dan Independen

Sabada warung atawa toko asinan di Gedung Dalam nanjung, loba baé anu dagang asinan téh. Komo ayeuna mah, teu sirikna di unggal juru dayeuh Bogor aya anu dagang asinan. Ti mimiti anu matuh, nepi ka nu ngider ditanggung.

Kiwari aya tilu rupa asinan anu dijual di Bogor. Nya éta asinan buah, asinan sayuran, sarta asinan campuran buah jeung sayuran. Aya piliheun gumantung kana seléra.

Anu jadi bukur asinan buah tangtuna ogé bungbuahan kayaning jambu aér, buah (manggah) ngora, gedang gumading, jambu aér, kadongdong, salak, balingbing, ganas, jeung bangkuang.

Baca Juga:  Anne Ratna Mustika Berharap Tak Hanya Manggis yang Tembus Pasar Luar Negeri

Taya aturan anu baku buah anu bisa dijieun asinan. Anu penting mah rasana wé, amis haseum. Teu béda ti keur rujakeun lebah dinyana mah.

Ari asinan sayuran anu jadi bukurna kayaning togé, engkol, bonténg, sawi asin, jeung wortel. Asinan campur mah, nya kari nyampurkeun buah jeung sayuran wé.

Bungbuna mah méh sarua. Béda sautak-saeutik. Upamana dina asinan sayur sok aya anu maké tahu jeung suuk. Bungbu pokona mah uyah, gula, asem, jeung cuka. Tangtuna ogé diémbohan ku cabé beureum jeung céngék pikeun ngaladaanana. Jeung kurupuk wé minangka adumanisna.

Asinan diwangun ku rupaning bungbuahan jeung sayuran, jelas hadé mangpaatna pikeun kaséhatan. Euyeub ku antimikroba jeung antioksidan.

Baca Juga:  Kecelakaan Tol Japek 3 Warga Asing Meningal

Antimikroba asalna tina cabé, céngék, jeung cuka. Ari antioksidan nyampak dina bungbuahan jeung sayuran pulas beureum.

Mangpaat antioksidan pikeun awak nya éta nyegah radikal bébas akibat polusi jeung radiasi tina sinar ultraviolét. Ari likopén bisa nyegah ostéoporosis, nurunkeun kolésterol, jeung nyegah kangker.

Dina bangkuang, upamana, aya zat fitoéstrogén, anu kasiatna matak seger kana awak jeung matak kuat kana tulang. Dina wortel nu aya dina asinan ngandung bétakarotén, anu penting nyegah radikal bébas, sabab mampuh nyetabilkeun radikal karbon.

Pokona mah bungbuahan jeung sayuran anu aya dina asinan, alus mangpaatna keur kaséhatan. Matak seger deuih. Komo mun didaharna tengah poé keur meujeuhna panas poé mah. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.