Palasipah Suten: Di Dunya Mah Euweuh nu Jago

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kolot ayeuna, budak baheula umumna kungsi ngalakukeun suten. Enya, pagawéan barudak. Biasana dilakukeun upama rék milampah kaulinan. Tangtu wé kaulinan barudak, nya, lain kaulinan kolot.

Aya anu nyebutkeun yén kecap suten téh asalna tina basa Walanda. Pédah wé loba istilah kaulinan barudak Sunda anu asalna tina basa Tuan van Dijk.

Upamana baé dina ngadu kaléci, loba istilahna anu asalna tina basa Walanda. Geura baé: setan, dut, gudir, épék, setik, blép, dur, sénter, jeung pal-palan. Iwal isitlah golotok, kokojo, centang, jeung muntah.

Kitu deui jeung ngaran kaulinanana, saperti sondah, slépdur, béklen, sapintrong, jeung simar.

Can kapaluruh naon ari hartina suten téh. Di daérah séjén suten disebut sut, suit, atawa pangsut.

Ari carana suten mah sarua. Nya éta ngadukeun ramo antara dua urang. Maksudna pikeun nangtukeun éléh jeung meunang. Dina kaulinan babaladan, upamana, sok aya basa: nu meunang balad si A, nu éléh balad si B.

Ari ramo anu digunakeunana aya tilu nya éta jempol, curuk, jeung cinggir.

Éta kabéh simbol tina mahluk hirup. Jempol simbol tina gajah, curuk simbol jelema, jeung cinggir simbol sireum. Tiluanana bisa meunang,bisa éléh. Euweuh anu salilana meunang, jeung euweuh anu salilana éléh deuih.

Baca Juga:  Lagi! Terjadi Kekerasan Terhadap Pers

Jempol (gajah) bisa ngéléhkeun curuk (jelema), tapi bisa éléh ku cinggir (sireum). Curuk (jelema) bisa ngéléhkeun cinggir (sireum), tapi bisa éléh ku jempol (gajah). Cinggir (sireum) bisa ngéléhkeun jempol (gajah), tapi bisa éléh ku curuk (jelema).

Hartina euweuh anu salilana bisa meunang, pasti aya permatina. Ngébréhkeun palasipah: di dunya mah euweuh nu jago. Anu matak ulah jumawa jeung sombong.

Sireum éléh ku jelema, kaharti. Kitu deui jeung jelema éléh ku gajah. Tapi gajah éléh ku sireum? Éta anu mindeng jadi kapanasaran barudak téh. Sagedéna ogé sireum atuh, maenya bisa ngéléhkeun gajah?

Kawasna éta anu jadi inspirasi dongéng “Gajah Éléh ku Sireum” téh. Dongéng anu geus kakoncara.

Caritana aya gajah anu kacida sombongna, lantaran ngarasa awakna gedé, kuat, jeung gagah. Kabéh sato leuweung sarieuneun ku manéhna. Lamun leumpang teu maduli kana tincakeun, tara maliré kana mahluk anu aya di sabudeureunana.

Baca Juga:  Memakai Masker dengan Benar Langkah Antisipasi Covid-19

Antukna loba sato laleutik anu paraéh katincakan ku manéhna. Geus puguh sireum mah, da hésé nyingkah tina jajalaneun tincakeun si gajah. Diingetan mah diingetan, tapi si gajah ti batan nurut kalah ngahajakeun.

Raja Sireum ambek, terus baé ngumpulkeun sakabéh bangsa sireum anu aya di éta leuweung. Ti mimiti tataman, sireum hideung, sireum ateul, nepi ka kararanggé karumpul. Der baé ngayakeun gempungan.

Sakabéh bangsa sireum satuju, si gajah lain antep-antepeun. Kudu dilawan, ngan tangtu baé sakabéh bangsa sireum kudu ngahiji sarta ngagunakeun siasat anu jétu.

Sapuk baé saréréa. Di jajalaneun anu sok diliwatan ku si gajah, sireum-sireum téh nyieun lombang anu kacida gedéna. Kira-kira asup gajah wé. Tuluy éta lombang téh ditutupan ku dangdaunan. Jadi pitapak anu kacida gedéna.

Tah, waktu si gajah sombong téa ngaliwat ka dinya, Raja Sireum awong-awongan nangtang gelut. Bari kekecapanana kasar jeung garihal. Tangtu wé si gajah sombong téh kahudang amarahna.

Sebrut wé atuh si gajah téh narajang Raja Sireum. Tapi barang nepi ka lebah lombang téa, gajah tigebrus sarta teu bisa hanjat deui.

Baca Juga:  Ketua IMD: Dokumen Kekayaan Itu Asli dari Paduka Dony Pedro

Harita kénéh Raja Sireum nitah sakabéh sireum sangkan nyerang si gajah. Aya anu asup kana ceulina, ceuli gajah tangtuna gé. Aya anu asup kana panonna, bujurna, tulaléna, jeung sajabana.

Si gajah teu bisa mingé. Ukur bisa adug-adugan dina lombang. Nepi ka paéhna di dinya, lantaran sirahna bencar nubrukan sisi lombang.

Tina éta carita ogé aya pieunteungeun. Mahluk leutik ogé bisa ngéléhkeun mahluk anu leuwih gedé, asal ngahiji jeung kompak bari ngagunakeun siasat anu tepat.

Tétéla gajah sieun ku sireum téh lain saukur mitos atawa dongéng. Dr. Todd Palmer, Kapala Pusat Riset Mpala, Kenya jeung Universitas Florida (AS) nétélakeun, yén gajah sieuneun pisan upama sireum asup kana tulaléna, bagéan anu sénsitif dina awak gajah. Matak cenah, gajah mah sok lumpat sakalumpat-lampét upama papanggih jeung koloni sireum téh.

Anu matak ulah nganggap énténg kaulinan barudak jeung dongéng. Sok aya hal-hal anu nyamuni pikeun pieunteungan. “Bukaeun nu rancagé di haté”, ceuk juru pantun mah. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah