Rakitan Lantip anu Kahartina ku Pulang-Malum

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Urang mindeng ngadéngé anu ngomong kieu: “Lah, ieu téh seungit nu meuleum saté, jadi wé lapar.”

Ké heula. Anu seungit téh naon? Jelema anu keur meuleum saté atawa saté anu keur dibeuleum?

Lamun nurutkeun logika basa, kalimah di luhur téh eusina “seungit jelema anu keur meuleum saté”. Tapi, katangkep maksudna ku nu diajak nyarita mah (nu ngadéngékeun) ”seungit saté anu keur dibeuleum”.

Tah, ungkara basa anu kitu disebutna “rakitan lantip”, kaasup kana pakeman basa (idiom basa Sunda). Kahartina maksud éta ungkara (kalimah, omongan) lantaran aya pulang-malum antara nu nyarita jeung nu diajak nyarita.

Pulang-malum téh mun basa Indonésiana mah “saling memaklumi, saling pengertian”, dumasar kana kasaluyuan (konversi) anu boga basana. Mun basa Sunda, tangtu wé, kasaluyuan sakumna urang Sunda.

Baca Juga:  Bikin Geleng Kepala! Jual Via Facebook, Bocah SMP Jadi Bandar Ganja

Conto anu taya pulang-malum mah saperti dongéng Si Kabayan. Ari sababna lantaran Si Kabayan mah jalma saujratna, bener ceuk logika manéhna, henteu maliré kana kasaluyuan umum.

“Kabayan, pangeusiankeun bak! Bak saat, Ambu rék gégéroh!” ceuk indungna.

Si Kabayan nurut, tuluy wé asup kana bak. Ngaréngkol ngadon saré di dinya, da cenah ku indungna dititah ngeusian bak.

Atuh Si Kabayan téh ku indungna diambek, da maksud indungna mah lain kitu. Si Kabayan dititah ngeusian bak ku cai, lantaran bakna euweuh caian.

Anu leuwih parah mah waktu Si Kabayan dititah ku bapana. “Kabayan, pangaritkeun domba, euy, Abah arék ka pasar heula!”

Baca Juga:  Ridwan Kamil Sebut Dua Daerah Ini Jadi Episentrum Covid-19 di Jawa Barat

Teu talangké, Si Kabayan mawa arit. Tuluy baé domba bapana téh diarit nepi ka paéhna. Apan dititah ku bapana kudu ngarit domba.

Datang ti pasar, bapana ambek kacida, Si Kabayan dicarékan laklak dasar. Maksud bapana mah Si Kabayan dititah ngarit jukut keur parab domba.

Dina rakitan lantip mémang aya kecap dina kalimah anu dileungitkeun, nepi ka lamun dihartikan maké logika basa mah, bisa salah harti. Kahartina nya ku pulang-malum téa.

Conto séjénna:

“Jang, pangmiceunkeun tampolong!” Anu kudu dipiceun téh tampolongna atawa eusina? Lamun dipiceun tampolongna, Si Ujang pasti dicarékan bapana.

“Cing, Nyai, pangasurkeun seuneu méh sanguna téréh asak!” Anu kudu diasurkeun téh seuneuna atawa suluhna? Lamun seuneuna anu diasurkeun, tangtu panas. Iwal lamun Si Nyai tukang debus.

Baca Juga:  Nah Loh! Kedapatan Bawa Jimat Peserta Tes CPNS di Bandung Dipulangkan

“Jang, leutikan radio téh, gandéng!” Anu kudu dileutikan téh radiona atawa volume radiona? Mun radiona anu kudu dileutikan, piraku kudu dikadékan mah ku bedog. Maksudna mah anu dileutikan téh volumena.

“Sing tarik atuh ngomongna, Mang, teu kadéngé ku karéta api!” Teu kadéngé ku saha? Ku Si Alo atawa ku karéta api? Maenya karéta api bisa ngadéngé. Maksudna mah éta téh “teu kadéngé kasilep ku sora karéta api.”

Minangka contona mah sakitu baé. Saenyana kawilang loba rakitan lantip dina kahirupan basa Sunda sapopoé téh. Pék geura imeutan! (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah