Asal-usul jeung Papasingan Lalakon Carita Wayang

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Carita wayang nya éta carita anu ngalalakonkeun tokoh-tokoh wayang. Di Tatar Sunda carita wayang biasa dipintonkeun dina pagelaran wayang golék, nya éta wayang samodél bonéka anu dijieunna tina kai.

Wayang golék béda jeung wayang kulit di Jawa, anu dijieunna tina kulit sarta maké kelir (layar). Salian ti éta, carita wayang ogé sumebar sarta jadi inspirasi pikeun karya sastra séjén kayaning wawacan, novel, carita pondok, jeung sajak.

Dina wangun tinulis carita wayang kaasup kana karya sastra wangun lancaran (prosa). Anu jadi sumber caritana nya éta kitab Mahabarata karya Wiyasa jeung Ramayana karya Walmiki.

Duanana ogé karya sastra klasik nu asalna ti India. Mahabarata nyaritakeun perang sadulur antara Pandawa jeung Kurawa. Perang antara anu nyekel kaadilan nya éta Pandawa jeung anu murka nya éta Kurawa.

Ari Ramayana nyaritakeun perang antara Sri Rama jeung Rahwana anu ngiwat pamajikan Sri Rama nya éta Déwi Sinta. Dina carita Ramayana nu nyekel kaadilanana Sri Rama, ari anu murkana Prabu Rahwana atawa Dasamuka.

Baca Juga:  Minimalisir Kecelakaan Konstruksi, Syaikhu Dukungan Pendirian Sekolah Vokasi

Upama ku urang ditengetan, aya sawatara ciri carita wayang, di antarana:

Kahiji, carita wayang dumasar kana sumber carita anu geus jinek nya éta Mahabarata jeung Ramayana, anu mangrupa kitab suci umat Hindu. Asupna carita wayang ka urang mareng jeung asupna agama Hindu. Di urang kiwari, carita wayang geus loba kapangaruhan ku ajaran agama Islam jeung pangaruh budaya lokal.

Kadua, carita wayang, caritana bisa pondok, bisa ogé panjang seperti wawacan jeung novel.

Katilu, palaku dina carita wayang, biasana jelema atawa déwa anu mijalma.

Kaopat, carita wayang sumebarna, upamana baé di Tatar Sunda, ngaliwatan pagelaran wayang golék; dina wangun tinulis mangrupa wawacan, novel, carita pondok, atawa sajak. Dipetik mangrupa fragmén (bagian) tina Mahabarata jeung Ramayana.

Baca Juga:  Ema Sumarna Tanggapi Adanya Pungli Di Pemakaman Jenazah Covid-19

Kalima, eusi carita dina carita wayang di urang, sok kaselapan ku hal-hal anu pamohalan saperti anu aya dina dongéng, upamana baé aya jalma anu bisa ngapung jeung nurus bumi.

Lalakon Carita Wayang

Lalakon carita wayang bisa dipasing-pasing jadi: lalakon babon, lalakon carangan, jeung lalakon sempalan.

Lalakon Babon

Lalakon babon nya éta lalakon carita wayang anu nyokot sumberna langsung tina Mahabarata jeung Ramayana, dicokot bagian anu luyu jeung anu dilalakonkeunana. Contona: “Pandawa Adu Dadu”, “Balé Sigala-gala”, “Hanoman Obong”, jeung “Kumbakarna Palastra”.

Lalakon Carangan

Lalakon carangan nya éta lalakon carita wayang anu kaluar tina pakem carita Mahabarata jeung Ramayana. Tapi palakuna jeung tempat-tempatna ngagunakeun anu aya dina Mahabarata jeung Ramayana.

Cohagna mah ngan ukur nginjeum tokoh jeung settingna. Contona: “Pergiwa-Pergiwati”, “Jaladara Rabi”, “Jabang Tutuka”, “Brajamusti”, jeung “Alap-alap Ékawati”

Baca Juga:  Inilah Sejumlah Khasiat Jeruk Limau yang Perlu Diketahui

Lalakon Sempalan

Lalakon sempalan nya éta lalakon carita wayang anu euweuh dina Mahabarata jeung Ramayana, boh tokohna boh tempatna. Sanajan aya anu sarua, tapi ngan saukur nginjeum tokoh jeung tempat pikeun carita anu bener-bener anyar.

Sakapeung mah aya tokoh anyar, anu ngahaja diciptakeun pikeun ngalalakon dina éta carita. Contona: “Dawala Jadi Raja”, “Dasa Warna”, jeung “Sumur Si Jalatunda”.

Sanajan carita wayang téh babonna tina Mahabarata jeung Ramayana ti India, tapi teu saeutik tokoh dina carita wayang anu dicipta ku bujangga urang.

Upamana baé tokoh pawongan Semar, Cépot, Dawala, jeung Garéng. Dina carita babonna mah euweuh kabéh ogé, tapi kaasup tokoh anu dipikaresep ku bangsa urang. Matak loba lalakon carita wayang anu tokoh utamana keluarga Lurah Semar Badranaya ti Karang Tumaritis. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah