Pranata Mangsa, Tatali Paranti Tukang Tani

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Anu disebut pranata mangsa nya éta péréléan ngaran usum-usuman dina jero sataun. Sanajan ayeuna usum téh geus hésé ditebakna, tapi ku tukang tani anu tukuh kana tatali paranti mah, masih kénéh diparaké.

Taya salahna lamun urang ogé nyaho kana pranata mangsa. Geura titénan ieu di handap:

Kasa (= kahiji), ti tanggal 22/23 Juni – 2/3 Agustus. Mangsana: dangdaunan maruragan; usum mimiti melak palawija.

Karo (= kadua), ti tanggal 2/3 Agustus – 25/26 Agustus. Mangsana: hawa panas; usum randu pucukan, melak palawija kadua.

Katelu/Katiga (= katilu), ti tanggal 25/26 Agustus – 18/19 Séptémber. Mangsana: sumur gararing, angin pinuh ku kekebul; usum beubeutian sirungan, panén palawija.

Baca Juga:  Pemkot Bekasi: 800 Masjid yang Akan Gelar Salat Idul Fitri

Mangsa Kasa, Karo, jeung Katelu disebut usum katiga (halodo) anu lilana 88 poé

Kapat (= kaopat), ti tanggal 18/19 Séptémber – 13/1 Oktober. Mangsana: réngsé katiga; usum sumur saraat, randu pentilan, usum melak cau.

Kalima, ti tanggal 13/14 Oktober – 9/10 Nopémber. Mangsana: mimiti aya hujan; asem pucukan, konéng ngadaun ngora.

Kanem (= kagenep), ti tanggal 9/10 Nopémber – 22/23 Désémber. Mangsana: alam katénjona héjo ku tutuwuhan; usum bubuahan mimiti karolot, usum ngagarap sawah.

Mangsa Kapat, Kalima, jeung Kanem disebut usum dangdangrat (labuh), anu lilana 95 poé.

Baca Juga:  Pelaku Curanmor Ditangkap Polisi Deli Serdang, Salah Satu Pelaku Perempuan

Kapitu (= katujuh), ti tanggal 22/23 Désémber – 3/4 Pébruari. Mangsana: usum loba panyakit, caah, jeung gedé angin; usum tandur.

Kawolu (= kadalapan), ti tanggal 3/4 Pébruari — 1/2 Maret. Mangsana: usum kawin ucing, loba kilat; usum paré reuneuh, loba hihileudan, jsb.

Kasanga (= kasalapan), ti tanggal 1/2 Maret 26/27 Maret. Mangsana: usum panyakit kulit mahabu; usum paré rampak, turaés ngéar.

Mangsa Kapitu, Kawolu, jeung Kasanga disebut usum rendeng (ngijih), lilana 94 poé.

Kasadasa (= kasapuluh), ti tanggal 26/27 Maret — 19/20 April. Mangsana: usum manuk nyarayang jeung ngarendog; usum paré beuneur héjo, usum malawija di tanah darat.

Baca Juga:  Tasikmalaya Dilanda Kekeringan, Puluhan Hektar Sawah Terancam Gagal Panen

Desta (= kasabelas), ti tanggal 19/20 April — 12/13 Méi. Mangsana: usum manuk malegar jeung maraban anakna; aya kénéh waktu keur malawija.

Sada (= kaduabelas), ti tanggal 12/13 Méi — 22/23 Juni. Mangsana: Mimiti katiga, hawa isuk-isuk tiris; usum rumpak jami.

Mangsa Kasadasa, Desta, jeung Sada disebut usum mamaréng, lilana 88 poé.

Upami nilik kana pranata mangsa di luhur, tétéla di urang ogé aya opat usum (musim), nya éta usum katiga (halodo), usum dangdangrat (labuh), usum rendeng (ngijih/hujan), jeung usum mamaréng. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.