Asal-usul Rancadarah di Wanayasa

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Lamun urang mapay jalan propinsi ti Purwakarta ka Wanayasa, tangtu nyorang hiji tanjakan anu kacida panjangna, disebutna tanjakan Rancadarah.

Nempo kaayaan di lebah dinya. éta ngaran Rancadarah matak jadi pertanyaan, lantaran ranca téh biasana ayana di tempat handap, ari ieu kapan tanjakan ngaranna ogé.

Kecap “darah” hartina getih. Bisa jadi aya nu ngira, yén di dinya baheula tempat bégal, nepi ka matak loba nu ngaluarkeun getih dirogahala ku bégal. Jeung bisa jadi ogé aya anu nyangka, yén di dinya loba nu kaluar getih, lantaran ditekuk maung, da di lebah dinya téh baheulana mah leuweung geledegan.

Naon atuh sasakalana nu matak éta tanjakan disebut kitu? Di handap ieu dicaritakeun sasakalana, lain dongéng, ieu mah carita sabenerna, malah surup kana sajarah.

Méméh nyaritakeun Rancadarah, urang nyaritakeun heula Wanayasa. Baheula Wanayasa téh beunang disebut nagara gedé, jadi dayeuh karesidénan, béjana.

Kira-kira dina taun 1827 (M) Pamaréntah Walanda muka kebon entéh anu kacida legana, nya éta méh sakuliah Kacamatan Wanayasa, Kiarapedes, jeung Bojong ayeuna.

Ari entéhna nu biasa disarebut entéh jawa, nya éta entéh leutik boh tangkalna boh daunna. Nepi ka ayeuna ogé masih kénéh aya urang Wanayasa anu sok marelak entéh di kebon atawa dijieun pager.

Baca Juga:  Adanya Dugaan Pungutan Ilegal BOP di Pesantren, Ini Respons RMINU

Nu digawé atawa nu jadi kuli di kebon entéh anu kasebut di luhur, lolobana bangsa Tionghoa, nya éta urang Makao, maratuhna di lembur nu nelah Pasir Nagara Cina (di tutugan Gunung Burangrang). Anu sakapeung sok disebut Garacina ku urang Wanayasa mah.

Di Wanayasa aya pabrik-pabrik laleutik tempat ngokolakeun entéh téa, saperti di Pasirmuncang, Sindangpanon, jeung Sukadami. Hanjakal teu kaurus. Malah anu di Pasirmuncang geus euweuh, sarta urutna geus didegan wangunan séjén deui.

Ari pabrik nu galedé ayana di Purwakarta, tempatna disebut Bélong. Di dinya tempat ngumpulkeun entéh ti mana-mana, sarta tuluy dikokolakeun sacukupna, nepi ka beunang dikirimkeun ka nagara nu jarauh. Nu digarawé di dinya lolobana urang Makao kénéh baé.

Lantaran bayaranana teu pati bérés, sok tara tangtu waktuna jeung sok réa potongan atawa dengdaan, kabéh urang Makao téa ngarandung haté, hayangeun ngalubarkeun katugenah. Mimitina urang Makao di Purwakarta jeung anu di Wanayasa baradami rerencepan anu kacida rikipna, niat ngayakeun rurusuh babarengan.

Dina poé nu geus ditetepkeun ti anggalna der baé bareng pisan aya rusuh di Purwakarta jeung di Wanayasa. Gedong-gedong Pamaréntah Walanda dihuru, réa Walanda anu dipaéhan.

Kapala pangurus kebon di Wanayasa ngaranna Sheper Leau kacida pisan bengisna, harita pada neunggeulan pada nimpugan ku batu, tungtungna lékék dipeuncit, ari mayitna tuluy dipiceun ka leuweung, sarta nepi ka nelah Leuweung Ciperlaw.

Baca Juga:  Satpol PP Cianjur Musnahkan Ribuan Botol Miras Hingga Obat Terlarang

Lebah urut mayit téa dicirian ku batu gedé, nelah nepi ka ayeuna disarebut Batu Tanceb, ayana di Sumbersari, Kacamatan Kiarapedes. Kaléreun Lapang Cibeber.

Kocapkeun di Purwakarta keur aya reuweuh-reuweuh téh aya hiji priyayi nu kababawa, diarah ku urang Makao. Éta priyayi aya nu nulungan, diasupkeun ka jero bélong, salamet henteu sakara-kara. Engkéna éta priyayi (jaksa) ditelahkeun Jaksa Bélong.

Urang Makao ti Wanayasa bari ngajak urang Tionghoa nu séjén, ngaleugeudeut ka Purwakarta, niat ngahijikeun tanaga, sangkan bisa ngéléhkeun balad Walanda.

Barang nepi ka tanjakan Pasirpanjang (anu kacida panjangna, kurang leuwih aya 3 km), maranéhna paamprok jeung aleutan balad Tentara KNIL Walanda anu rék numpes rurusuh di Wanayasa, samakta sapakarangna.

Harita kénéh der tarung, perang campuh geus teu bisa ngabédakeun musuh jeung lawan, geus teu inget kana éléh atawa meunang, asal ngalubarkeun napsu, asal bisa nandasa musuh, ulah nepi ka kapiheulaan babar, tegesing perang paéh-paéh hirup-hirup.

Nu kasambut ti dua pihakanana geus pabalatak. Loba anu tinggulitik ka lebak. Nepi ka sapanjang jalan nu jauhna kira-kira satengah kilométer pinuh ku mayit, getihna ngabayabah, malah nepi ka ngaranca, cék nu rahul mah, nya éta ranca getih atawa ranca darah. Tah, éta sasakalana, anu matak ti harita éta tanjakan Pasirpanjang disebutna jadi nelah tanjakan Rancadarah.

Baca Juga:  Syaiful Huda: Membuka Sekolah di Tengah Pandemi adalah Pertaruhan Besar

Di lebakeun éta tanjakan aya tempat anu legok, disebutna Legoksigay lantaran waktu loba mayit anu tiguling ka dinya téa, di lampingna aya tangkal kawung nu disigayan, nya dipaké turun unggah ku nu mariksa saréngsé perang, anu hayang nyaho saha-sahana nu jadi mayit.

Kajadianana tanggal 10 Méi 1832, waktu ibukota Kabupatén Karawang anyar dipindahkeun ti Wanayasa ka Sindangkasih (Kota Purwakarta ayeuna).

Jelas euweuh hubunganana jeung asal-usul ngaran Cikao. Ari sababna, ngaran Cikao geus aya ti jaman Pajajaran kénéh, salasahiji palabuan di sisi Walungan Citarum. Teu bisa sotéh asup kapal cai ka dinya, lantaran kapegat ku Bendungan Parisdo (Walahar) di Klari Karawang, anu diwangun taun 1923 – 1925.

Dina peta Walanda pertengahan abad ka-17, aya tilu ngaran di wewengkon Purwakarta ayeuna anu geus kacatet. Nya éta Wanayasa, Cikao, jeung Cikumpay. Can aya ngaran Cikaobandung éta mah. Éta mah engke urang pedar sa deui. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.