Ngaran Wanci dina Basa Sunda

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Baheula mah can aya jam, urang Sunda mun nyebut wanci (waktu, mangsa) dina sapoé sapeuting téh ku kaayaan alam atawa kabiasaan.

Upamana baé wanci kongkorongok hayam, nya éta mangsana pasusubuh hayam jago kongkorongok. Di lembur mah nepi ka sok réang patémbalan hayam kongkorongok téh. Tuluy wé dijadikeun ciri wanci.

Aya deui wanci pecat sawed. Nya éta mangsana patani anu keur ngawuluku ngalaan sawedna tina beuheung munding. Eureun digawéna sarta murak bebekelan. Mun teu kitu sok aya anu nganteuran.

Baca Juga:  Pertamina Kucurkan Dana Selangit Dukung UMKM Jabar Ditengah Pandemi

Sawed téh sabagian tina wuluku anu dipasang dina beuheung munding. Engke mah lamun geus kabéh ngagarap sawah ku traktor atawa kuik, moal aya sawed téh. Malah bisa jadi ngaran wancina ogé ngaleungit.

Tamba kawaranan, urang tataan baé ngaran wanci dina basa Sunda salila sapoé sapeuting (24 jam).

  • Wanci tumorék = kira-kira pukul 01.00
  • Wanci janari leutik = kira-kira pukul 02.00
  • Wanci janari gedé = kira-kira pukul 03.00
  • Wanci kongkorongok hayam = kira-kira pukul 04.00
  • Wanci balébat = kira-kira pukul 05.00
  • Wanci carangcang tihang = kira-kira pukul 06.00
  • Wanci meleték panonpoé = kira-kira pukul 07.00
  • Wanci ngaluluh taneuh = kira-kira pukul 08.00
  • Wanci haneut moyan = kira-kira pukul 09.00
  • Wanci rumangsang = kira-kira pukul 10.00
  • Wanci pecat sawed = kira-kira pukul 11.00
  • Wanci tangangé = kira-kira pukul 12.00
  • Wanci lingsir = kira-kira pukul 13.00
  • Wanci kalangkang satangtung = kira-kira pukul 14.00
  • Wanci ménggok = kira-kira pukul 15.00
  • Wanci tunggang gunung = kira-kira pukul 16.00
  • Wanci sariak layung atawa wanci érang-érang = kira-kira pukul 17.00
  • Wanci sareupna = kira-kira pukul 18.00
  • Wanci harieum beungeut = kira-kira pukul 19.00
  • Wanci sareureuh budak = kira-kira pukul 20.00
  • Wanci tumoké = kira-kira pukul 21.00
  • Wanci sareureuh kolot = kira-kira pukul 22.00
  • Wanci indung peuting = kira-kira pukul 23.00
  • Wanci tengah peuting = kira-kira pukul 24.00 (Red)

    Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah

Baca Juga:  Sering Digunakan Kritik Pemerintah, BNPT Usul Semua Tempat Ibadah Diawasi