Rupa-rupa Ngasakan Kadaharan dina Basa Sunda

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Dina basa Sunda mah ngasakan kadaharan téh loba carana. Leuwih loba istilahna upama dibandingkeun jeung dina basa Indonésia. Geura urang tataan:

Mubuy, ngasupkeun kana lebu panas, biasana mah dina hawu, anu seuneuna hurung maké suluh. Contona: mubuy sampeu, mubuy hui.

Meuleum, ngasakan kadaharan ku jalan diantelkeun atawa dideukeutkeun kana seuneu. Biasana mah aya tempat pameuleumanana, tina beusi atawa séng, hurungna maké areng. Mun teu kitu, bisa ogé dina durukan. Contona: meuleum ketan, meuleum jagong, meuleum asin, meuleum lauk.

Manggang, meuleum anu dipanggang, prak-prakanana méh sarua jeung meuleum, ngan ieu mah anu dibeuleumna maké panggang, biasana tina awi. Contona: manggang saté, manggang maranggi, manggang lauk. Malah baheula mah di Wanayasa, kana maranggi téh sok nyarebut panggang.

Baca Juga:  Cegah Penyebaran Corona B117, Bandara Husein Sastranegara Perketat Pengawasan

Mais, ngasakan kadaharan, dibungkus ku daun cau tuluy dibubuykeun kana lebu panas, tapi ayeuna mah prahna diseupan baé dina panci atawa wadah lianna. Contona: pais lauk, pais tahu, pais jambal, pais (daging) hayam.

Ngaléob, ngabanjur ku cai panas. Upamana baé lalab-lalaban. Anu matak anu kabanjur ku cai panas sok disebut kaléob.

Ngaliwet, ngasakan sangu teu digigihan heula, jadi teu kudu diseupan. Biasana ngaliwet dina kastrol atawa panci.

Ngagoréng, ngasakan kadaharan ku minyak kalapa, minyak suuk, mantéga, jsb. anu panas, biasana dina katél. Contona: ngagoréng tahu, ngagoréng lauk, ngagoréng sangu, ngagoréng bala-bala.

Baca Juga:  Semangatnya Santri Al-Hikmah Meskipun Belajar Dalam Kondisi Begini

Nyangray, ngasakan kadaharan dina katél atawa talawéngkar teu maké minyak; kiwari aya anu sok nyangray kurupuk dina keusik panas saperti kurupuk miskin (di Subang). Contona: sangray sangu, sangray suuk.

Nyeupan, ngasakan kadaharan ku saab cai ngagolak, saperti anu nyangu. Matak baheula mah ngasakan sangu sok disebut nyeupan sangu. Ayeuna mah geus carang anu nyepan sangu maké langseng atawa sééng téh. Lolobana maké méjik jér baé. Contona: seupan sampeu, seupan daun gedang, seupan daun sampeu.

Ngulub, ngasakan kadaharan maké cai anu ngagolak, lain ukur ku saabna, da ieu mah diasupkeun kana cai nepi ka ngagolak caina. Contona: ngulub suuk, ngulub hui, ngulub sampeu, ngulub tulang (diarah cikalduna).

Baca Juga:  Achmad Jufriyanto Resmi Bergabung dengan Bhayangkara FC

Ngabakar, ngasakan kadaharan dibeuleum dina parantina (open. jsb.), contona: ngabakar kuéh, ngabakar roti.

Ngabolostrong, ngasakan kadaharan ku cara dikusrukkeun kana seuneu gedé, teu diolah heula. Contona: ngabolostrong sampeu.

Naheur, ngasakan cai dina panci, langseng, jsb. Malah sakapeung mah sok langsung dina tékona, mun cai nginum mah. Tapi ayeuna mah loba anu maké dispénser, jadi tara ieuh naheur cai. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah