Pawongan alias Panakawan anu Euweuh dina Babonna

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Anu sok lalajo wayang golék, tangtu apal ka pawongan mah. Malah loba anu mikaresep, pangpangna mah ka Si Cépot alias Astrajingga.

Pawongan téh mun cék (basa) Sunda mah badéga, sok disebut ogé panakawan. Anu dimaksud téh: Semar, Astrajingga, Dawala, Togog jeung Dayun. Kiwari sok ditambahan ku Garéng jadi anak bungsu Semar.

Dina pustaka-pustaka asal (babon), boh nu basa India, boh salinanana dina basa Kawi, pawongan atawa panakawan téh euweuh. Tapi dina padalangan mah sok dipaké bukur catur sambara carita. Malah sakapeung mah sok ngahaja dijieun jejer carita, upamana baé:

  • “Déwa Lalana” (Semar jadi raja di Pudaksitegal).
  • “Semar Papa” (Semar jadi Batara Ismaya).
  • “Semar Jantur” (Semar jeung anak-anakna jadi tukang ngamén sulap).
  • “Sidajati” (Semar jadi pandita).
  • “Dutawarna (Dawala jadi raja).
  • “Bagawan Dawala” (Dawala jadi pandita).
  • “Pandu Bergola” (Cépot jadi raja).
  • “Dawala Gugat” (Dawala ngagugat ka paradéwa).

    Jaba ti éta réa-réa deui lalakon anu ngahaja nyaritakeun pawongan téa. Lalakon sarupa kitu téh kaasup kana lalakon carangan, nya éta lalakon ciciptan anu euweuh dina babonna, boh Mahabarata boh Ramayana. Béda jeung lalakon sempalan, anu mémang meunang nyutat (sabagian) tina Mahabarata atawa Ramayana.

    Lantaran dina Mahabarata mah euweuh pawongan téa, jol pertanyaan: naha ieu téh pituin jasana bujangga urang? Saha nu boga jasana? Iraha diselapkeunana kana pawayangan téh? Ti mana nyokotna? Naon pimaksudeunana?

    Éta pertanyaan téh henteu gampang dijawabna. Malah nu palinter gé can sapagodos. Antukna loba vérsina.

    Dina padalangan geus ilahar dianggapna Semar, Cépot, jeung Dawala téh déwa nu nyamur. Malah Semar mah saenyana Batara Ismaya atawa Sanghiang Munget, lanceuk Batara Guru, cenah.

    Turunna ka dunya téh pikeun ngajaring turunan Barata, malah ngagandékna ogé ti jaman Parasara nepi ka jaman Gendrayana, bao Arjuna; jadi tujuh turunan ti Parasara.

    Ceuk sawaréh deui Semar téh hartina “Samar”. Disebut lalaki da susuna nyeungseung cara susu awéwé jeung biritna dempak sarta beungeutna aya paroman awéwé. Ari disebut awéwé da sorana sora lalaki jeung aya kumisan sarta peupeuteuyan patingberehil.

    Ari disebut buta (danawa) da teu sihungan jeung ngomongna leuleuy sarta tata-titina jatnika, ari disebut jurig da ngajirim, disebut jelema da euweuh kalangkangan.

    Saha jeung naon atuh Semar téh?

    Sanajan Semar, Cépot, jeung Dawala sipatna ngan ukur panakawan ogé, dina mangsana ngaluarkeun jajatén mah taya nu nandingan kasakténna. Batara Kresna ogé kapépéd, Batara Guru ogé dirurud tina kalungguhanana.

    Ari dina keur ngabodorna, babakuna Cépot anu sok pohara mijahna téh, ari Dawala pikaseurieun ku ceuleupeungna, Semar biasana nu diheureuyanana ku anak-anakna téh.

    Aya anu boga anggapan Semar jeung anak-anakna téh minangka wawakil rayat leutik, wakil wong cilik. Pancénna pikeun nepikeun kiritik ka nu di luhur, atawa kamandang rayat leutik kana hiji perkara. (Red)

    Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah

Baca Juga:  Jelang HUT RI ke-75, Polres Purwakarta Gelar Baksos