Ngaran Tempat dina Pawayangan nu Asalna ti India

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Babon carita wayang di urang nya éta kitab kuno Mahabarata karangan Wyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Duanana ogé asalna ti India.

Anu matak tong kagét mun tokoh-tokohna ogé asalna ti India, kaasup jeung ngaran tempatna éta téh. Ngan dina pawayangan di urang mah loba anu dirobah, diluyukeun jeung létah bangsa urang.

Salian ti éta ogé loba tempat anyar anu euweuh, boh dina Mahabarata, boh dina Ramayana. Upamana baé Karang Tumaritis, tempat dumukna Semar saanak-incu. Da mémang Semar jeung anak-anakna ogé, euweuh dina kitab babonna.

Patempatan anu aya dina Mahabarata jeung Ramayana ngawengku wewengkon anu kawilang lega, anu disebut Bharatakhanda. Sacara geografis (kiwari) ngurung nagara-nagara Afganistan, Bangladésh, India, Pakistan, Népal, Bhutan, Sri Langka, jeung Myanmar.

Singgetna mah ngurung wewengkon anu disebut Asia Kidul (Asia Selatan) kiwari.

Aya anu masih kénéh kapaluruh tempatna, aya ogé anu geus euweuh lantaran ganti ngaran, jeung sajabana. Pantes kituna mah, sabab Ramayana muncul taun 500 SM, ari Mahabarata muncul taun 400 SM.

Baca Juga:  Dinkes: Selisih Data Sebabkan Kabupaten Cirebon Masuk Lagi PPKM level 4

Di urang ogé teu saeutik ngaran tempat anu asalna tina jagat pawayangan. Saperti Gunung Arjuna, Candi Bima, Madukara (ngaran kacamatan di Banjarnegara), jeung Madura.

Nagara-nagara anu aya dina pawayangan, di antarana:

ASTINAPURA

Sok dipondokkeun jadi Astina. Ieu nagara dibabakanana ku Prabu Asti (Gajah) nya éta karuhun Kurawa jeung Pandawa. Asalna mah dayeuh nagara téh di Pratistana, lebah patepungna Walungan Yamuna jeung Walungan Gangga.

Ku Prabu Asti dipindahkeun ka girang, sisi walungan Gangga, di palebah puseur nagara karuhunna nu nelah Kuru Janggala. Di kuloneun dayeuh anyar téa lalakon 8 poé, aya tanah datar katelahna Kuru Sétra, hartina “Tanah Padataran Kuru”.

INDRAPRASTA

Sakapeung sok disebut Indraprahasta, nagara meunang ngababakan Pandawa, di sisi Walungan Yamuna. Dina carita wayang di urang disebut Amarta, pédah asalna Leuweung Amar anu kacida weritna.

Baca Juga:  LKPP Slow Respons, KPPU Minta E-katalog Libatkan UMKM

Jaman Karajaan Tarumanagara di urang ogé aya Karajaan Indraprasta di wewengkon Cirebon ayeuna. Diadegkeun ku imigran urang India.

MATURA

Dina carita wayang di urang disebut Mandura atawa Madura, dayeuh nagara Yadawa, lemah cai Baladéwa jeung Kresna. Perenahna di wewengkon Gujarat ayeuna.

DWARAKA

Dina carita wayang di urang sok disebut Dwarawati atawa Meralaya, dayeuh meunang ngababakan Batara Kresna di sisi basisir kulon. Ayeuna mah Gujarat.

MADUKARA

Nagara anu dicangking ku Arjuna paméré ti Raja Wirata, mangrupa nagara bagian (kadipatén) ti Amarta. Dina carita wayang di urang jadi padumukan Arjuna jeung pamajikanana nya éta Déwi Subadra jeung Déwi Srikandi.

AWANGGA

Nagara di wewengkon muara Walungan Gangga, anu ayeuna Banggala. Baheulana kabawah ku Astina diratuan ku Adirata, anu tuluy diwariskeun ka anak pulungna, Karna, nelah Adipati Karna.

Baca Juga:  Dampak Covid-19, Peternak Ayam Di Ciamis Menjerit

BANAKELING

Ngaran sajatina Kalingga, yeuna mah perenahna di basisir Coromandel. Baheulana nagara nu diratuan ku Sampani, bapa kukut Jayadrata

ALÉNGKA

Nagara anu dirajaan ku Rahwana atawa Dasamuka dina lalakon Ramayana. Kiwari mah jadi Srilangka, anu baheula kungsi disebut Ceylon.

MAGADA

Nagara sisi Walungan Gangga. Tadina diratuan ku Wasu (Basuketi), tuluy dijabel ku Jarasanda.

MANTILI

Ngaran aslina Mitila; nagara nu diratuan ku Janaka, bapana Déwi Sinta. Matak Déwi Sinta di urang sok disebut Putri Mantili.

Sakitu baé heula. Masih kénéh loba nagara di India anu aya dina carita wayang di urang. Ku lantaran geus resep téa kana carita wayang, éta tempat téh asa di urang baé, lain di India. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah