Asal-usul Paribasa “Asa Aing Uyah Kidul”

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Di urang aya paribasa “asa aing uyah kidul” anu ngandung harti asa leuwih ti batur. Cohagna mah sombong wé.

Da mémang dina kanyataanana mah kitu. Biasana jalma anu pinter, anu luhur pangkatna, anu kasép atawa geulis, atawa anu beunghar nu sok sombong téh. Sok ngarasa leuwih ti batur, keuna kana paribasa “asa aing uyah kidul”.

Meureun aya nu nanya, naon sababna “uyah kidul” dipaké mapandékeun jalma anu leuwih ti batur? Lain “uyah kalér” atawa “uyah wétan”? Éta téh aya caritana.

Baheula mah, jaman Walanda, uyah anu pangalusna téh nya éta uyah kidul. Uyah anu asalna tina cai Laut Kidul. Saenyana mah lain lantaran cai lautna anu matak uyahna jadi alus téh, tapi lantaran nyieunna anu béda jeung di tempat-tempat séjén.

Baca Juga:  Cek! Ini Tujuh Titik Penyekatan Arus Mudik di Kota Bandung

Ari tempat nyieunna, tangtu wé di Basisir Laut Kidul. Lain di Jawa Barat deuih, tapi di wewengkon Yogyakarta.

Di dinya aya lembur Ngénta Malangrejo, tempat anu nyarieun uyah di Basisir Laut Kidul téa. Umumna urang dinya mah pacabakanana nyarieun uyah. Ari nyieun uyahna béda jeung di wewengkon séjén.

Peta nyieun uyahna kieu:

Mimitina ngararata keusik sisi basisir, kira-kira satumbak pasagi, tuluy dibanjuran ku cilaut. Teu kungsi lila éta keusik tuhur deui, lantaran kasorot ku panonpoé anu kacida panasna, caina jadi saab, tinggal uyahna narapel kana keusik.

Baca Juga:  Artis Ternama Tanah Air Banyak Terlibat Kasus DNA Pro, Ini Nama-namanya

Geus kitu, cur dicaian deui nepi ka dua-tilu kali. Ari geus tuhur pisan, hég keusik anu pangluhurna téh digundukkeun, ti dinya pék ditungtut diasupkeun kana wadah anu disebut turas.

Geus kitu cur dicaian deui ku cai laut, ari di handapna ditandéan ku jajambaran. Éta cai beunang nuras dibawa ka saung, tuluy ditaheur. Mun geus ngagolak, disiukan, cur dicicikeun kana aseupan, ditandéan ku jajambaran.

Ari di handapeun aseupan téa digantungan régang awi. Jadi cai tina aseupan téh mapay kana régang. Sabot kitu, cai kaburu tiis, tuluy jadi uyah deui.

Nu lembutna narapel kana régang awi, lembutna alah batan meunang meuleum. Ari babadagna ragragan kana jajambaran téa.

Baca Juga:  900 Prajurit dan PNS TNI AD Positif Covid-19, 21 Orang Telah Gugur

Tah, uyah anu alus téh nya éta anu tadi narapel kana régang awi téa. Ku alus-alusna éta uyah, nepi ka jadi kacapangan di urang, aya dina paribasa “asa aing uyah kidul”.

Naha kiwari uyah kidul téh masih kénéh aya? Duka tah. Anu jelas jaman kiwari mah henteu hésé hayang uyah anu alus téh. Loba mérekna, teu kudu uyah kidul baé deuih. Sanajan kitu, ari dina paribasa mah angger wé anu kasebut téh “uyah kidul”. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah