bjb

Ngaran Kadaharan Kecap Wancahan dina Basa Sunda

Kurupuk gurilem ti Cililin (Foto: Renibeen)

Tah, dina basa Sunda mah kaitung loba ngaran kadaharan anu mangrupa kecap wancahan téh.

Geura urang tataan, di antarana baé:

Baca Juga:

Sawah Seluas 2,5 Hektare di Kuningan Tersapu Longsor

Mengelaborasi Sistem Open Bidding



Comro, wancahan tina “oncom di jero”. Kadaharan anu dijieunna tina sampeu, diparud, dibuleud-buleud tuluy di jerona dieusian sambel oncom. Diasakanana digoréng.

Misro, wancahan tina “amis di jero”. Bahanna mah sarua jeung comro, tina sampeu anu diparud. Sarua dibuleud-buleud jeung digoréng, ngan eusina (jerona) gula beureum.

Sukro, wancahan tina “suuk di jero”. Bahanna tina tipung, dibuleud-buleud lalaeutik, di jerona maké suuk sasiki. Ngasakanana digoréng. Dina basa Indonésia ogé disebut sukro, éta jelas-jelas pangaruh tina basa Sunda.

Colénak, wancahan tina “dicocol énak”. Kadaharan anu bahanna tina peuyeum, dibeuleum. Méméh dihuapkeun dicocolkeun heula kana kinca gula beureum. Mémang énak.

Ciu, wancahan tina “aci jeung cau”. Kadaharan tina aci sampeu, dibungkusan ku daun cau, di jerona maké cau meunang masian. Asakna diseupan. Biasana sok aya di tukang bajigur.

Géhu, wancahan tina “togé jeung tahu”. Tahu diselapan togé, dibulen ku tarigu, tuluy digoréng.

Batagor, wancahan tina “baso tahu digoréng”. Tahu digiling dipaké ngabulen baso, dicampuran deui ku tarigu atawa tipung tapioka, tuluy digoréng. Kaasup kadaharan béh dieu, mimiti aya kira-kira taun 1980-an di Bandung.

Peutcang, wancahan tina “leupeut dikacangan”. Leupeut di jerona maké kacang kueuk, kacang beureum atawa hideung. Ngasakanana dikulub, teu béda jeung leupeut.

Ciréng, wancahan tina “aci digoréng”. Bahanna tina aci sampeu atawa tipung tapioka, dipasian pasagi, tuluy digoréng. Aya ciréng anu dieusian ku daging, lauk, jsb.

Cilok, wancahan tina “aci dicolok”. Bahanna tina aci sampeu atawa tapioka, dibuleud-buleud sagedé kaléci marmer, tuluy dicolok. Ngasakanana dikulub, tapi sok aya anu digoréng ogé.

RO (dibacana ér-o), wancahan tina “ranginang oyék”. Bahanna tina oyék, prosés nyieunna teu béda ti nyieun ranginang. Ngasakanana digoréng. Ayeuna mah geus carang RO téh.

Baslub, wancahan tina “baso dikulub”. Bahanna tina tipung jeung daging giling, dibuleud-buleud jadi baso, tuluy dikulub.

Baslor, wancahan tina “baso jeung telor”. Baso sapi laleutik, dicolokan sababaraha hiji (kawas saté), diasupkeun kana kocokan endog hayam, tuluy digoréng.

Géco, wancahan tina “togé jeung tauco”. Ieu mah kadaharan teu béda ti kupat tahu, ngan samarana maké tauco jeung diwuwuhan ku togé jeung goréng kentang laleutik panjang. Kupatna diganti ku lontong. Kiwari kadaharan has di Cianjur.

Hucap, wancahan tina “tahu jeung kecap”. Tahu jeung lontong meunang masian. Méméh dihuapkeun dicocolkeun heula kana sambel kecap. Kadaharan has ti Kuningan.

TO (baca: té-o), wancahan tina “tutug oncom”. Sangu anu ditutug disamaraan ku . uyah, cikur, gula beureum, sarta samara lianna. Kadaharan urang lembur baheula, sok aya anu maké opak deuih. Ayeuna mah geus loba réstoran nu ngajual TO, pangpangna mah di Tasikmalaya.

Jeniper, wancahan tina “jeruk nipis peres”. Inuman anu asalna tina jeruk nipis diperes. Kaasup barang anyar, anu kiwari jadi inuman has ti Kuningan.

Dokling, wancahan tina “dorokdok guling”. Dorokdok digulingkeun kana samara, boh anu lada boh anu henteu. Ieu kaasup kadaharan anu kakara muncul anyar-anyar di Bandung.

Jibeuh, wancahan tina “hiji ogé seubeuh”. Kuéh sabangsa roti anu kaitung gedé bari hargana murah. Sok aya anu nyebut kuéh robur deuih, sabab wangunna siga mobil Robur (baheula).

Gurilem, wancahan tina “gurih jeung pelem”. Kurupuk laleutik sagedé emih, disamaraan. Bahanna tina aci sampeu atawa tipung tapioka. Kurupuk gurilem asalna ti Cililin, Kabupatén Bandung Barat. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.
Halaman sebelumnya
Tags : Kecap Wancahan Kadaharan Sunda Kabupaten Kuningan Kabupaten Cianjur Kota Bandung Bahasa Sunda Jabarnews Berita Terkini Berita Jawa Barat Berita Lokal Berita Hiperlokal

berita terkait

Perhatian Serius Kabupaten Kuningan Berantas Stunting

Kabupaten Kuningan Gelar Pilkades di 203 Desa

Kebakaran Puncak Gunung Ciremai Sudah Padam

Persib

Berita Populer

Berita Terkini

Mang Jabar

jabarnews tv

tag populer

unduh aplikasi