Tukang Cukur ti Banyuresmi Sumebar ka Mana-mana

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Loba tukang cukur anu asalna ti Garut. Umumna mah ti Kacamatan Banyuresmi, Kabupatén Garut. Ti daérah séjén ogé aya, saperti ti Cibatu, Limbangan, atawa Malangbong. Ngan teu saloba anu ti Banyuresmi.

Umumna lalaki di Banyuresmi mah, parigel dina urusan nyukur. Bisa jadi disebutkeun bakat turun-tumurun ogé.

Soal katapis, ti mimiri rayat biasa, pajabat, gubernur, nepi ka persidén kungsi dicukur ku tukang cukur urang Banyuresmi. Hasilna teu nguciwakeun, matak terus jaradi langganan ogé.

Rudi, Ketua Umum Persaudaraan Pangkas Rambut Garut (PPRG), nétélakeun yén kaparigelan urang Banyuresmi kana nyukur téh miboga sajarah anu panjang.

Baca Juga:  TGIPF Sudah Kantongi Hasil Penelusuran Tragedi Kanjuruhan, Mahfud MD: Hari Ini Lakukan Analisis

Baheula, cenah, jaman Kartosuwiryo, jaman gorombolan DI/TII, loba urang Banyuresmi anu ngungsi ka daérah séjén. Ari gerakan DI/TII pingpinan Kartosuwiryo, puseurna aya di Désa Cisampah, Kacamatan Awiligar, Kabupatén Tasikmalaya. Anu teu jauh ti Banyuresmi.

Matak pantes mun urang Banyuresmi loba anu ngumbara ka lembur batur ogé, da lemburna teu aman. Mimitina mah urang Banyuresmi téh teu boga pacabakan séjén. Terus baé dialajar nyukur. Jaradi tukang cukur di lembur batur. Tug nepi ka kiwari.

Rudi kaasup salasaurang tukang cukur senior ti Banyuresmi, anu kiwari cekel gawé di daérah Pancoran, Jakarta Selatan.

Baca Juga:  Beredar Isu Uang Pensiun PNS Telat Dibayar

Mimitina mah ngan saguliwek ti Désa Banyuresmi anu loba tukang cukur téh. Tapi kiwari mah geus sumebar ka daérah-daérah séjénna anu aya di Kacamatan Banyuresmi jeung sabudeureunana.

Tukang cukur ti Banyuresmi aya di mana-mana. Teu ngan saukur di kota-kota gedé di Pulo Jawa, tapi ogé sumebar ka alas peuntas, saperti ka Sumatera, Kalimantan, Sulawesi, Bali, jeung sajabana. Pokona mah geus sumebar sa-Nusantara.

Profési tukang cukur geus jadi lahan pangasilan anu bisa diandelkeun pikeun umumna urang Banyuresmi. Ayeuna baé, teu kurang ti 1500 urang tukang cukur anu asalna ti Banyuresmi.

Baca Juga:  Gantikan Margiono, Atal S Depari Ketua Umum PWI Pusat 2018-2023

Anu matak di Banyuresmi kiwari aya kursus kaparigelan nyukur. Malah diwuwuhan ku kaparigelan séjénna, saperti basa Inggris jeung basa Arab. Utamana mah basa Inggris, supaya bisa go internasional.

Éta kursus atawa pelatihan cukur rambut téh aya nu dikokolakeun ku pribadi, aya ogé anu dikokolakeun ku Bumdés Désa Banyuresmi, sarta geus meunang sertifikat ti Dinas Pendidikan Kabupatén Garut. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah