Gunung Papandayan: Loba nu Kapincut ku Kawahna

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Garut téh wewengkon anu dikepung ku gunung. Di dinya aya sawatara gunung anu kawilang gedé, di antarana baé Gunung Papandayan, Gunung Cikuray, Gunung Guntur, Gunung Kendang, Gunung Talagabodas, jeung Gunung Karacak.

Tah, ayeuna mah urang nyaritakeun heula Gunung Papandayan. Salasahiji gunung anu jadi déstinasi wisata di Kabupatén Garut.

Gunung Papandayan téh perenahna di pakidulan Garut. Anggangna ti Kota Garut téh kurang leuwih 28 kilométer. Luhur gunungna kacatet 2.665 méter di luhureun beungeut cai laut.

Mun pareng hadé poéna mah, ti luhur Gunung Papandayan téh bisa nyawang Kota Garut anu ngampar lebakeunana.

Baca Juga:  Ditinggal Salat Idul Adha, Rumah Tukang Cilok di Ciamis Ludes Dilalap Si Jago Merah

Gunung Papandayan kaasup gunung api anu masih kénéh aktif. Nepi ka ayeuna, kacatet geus sababaraha kali bitu tur nimbulkeun karuksakan jeung korban jiwa.

Taun 1772, Gunung Papandayan bitu rongkah sarta nimbulkeun korban jiwa.

Taun 1942 bitu deui anu ngalantarankeun kawahna jadi ngalegaan. Ahir taun 2002, éta gunung ngageunjleungkeun deui lantaran ngaluarkeun lahar tiis jeung lebu panas anu ngaléléd sawatara tempat di sabudeureunana.

Unggal waktu kawahna teu weléh ngelun. Papadaning kitu, éta gunung téh teu weléh baé dijarugjug ku wisatawan. Lain baé wisatawan lokal, tapi ogé wisatawan mancanagara deuih.

Baca Juga:  Inilah Pandangan Mahasiswa Tentang Makna Hari Pahlawan

Mun rék ngajugjug ka kawahna, bisa ti dua jalur, ti alun-alun Cisurupan jeung ti Perkebunan Cisaruni, Cikajang. Ruteu anu laluasa diliwatan ku kandaraan mah ti alun-alun Cisurupan, lantaran ti dinya aya jalan aspal nu langsung nepi ka kawahna.

Ilaharna wisatawan nu ngajugjug ka Papandayan téh kapincut ku aktipitas kawahna. Maranéhna bisa langsung ningali ti kadeukeutan ngagolakna kawah jeung ngelunna haseup kawah, sok sanajan kudu ati-ati lantaran bau warirang anu kacida.

Kawahna kaitung lega, aya kana tilu kilométerna. Jumlahna aya 14 liang. Unggal kawah ngaluarkeun haseup anu béda-béda. Aya nu ngaluarkeun haseup bodas, aya ogé anu warnana emas.

Baca Juga:  Jembatan Di Purwakarta Ambruk, 1 Korban Terkubur Reruntuhan

Ti sela-sela batu kawahna, kaluar cipanas anu ngamalir ngawangun wahangan leutik. Éta cai ngandung warirang jeung sok dipaké ubar kasakit kulit.

Ciri mandiri Gunung Papandayan nu séjén nya éta Tegal Alun, wewengkon nu pinuh ku kembang édélwis (anaphalis javanica). Ieu kembang sok disebut ogé kembang abadi lantaran teu gancang layu sanajan diteundeun mangbulan-bulan. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.