Kadaharan anu Kawentar ti Tatar Bandung

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Henteu salah di urang aya babasan “ciri sabumi cara sadésa” téh, anu ngandung harti unggal daérah miboga ciri mandiri. Kaasup dina kadaharanana éta téh.

Tong wara jauh-jauh, di Tatar Bandung baé ogé loba kadaharan anu geus kawentar téh. Geura urang tataan di antarana baé.

Di Bandung anu kawéntar téh peuyeum Bandung jeung oncom Bandung. Ari anu sok nyieunan peuyeum di Bandung téh urang Cimenyan. Saenyana mah Cimenyan kabawah ka Kabupatén Bandung, ngan leuwih deukeut ka puseur dayeuh Kota Bandung.

Cimenyan perenahna di kaléreun Padasuka, henteu jauh ti Saung Angklung Mang Udjo. Malah aya di ruas jalan anu sarua.

Baca Juga:  Pemain Paling Merepotkan Ardi Idrus Akhirnya Terungkap

Ari pabrik oncom di Bandung bisa disebutkeun henteu ngomplék, aya di sawatara tempat. Upamana baé di Kiaracondong jeung Leuwipanjang.

Di Cililin anu kawentar téh wajit, disebutna wajit Cililin. Kiwari Cililin kabawah ka Kabupatén Bandung Barat. Anu kawilang anyar, kurupuk gurilem deuih nu asalna ti Cililin téh.

Aya deui borondong ti Majalaya. Saenyana anu mimiti nyieun borondong téh urang Ibun, masih di Kabupatén Bandung, teu jauh ti Majalaya. Ngan duka kumaha, leuwih kasohor ti Majalaya.

Ti Padalarang ogé aya kadaharan anu kasohor téh nya éta kupat tahu. Padalarang kiwari kabawah ka Kabupatén Bandung Barat. Kupat tahu Padalarang béda jeung kupat tahu Singaparna (Mangunreja) ti Tasikmalaya.

Baca Juga:  H Umuh Akui Belum Tahu Tony Sucipto Sudah Berpamitan

Tahu ogé aya anu kasohor ti Bandung téh nya éta tahu Cibuntu, anu asalna ti Blok Tahu Kampung Cibuntu, Kota Bandung. Perenahna teu jauh ti Pintu Tol Pasirkoja, arah ka Cijerah.

Tahu Yu Yin deuih anu kasohor téh. Aya tokona, anu perenahna di deukeut Pasar Andir.

Aya deui jenis tahu anu mimiti kawentar téh nya éta tahu susu. Ieu mah asalna ti Lémbang, Kabupatén Bandung Barat.

Opak jeung kolontong deuih anu kawentar ti Bandung téh. Éta mah dijieunna ti Linggar Rancaékék jeung Bojongkunci Pameungpeuk. Duanana ogé bawahan Kabupatén Bandung.

Baca Juga:  Kemenkes Buat Masyarakat Khawatir, Siti Nadia Tarmizi Sebut Hepatitis Akut Bisa Menyebar Lewat Udara

Mun kaolahanana keur deungeun sangu, anu kakoncara téh soto Bandung. Éta mah aya di mana-mana. Geus jadi kacapangan di réstoran-réstoran Sunda.

Teu béda ti seblak, anu asalna ti Bandung, ayeuna mah geus aya di mana-mana.

Lain di Tatar Bandung baé loba kadaharan anu kasohor téh, di unggal wewengkon gé loba, saperti di Purwasuka, Priangan Wétan, Ciayumajakuning, Bogor Raya, jeung Bekasi. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.