Istilah Kaagamaan nu Asalna tina Basa Sangsekerta

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Lolobana urang Sunda ngagem agama Islam, basa anu dipaké dina kitab sucina nya éta Alqur’an, basa Arab.

Sanajan kitu, aya sawatara istilah kaagamaan dina basa Sunda anu kiwari masih kénéh dipaké, hirup tur produktif, anu asalna tina basa Sangsekerta. Bisa jadi lantaran saméméhna urang Sunda loba anu ngagem agama Hindu jeung Buda, anu dalit jeung basa Sangsekerta.

Istilah “agama” baé asalna tina basa Sangsekerta (agama) anu ngandung harti ‘nepikeun ajaran Pangéran’.

Kecap “agama” diwangun tina akar kecap “gam” = indit, maké awalan a-, “agam” hartina henteu indit, datang, nepi; “agam + a” = “agama”, nepikeun; dina palasipah Hindu agama mangrupa pangaweruh anu ditepikeun ka urang.

Baca Juga:  Manfaatkan Liburan untuk Ajari Anak Hal Positif

Istilah “santri” kiwari ngandung harti “anu diajar di pasantrén” sarta raket patalina jeung agama Islam.

Kecap “santri” asalna tina basa Sangsekerta “çastrin” anu ngandung harti: 1. nu diajar maca jeung nulis; 2. nu diajar pangaweruh agama.

Tina kecap “santri” ngarundaykeun kecap “pasantrén”, asalna tina “pasantrian” nya éta tempat diajarna santri. Kiwari kecap “pasantrén” idéntik jeung tempat diajar bagbagan agama Islam.

Istilah séjénna mah, urang cutat baé sawatara kecap anu aya dina Kamus Étimologi Basa Sunda anu disusun ku Budi Rahayu Tamsyah terbitan Geger Sunten, Bandung.

Baca Juga:  Mulai Hari Ini, Pemeriksaan GeNose C19 Mengalami Penyesuaian Tarif

doraka (Skt.: drohaka), laku lampah teu satia, hianat, teu patuh kana aturan. Kiwari ngandung harti: boga dosa, teu nurut ka kolot atawa ngalanggar papagon agama: Dalem Boncél ahirna sangsara, lantaran doraka ka indung bapa.

dosa (Skt.: dosa), kasalahan, jahat, goréng. Kiwari ngandung harti: kasalahan gedé ngalanggar hukum agama atawa hukum nagara.

naraka (Skt.: naraka), jahat, goréng, tempat nyiksa di ahérat. Kiwari ngandung harti: tempat nyiksa jalma-jalma jeung sétan di ahérat anu teu nurut kana paréntah Alloh.

Baca Juga:  Satgas Covid-19 Libatkan PWI Perkuat Sosialisasi Protokol Kesehatan

pahala (Skt.: phala), 1. buah; 2. buah kahadéan; 3. balesan ti Pangéran lantaran nyieun kahadéan.

puasa (Skt.: paça), 1. jiret; 2. ngajiret hawa napsu; 3. nahan diri tina dahar jeung nginum sarta henteu ngalakukeun hal-hal anu matak ngabatalkeun puasa.

siksa (Skt.: çiksa), 1. pangajaran; 2. diteunggeul. Kiwari ngandung harti: nyiksa, nganyenyeri, milaraan atawa ngahukum ku nganyenyeri awak batur.

surga (Skt.: svarga), 1. tempat anu gilang-gumilang, anu pikaresepeun; 2. tempat pikaresepeun pikeun jalma anu hadé laku-lampahna (di alam kubur)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah