Ngaran-ngaran Kurawa anu Saratus

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Loba anu nyaho tina carita wayang, yén Kurawa téh aya saratus. Tapi carang anu nyaho ngaran-ngaran kabéhanana. Dina nyahona ogé can karuhan apal kabéh, aya saratus ngaran téa atuh.

Anu mindeng kacaturkeun dina lalakon wayang di urang ngan sababaraha urang baé, di antarana: Duryudana anu sok disebut ogé Suyudana. Manéhna anu ngarajaan di Astina nyuluran bapana, Déstarata.

Aya Dursasana, anu dina pawayangan di urang mah diwujudkeun buta leutik. Kaasup sakti, di antarana lantaran boga ajian “belut putih”.

Baca Juga:  Catat Tanggalnya, Opening Ceremony Piala Dunia 2022 Qatar

Aya deui Citrayuda, Citraksa, Adityaketu, jeung Kartamarma. Malah Citrayuda mah sok jadi layan pawongan, pangpangna mah anak Semar: Cépot, Dawala, jeung Garéng.

Hiji-hijina awéwé di réngréngan Kurawa nya éta Dursilawati, osok ogé midang. Malah aya lalakonna “Alap-alap Dursilawati”.

Kurawa téh anak Prabu Déstrarata ti Déwi Gandari, lobana aya saratus urang. Saha baé ngaran-ngaranna?

Nurutkeun Wijanarko Setyowibowo, dina bukuna “Membuka Tabir Misteri Tokoh-tokoh Wayang Kurawa” (1990), ngaran-ngaran Kurawa anu saratus teh nya éta (disusun sacara alfabétis):

  1. Abaya
  2. Adityaketu
  3. Agrayayin
  4. Alolupa
  5. Anadresya
  6. Anudara
  7. Anuwinda
  8. Aparajita
  9. Ayobau
  10. Balaki
  11. Balawardana
  12. Bima
  13. Bimaratta
  14. Bimawala
  15. Bimawega
  16. Carucitra
  17. Citra
  18. Citraksa
  19. Citraga
  20. Citrakundala
  21. Citrawana
  22. Cutrawarman
  23. Danurdara
  24. Dirgabau
  25. Dirgalocana
  26. Dirgaroma
  27. Doradara
  28. Dredaksattra
  29. Dredaratta
  30. Dredasanda
  31. Dredawarman
  32. Dredayuda
  33. Dretahasta
  34. Durdarsa
  35. Durmada
  36. Durmasana
  37. Durmuka
  38. Durpadarsana
  39. Durparajaya
  40. Dursilawati
  41. Durwigaha
  42. Durwilotana
  43. Duryudana/Suyudana
  44. Dusala
  45. Duskarna
  46. Dussaha
  47. Dussasana/Dursasana
  48. Jalasanda
  49. Jarasanda
  50. Kanakadaya
  51. Kanakaya
  52. Karna
  53. Kawacin
  54. Kratana
  55. Kunda
  56. Kundabedin
  57. Kundadara
  58. Kundasayin
  59. Kundasin
  60. Nandaka
  61. Nagadatta
  62. Mahaba
  63. Mahabau
  64. Pramatta
  65. Pramatti
  66. Rudrakarman
  67. Saha
  68. Sala
  69. Sama
  70. Sanda
  71. Sarasana
  72. Satwa
  73. Satyasanda
  74. Senani
  75. Somakirti
  76. Subahu
  77. Subatsa
  78. Sulocana
  79. Suhasta
  80. Sunaba
  81. Suwarcas
  82. Suwarman
  83. Ugayuda
  84. Ugra
  85. Ugrasena
  86. Ugrasrawa
  87. Upacitra
  88. Upanandaka
  89. Urnanaba
  90. Wahwasin
  91. Watawega
  92. Wikarna
  93. Wikatanana
  94. Winda
  95. Wirabau
  96. Wirawi
  97. Wisalaksa
  98. Wiwingsati
  99. Wiwitsuh
  100. Wiyudarsus

    Dina béréndélan di luhur aya ngaran Bima, tangtu béda jeung Bima anu aya di Pandawa, anak Kunti Nalibrata. (Red)

    Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.

Baca Juga:  Pelatih Persib Bebaskan Menu Latihan Mandiri Para Pemain