Bumi Alit jeung Muludan di Kampung Adat Arjasari

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kampung Adat Arjasari téh ku urang dinyana mah sok disarebut Kabuyutan Lebakwangi Batukarut. Perenahna di Kampung Batukarut, Désa Lebakwangi, Kacamatan Arjasari, Kabupatén Bandung.

Anu jadi ciri utamana nya éta wangunan anu disebut Bumi Alit. Di jerona aya rupa-rupa barang pusaka titinggal Embah Manggungdikusumah kayaning kujang, keris, tumbak, badi, jeung gobang.

Ari Embah Manggungdikusumah téh anu ngadegkeun éta kampung sarta salasaurang anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon pakidulan Bandung.

Salian ti barang pusaka anu disebut di luhur, di Bumi Alit ogé aya sumbul jeung gamelan anu katelah goong rénténg Embah Bandong. Gamelan kabuyutan anu ditabeuhna unggal tanggal 12 Mulud dina mangsana Muludan, nya éta pangéling-ngéling dibabarkeunana Kangjeng Nabi Muhammad Saw.

Baca Juga:  Anies Baswedan Injak Rem Darurat, DKI Jakarta Kembali Terapkan PSBB

Mémang bulan Mulud mah di Kampung Adat Arjasari téh sok ramé. Aya tilu kagiatan dina mangsana Muludan, nya éta caramah agama, ngarumat barang pusaka, jeung botram.

Kabéh barang pusaka anu aya di Bumi Alit dikaluarkeun, diberesihan, tuluy dibungkus deui ku boéh lima lapis. Diteundeunna deui di Bumi Alit ogé henteu sagawayah deuih. Diawuran kembang rampé sarta disarékeun dina pangsaréan anu beresih tur maké bantal leutik. Saréngséna ngumbah barang pusaka, diteruskeun kana botram nya éta barangdahar babarengan anu diluluguan ku kokolot lembur.

Baca Juga:  Bahaya! Dua Mobil Ugal-ugalan Saling Kejar di Tol Buah Batu

Tanggal 12 Mulud di Bumi Alit kacida raména. Warga daratang ka Bumi Alit bari ngajaringjing rantang anu eusina kadaharan has Sunda kayaning ranginang, opak, kolontong, wajit, katimus, lemper, borondong, bugis, jeung sajabana.

Lain urang Arjasari baé anu daratang téh, urang luar ogé loba anu datang, nya éta anu hayang milu aub kana éta acara. Upacara adat di Kampung Arjasari geus lumangsung turun-tumurun salila ratusan taun.

Baca Juga:  Plang Nama Jalan Ir. Soekarno Dicopot, Plt. Bupati Berang

Di wewengkon Bumi Alit aya makam karuhun anu sok dijararahan nya éta makam Embah Lurah Sutadikusumah, Embah Wira Sutadikusumah, Embah Patrakusumah, Embah Aji Kalangsumitra, jeung Embah Dalem Andaya Sakti.

Waktu jarahna ogé teu bisa sagawayah deuih, ngan bisa poé Senén jeung Kemis baé. Poé Salasa salila bulan puasa mah, Bumi Alit téh teu meunang pisan didatangan ku jelema, ari lain kuncén jeung patugasna mah. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah