Toponimi Jawa Barat: Ngaran Tempat nu Asalna tina Tatangkalan (1)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kolot urang baheula mah mun méré ngaran tempat téh sok dicokot anu jadi cirina di éta tempat.

Upamana baé anu jadi cirina téh tatangkalan: Mun tangkal bungur disebut Cibungur, mun aya tangkal campaka disebut Campaka.

Mun di hiji pasir aya atawa loba tangkal muncang disebut Pasir Muncang. Mun éta muncang téh jadina lebah parakan, disebut Parakan Muncang. Di walungan aya kapundung gedé, disebut Walungan Cikapundung.

Di Tatar Sunda mah kaitung loba ngaran patempatan anu nyokot tina ngaran tatangkalan téh, boh anu sok aya di leuweung, boh tangkal anu sok diala buahna di pilemburan.

Baca Juga:  Empat Parpol di Jabar Dapat Penghargaan Keterbukaan Informasi Publik dari Ridwan Kamil

Geura urang tataan tangkalna bari diterangkeun saperluna, sarta disebut ngaran tempatna. Ayeuna urang dimimitian ku tangkal kakaian heula, ké urang sambung ku tangkal lianna.

Hampura, ngaran-ngaran tempatna ngan dituliskeun anu ingetna baé, bisi rék ditambahan mah, mangga téh teuing.

Angsana, ngaran sarupa kai gunung; dipaké ngaran pasir di Cikalong Wétan (Kabupatén Bandung Barat/KBB), katelahna Pasir Angsana.

Asem, tangkal nu daunna rérégéan sarta buahna haseum, biasa dipaké samara; dipaké ngaran tempat Ciasem (Subang, Purwakarta)

Beunying, ngaran tangkal sabangsa loa, dijadikeun ngaran tempat Cibeunying (Kota Bandung).

Baca Juga:  Buruh Terciduk Nyabu

Bihbul, sok disebut ogé samolo, mabolo, atawa kopo bihbul, ngaran tangkal, cangkang buahna kawas buludru beureum, dagingna bodas semu konéng, ngeunah didahar; dijadikeun ngaran tempat Kopo Bihbul (Kabupatén Bandung).

Bingbin, sabangsa cau leuweung, dijadikeun ngaran tempat Cibingbin (Purwakarta, Kuningan)

Bungur, ngaran tangkal kai, kembangna alus warna wungu atawa péar, kaina alus keur bahan imah, kulitna sok dipaké ngareneng jeung ngareueuy; dipaké ngaran tempat Cibungur (Purwakarta, Karawang, Sukabumi, Bogor, KBB), Pasir Bungur (Kab. Bandung, Subang).

Campaka , ngaran tangkal nu seungit kembangna, kaina lemes; dijadikeun ngaran tempat Campaka (Purwakarta, Cianjur, KBB).

Baca Juga:  Begini Cara Creator Body Fit Class Sambut HUT RI di Tengah Pandemi

Cantigi, ngaran tangkal leutik sabangsa marémé, jadina di gunung nepi ka puncakna, kaina tegar, pucukna sari haseum, sok dilalab; dijadikeun ngaran tempat Cantigi di Ciwidéy (Kab. Bandung).

Caringin, ngaran tangkal kai gedé sabangsa kiara, sok dipaké panayogéan, sok ngahaja dipelak di alun-alun; dijadikeun ngaran tempat Caringin (Kota Bandung, Bogor, Sukabumi, Garut).

Ceuri, ngaran tangkal sabangsa manggu; dijadikeun ngaran tempat Parakan Ceuri (Purwakarta), Ciceuri (Subang, KBB).

Lajengkeuneun (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.