Toponomi Jawa Barat: Ngaran Tempat nu Asalna tina Tatangkalan (2)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Toponimi téh élmu basa anu maluruh asal-usul ngaran tempat. Di nagara maju mah, kaasup di Amérika Serikat, toponimi téh enya-enya ditalungtikna. Sabab dianggap bagian tina sajarah nagara jeung bangsana.

Tina nalungtik toponimi, lain asal-usulna baé anu kanyahoan téh, tapi ogé poténsi daérahna. Sabab ngaran tempat teu bisa dileupaskeun tina kaayaan alam, kahirupan sosial masarakatna, katut ajén-inajén anu aya di dinya.

Tong jauh-jauh di urang wé. Di tempat anu ngaranna Pasir Muncang, baheulana loba tangkal muncang anu galedé jeung leubeut. Hartina, tanah di dinya alus lamun dijadikeun tempat budidaya tangkal muncang.

Muncang téh kaasup tangkal anu hadé keur “penghijauan”, urang dinya moal hésé cai, sarta muncangna bisa ngahasilkeun deuih. Kitu deui di tempat anu ngaranna Cijéngkol, Cipicung, jeung sajabana.

Baca Juga:  Catat! Ini Kronologi Tewasnya Hermanto Dardak karena Kecelakaan Mobil di Tol Batang-Pemalang

Éta conto anu basajanna. Tangtu lamun ditalungtik enya-enya mah bisa leuwih ti kitu. Sabab unggal tangkal miboga kaistiméwaan masing-masing.

Yu, urang terus medar ngaran tempat anu asalna tina tatangkalan.

Dadap, ngaran sarupa tangkal nu sok dipaké iuh-iuh kebon entéh, aya dadap cangkring deuih, anu tangkalna cucukan; dijadikeun ngaran tempat Cidadap (Kota Bandung, KBB, Subang, Cianjur, Sukabumi, Tasikmalaya), Péngkolan Dadap di Wanayasa (Purwakarta).

Dangdeur, ngaran tangkal kai sabangsa randu di leuweung; jadi ngaran tempat Dangdeur (Kab. Bandung, Garut, Subang, Purwakarta, Cianjur).

Baca Juga:  Pemprov Jabar Perketat Pengawasan WNA

Dahu atawa kidahu, ngaran tangkal kai; jadi ngaran tempat Cidahu (Kuningan, Subang, Cimahi, Garut).

Damar atawa kidamar, ngaran tangkal kai sabangsa camara, anu diarah geutahna (arpus) pikeun nyampuran minyak cét, jsb; jadi ngaran tempat Cidamar (Kota Bandung, Bogor, Cianjur).

Dukuh, ngaran tangkal jeung buahna sabangsa pisitan, ngan leuwih ngeunah, hargana leuwih mahal ti pisitan atawa kokosan; dipaké ngaran Kampung Dukuh (Garut).

Gadog, ngaran tangkal kai leuweung jeung ngaran buah gintung; dipake ngaran Cigadog (Bogor, Garut, Sukabumi).

Ganitri, ngaran tangkal jeung buahna nu sikina sok dijieun tasbéh, kongkorong, jsb.; dijadikeun ngaran tempat Ciganitri (Bandung).

Gebang, ngaran tutuwuhan sabangsa palem; dijadikeun ngaran tempat Cigebang (Bekasi, Subang), Bantargebang (Bekasi).

Baca Juga:  Simak! Pendaftaran CPNS Segera Ditutup, Ini Jadwalnya

Gintung, ngaran tangkal, buahna disebut gadog, teu beunang didahar; dipaké ngaran tempat Cigintung (Kuningan, Garut, Sumedang),Bojong Gintung (Cianjur).

Hantap, ngaran tangkal kai luhur nu kembangna bau biuk, kaina bodas geuneuk, hampang jeung teu awét kapakéna, ukur dijieun peti, daunna dipaké ubar, sikina disambel, loba ngandung minyak, dipa¬ké ngagoréng atawa palita; dipaké ngaran tempat Babakan Hantap (Kota Bandung).

Huni, ngaran tangkal kai jeung buahna nu ranggeuyan siga gandola, ngeunah didahar; dipaké ngaran tempat Cihuni (Purwakarta, Garut, Tangerang), Legokhuni (Purwakarta).

Lajengkeuneun! (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah