Toponimi Jawa Barat: Ngaran Tempat nu Asalna tina Tatangkalan (3)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Tétéla di Jawa Barat loba ngaran tempat anu asalna tina tangkal Jati. Geura di Bandung baé ogé aya Babakan Jati, Cijati, Kebon Jati, Gardu Jati, jeung Jatihandap. Ari Jatiluhurna aya di Purwakarta.

Can anu aya di Majalengka, Sumedang, Karawang, Kuningan, Bekasi, jeung sajabana. Éta nandakeun yén baheula di Jawa Barat loba tangkal jati, mun teu kitu loba leuweung jati.

Ari lalawanan tina jati, anu aya dina paribasa “jati kasilih ku junti”, nya éta junti henteu loba. Ngaran Cijunti kakara kapanggih di Purwakarta. Anu rada loba téh di kalér, di Indramayu aya Junti, Juntinyuat, jeung Juntiweden.

Naha bisa kitu? Keun, éta mah guareun engké deui.

Baca Juga:  Unggah Momen Bersama Elizabeth Truss, Ridwan Kamil: The Power Of Cendol Elizabeth

Ayeuna mah urang teruskeun nataan ngaran tempat anu asalna tina tatangkalan, utamana tangkal kai.

Jambé, ngaran tutuwuhan sabangsa palem, buahna nu kolot sok dipaké bungbu seupaheun ari nu ngora sok dipaké bahan nyamak kulit; dipaké ngaran tempat Cijambé (Subang, Kota Bandung, Bekasi, Sukabumi), Teluk Jambé (Karawang).

Jambu, ngaran tangkal jeung buahna; dipaké ngaran tempat Pasir Jambu (Kab. Bandung, Bogor), Cijambu (Bandung, Sumedang, Sukabumi, Bogor), Tegal Jambu (Garut, Bogor, Sukabumi)

Jati, ngaran tangkal anu kaina teuas, kuat sarta alus pisan (kai kelas hiji); dipaké ngaran tempat Babakan Jati (Bandung, Purwakarta, Karawang, Bogor), Jatitujuh (Majalengka), Cijati (Majalengka, Bandung, Cianjur, Garut, Bekasi), Bantar Jati (Bogor)

Baca Juga:  DHPI Gaet Tika Zeins Bawakan "Aku Takut" Milik Repvblik

Aya deui Babakan Jati (Karawang, Purwakarta, Kuningan, Bekasi), Jatiluhur (Purwakarta), Jatihandap (Kota Bandung), Jatiwangi (Majalengka), Jatinangor (Sumedang), Jatiragas (Karawang), Jatijajar (Dépok, Bogor), Gardujati (Kota Bandung), Kebon Jati (Kota Bandung), Jatigedé (Sumedang). Jatibarang (Cirebon).

Malah di Jakarta ige aya Rawajati jeung Kramatjati.. Aya Pejaten deuih, anu asalna tina Pejatian.

Jawura, ngaran tangkal kai, buahna haseum, sok didahar; dipaké ngaran tempat Cijawura (Kota Bandung).

Jéngkol, ngaran tangkal jeung buahna, buahna bau sok dipaké lalab atawa disemur; dipaké ngaran Cijéngkol (Subang, Lémbang KBB, Bekasi), Pasir Jéngkol (Garut, Kab. Bandung, Karawang).

Jeruk, ngaran tangkal jeung buahna; dipaké ngaran tempat Cijeruk (Bandung, Sukabumi, Garut, Bogor, Sumedang), Kebon Jeruk (Sukabumi, Bandung, Garut), Solokan Jeruk (Kab. Bandung). Malah di Jakarta gé aya ngaran tempat Kebon Jeruk mah, jeung Jeruk Purut deuih.

Baca Juga:  Geser M Luthfi, Zulkifli Hasan Janji Tuntaskan Masalah Minyak Goreng

Jeungjing, ngaran tangkal kai nu sadulur jeung jéngjén, albasia, jsb; dipaké ngaran tempat Cijeungjing (Ciamis, Sumedang, KBB); Jeungjingrigil (KBB), Pasir Jeungjing (Sumedang).

Johar, juar, ngaran tangkal kai, sok dipelak sisi jalan, kembangna konéng, buahna siga peuteuy sélong, tapi teu beunang didahar; dipaké ngaran tempat Johar (Karawang).

Junti, ngaran tangkal nu teu sabaraha gunana; dipaké ngaran tempat Cijunti (Purwakarta), Junti (Indramayu, Kab. Bandung), Juntinyuat (Indramayu), Juntiweden (Indramayu).

Lajengkeuneun (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.