Toponimi Jawa Barat: Ngaran Tempat nu Asalna tina Tatangkalan (4)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Ngaran tempat anu maké “kadu” kaitung loba di Jawa Barat. Méh di unggal wewengkon aya. Hartina bisa jadi di mana baé, ngan tangtu wé anu miboga ciri-ciri nu sarua, boh tanahna boh hawana. Alus mun ditalungtik téh.

Upamana baé di wewengkon Wanayasa jeung Kiarapedes (Purwakarta) anu umumna hawana tiis, lantaran aya di tutugan Gunung Burangrang, aya Cikadu jeung Kadubandeng di beulah kalér, anu tempatna leuwih handap. Hawana ogé henteu tiris-tiris teuing upama dibandingkeu jeung Sumurugul atawa Cileungsing (di kidul).

Di sapanjang jalan Rancadarah ogé mun usum kadu mah, sok loba anu dagang kadu. Lolobana kadu ti wewengkon Gurudug jeung Taringgul. Tapi ayeuna mah geus aya anu nyiliwuri mawa kadu ti daérah séjén.

Tangkal kalapa deuih anu aya di mana-mana téh. Sumebar di unggal wewengkon di Jawa Barat.

Yu, urang teruskeun nataan ngaran tempat anu asalna tina tatangkalan, utamana tangkal kai jeung bungbuahan.

Kadongdong, ngaran tangkal jeung buahna nu ngeunah didahar, daunna sok mindeng rigil ku hileud; dipaké ngaran tempat Cikadongdong (Tasikmalaya, Majalengka, Kuningan).

Baca Juga:  Siap-siap! Warga Non-DTKS Akan Dapat Rp500 Ribu, Pastikan Kamu Kebagian?

Kadu, durén, durian, ngaran tangkal jeung buahna anu pinuh ku cucuk, eusina lima kangkot, tandana asak mun geus seungit; dipaké ngaran tempat Cikadu (Purwakarta, Cianjur, Banjar, Tasikmalaya, Sumedang, Bogor, Kuningan, Subang, Sukabumi).

Terus aya Kadudampit (Cianjur, Sukabumi), Kadungora (Garut), Cikaduéla, Kadugedé (Kuningan), Kadubandeng (Purwakarta), Pasir Kadu (Sukabumi, Kab. Bandung, Cianjur), Kadumanggu (Bogor), Babakan Kadu (Tasikmalaya).

Di Bandung aya walungan anu ngaranna Cidurian, sarua jeung di Bogor. Di Banten loba tempat anu maké ngaran kadu, malah di Jakarta ogé aya Durén Sawit.

Kalapa, ngaran tangkal jeung buahna, sabangsa palem, anu loba pisan gunana; akarna, tangkalna, daunna, pucukna, sumawonna buahna bisa dimangpaatkeun; dipaké ngaran tempat Kebon Kalapa (Kota Bandung, Kab. Bandung, Cimahi, Bogor, Sukabumi), Kalapanunggal (Sukabumi, Cianjur, Bogor, Ciamis), Kalapagenep (Tasikmalaya), Kalapadua (Karawang, Kab. Bandung), Tegal Kalapa (Subang).

Kamuning, ngaran tangkal kai (leutik) nu sok dipelak di makam atawa dipaké ngahias pakarangan, kembangna bodas sarta seungit, kamuning leutik sok dipaké pa¬ger hirup; dipaké ngaran tempat Cikamuning (KBB).

Baca Juga:  Empat Menteri Sepakat Batasi Pengunaan Gawai Di Satuan Pendidikan.

Kananga, ngaran tangkal sabangsa campaka, kem¬bangna seungit, warnana héjo semu konéng; dipaké ngaran tempat Kananga (Purwakarta, Sukabumi, Cirebon, Bekasi), Cikananga (Sukabumi, Pasir Kananga (Sukabumi).

Kapas, ngaran tutuwuhan sabangsa anggrem jeung eusi katut ngaran buahna nu siga kapuk nu bisa dijieun benang tinun; dipaké ngaran tempat Cikapas (Ciamis).

Kapundung, ménténg atawa bencoy gedé; dipaké ngaran Walungan Cikapundung (Bandung).

Karét, tangkalna anu biasa diala geutahna; dipaké ngaran tempat Cikarét (Cianjur, Bogor, Sukabumi).

Kareumbi, ngaran tangkal kai leutik, kungsi ilahar dipelak dipaké iuh-iuh kebon kopi, kulitna nu ngandung geutah bodas kawas cisusu, baheula sok dipaké nyelep pakéan; dipaké ngaran tempat Kareumbi (Kab. Bandung, Sumedang), Cikareumbi (Lémbang KBB).

Karoya, ngaran tangkal kai; dipaké tempat Karoya (Purwakarta, Kuningan). Di Cirebon jadi Kroya, sarua jeung di Jawa Tengah.

Katapang, ngaran tangkal kai, dahanna lalempeng ka gigir kawas randu, buahna mun geus asak beureum, sikina pelem saperti kanari; dipaké ngaran tempat Katapang (Kab. Bandung).

Baca Juga:  Wah! NU Sebut Masih Ada Praktik Perdagangan Orang Terselubung, Benarkah?

Katomas, ngaran tutuwuhan, urat daunna jeung kembangna konéng siga emas; dipaké ngaran tempat Cikatomas (Tasikmalaya, Ciamis).

Kawao atawa kao, ngaran sarupa tutuwuhan, papaganana sok dipaké ngungkurahan lodong sadap supaya lahangna ulah téréh haseum; dipaké ngaran tempat Cikawao (Kota Bandung, Kab. Bandung), Cikao (Purwakarta)..

Kawéni, ngaran sarupaning manggah, méh sarua jeung bembem, seungit; dipaké ngaran tempat Cikawéni (Bogor).

Kawung, ngaran sarupa palem nu réa gunana, lahangna sok dijieun gula, cuka, tuak; dipaké ngaran tempat Cikawung (Ciamis, Kab. Bandung), Kebon Kawung (Kota Bandung), Kawung Tilu (Bekasi), Bojong Kawung (Bekasi).

Di Brebes ogé aya Bantarkawung. Teu anéh, sabab baheula mah Brebes téh kaasup ka wewengkon Karajaan Sunda jeung Galuh. Di dinya mah nepi ka kiwari sabagian masarakatna ngagunakeun basa Sunda.

Lajengkeuneun (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.