Toponimi Jawa Barat: Ngaran Tempat nu Asalna tina Tatangkalan (5)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Loba nu nyebutkeun. yén ngaran tempat di Tatar Sunda mah sok dipiheulan ku “ci-“, anu ngandung harti “cai”. Tandaning urang Sunda mah teu bisa jauh tina “cai”.

Henteu salah éta anggapan téh. Tapi ngaran tempat anu dimimitian ku kecap anu ngandung harti cai, lain di Sunda baé, di daérah séjén ogé lona.

Upamana baé di Jawa kecap “banyu”, hartina sarua jeung “cai”. Aya Banyuwangi, mun disundakeun sarua jeung Ciwangi. Terus Banyumas (Ciomas), Banyuurip (Cikahuripan), Banyu Biru (Cibiru), jsb.

Di Sumatera disebutna “aek”, “air”, atawa “way”. Aek Itam di Jambi sarua jeung Cihideung di urang, teu béda ti Ayer Hitam di Malayasia. Cibodas di urang disebut Air Putih di Sumatera Utara, Way Seputih di Lampung.

Baca Juga:  KMB Minta Bupati Garut Tunda Pelantikan Sekda

Ngaran tempat Air Hitam (Cihideung) jeung Air Putih (Cibodas) ogé aya di Samarinda, Kalimantan Timur.

Tong jauh-jauh ngaran susukan di Jakarta baé ogé aya sasaruanana di Sunda. Di antarana Kali Deres (Citarik) jeung Kali Item (Cihideung). Ngaran Lembur Kali Bening di Ménténg, sarua jeung Cihérang di urang.

Yu, ayeuna mah urang teruskeun nataan ngaran tatangkalan anu dijadikeun ngaran tempat di Jawa Barat.

Kemang, binglu, ngaran tangkah jeung buahna nu lonyod semu konéng, sikina gedé, dagingna seungit sari haseum, sok dirujak; dipaké ngaran tempat Kemang (Bogor, Bekasi). Di Jakarta ogé aya tempat anu ngaranna Kemang téh.

Kiara, ngaran tangkal sabangsa caringin, tapi daunna Ieuwih rarubak, sarta rada heuras; dipaké ngaran tempat Kiarapedes (Purwakarta), Babakan Kiara (Purwakarta, Bogor, Tasikmalaya. Karawang), Kiaracondong (Kota Bandung, Wanayasa Purwakarta), Legok Kiara (Bandung).

Baca Juga:  Begini Cara Membersihkan Lem Bekas Stiker Pada Motor

Kiray, ngaran tutuwuhan ranca sabangsa palem anu umurna ngan nepi ka buahan, daunna siga daun kalapa, sok dipaké hateup, kulit palapahna dijieun kajang; dipaké ngaran Cikiray (Sukabumi, Bogor).

Kondang, ngaran tangkal sabangsa loa, beunying, kopo, jsb. buahna sok dipaké ubar tajam; dipaké ngaran tempat Cikondang (Kab. Bandung, Cianjur, Tasikmalaya), Legok Kondang (KBB), Warung Kondang (Cianjur).

Kopo, ngaran kai sabangsa kondang; dipaké ngaran tempat Kopo (Bandung), Cikopo (Purwakarta, Kab. Bandung, Garut, Bekasi), Leuwi Kopo (Bogor).

Koranji, ngaran tangkal jeung buahna; dipaké ngaran tempat Koranji (Subang, Purwakarta). Di Bekasi jeung Jakarta mah disebutna Kranji.

Baca Juga:  DPRD Kota Bogor Pertanyakan Penolakan Raperda Santunan Kematian oleh Pemprov Jabar

Kosambi, ngaran tangkal kai nu sok diareng, buahna ngandung minyak sok dipaké ngaminyakan sirah, kulitna (papaganana) dipaké ubar, pucukna dilalab; dipaké ngaran tempat Kosambi (Kota Bandung, Karawang). Di Jawa disebutna Kesambi.

Kupa, ngaran tangkal jeung buahna nu baruleud sagedé kaléci, asakna semu wungu, rasana amis sari haseum; dipaké ngaran tempat Cikupa (Bogor, Kab. Bandung, Sumedang). Pasir Kupa (Bogor, Cianjur).

Kuray, atawa kitamiang, ngaran tangkal kai kembangna héjo lalembut, kaina teu pati kuat, tapi sok dipaké nyieun peti entéh, kulitna dilulub dijieun tambang, geutahna nu semu beureum dipaké ngareueuy (heurap jsb); dipaké ngaran Gunung Cikuray (Garut), Leuwi Kuray (Kab. Bandung).

Lajengkeuneun (Red).

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.