Toponimi Jawa Barat: Ngaran Tempat nu Asalna tina Tatangkalan (6)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kiwari aya dua kabupatén nu kawilang anyar di Jawa Barat, nya éta Kabupatén Bandung Barat jeung Kabupatén Pangandaran.

Urang pedar ngeunaan ngaranna baé, saluyu jeung bahasan urang ayeuna nya éta toponimi.

Kabupatén Bandung Barat téh pamekaran ti Kabupatén Bandung. Lamun seug hiji mangsa Kabupatén Bandung Barat dimekarkeun deui, lantaran lega kénéh tur padumukna gegek, matak riweuh mun ngagunakeun pola méré ngaran tempat saperti kitu.

Engké téh meureun aya Kabupatén Bandung Barat Selatan, Kab. Bandung Barat Utara, Kab. Bandung Barat Timur, atawa Kab. Bandung Barat Barat. Salian ti panjang teuing téh, teu ngeunaheun wé kadéngéna.

Anu merenah mah Kabupatén Pangandaran, henteu ieuh maké ngaran Kabupatén Ciamis Selatan, saperti pola nu dipaké di Kabupatén Bandung. Dicokot ngaran daérah anu pangkakoncarana, Pangandaran.

Lamun téa mah enya rék aya kabupatén anyar deui anu ngaranna Kabupatén Garut Selatan, Kabupatén Tasikmalaya Selatan, Kabupatén Bogor Utara, jsb. mending ganti baé ku ngaran tempat anu pangkakoncarana, pangkahotna, atawa pangnatratna sajarahna di éta wewengkon.

Baca Juga:  Menuai Banyak Kritikan, Akhirnya Kepgub Pesantren Direvisi

Méh teu riweuh ka hareupna, sakaligus mageuhan sarta ngeuyeub-ngeuyeub sajarah lokal di Jawa Barat.

Yu, ayeuna mah urang teruskeun nataan ngaran tatangkalan anu dipaké ngaran di Jawa Barat.

Lamé, ngaran tangkal, papaganana sok dipaké ubar malaria, rasana pait saperti kina; dipaké ngaran Cilamé (Kab. Bandung Barat, Kab. Bandung, Ciamis, Bogor).

Langkap, ngaran tangkal kai sabangsa palem, bédana ti kawung téh buahna paranjang, kaina nu tegar jeung hideung sok dipaké gagang pakarang (tumbak, kuli, cagak, jsté), lahangna leuwih amis jeung leuwih seungit ti lahang kawung; dipaké ngaran Cilangkap (Purwakarta, Bogor, Tasikmalaya, Dépok); Langkaplancar (Banjar). Di Jakarta gé aya ngaran Cilangkap.

Leungsi, ngaran sarupa tangkal kai, dipaké ngaran tempat Cileungsi (Bogor).

Leungslr, kileungsir, ngaran sarupa tangkal; dipaké ngaran Cileungsir (Ciamis).

Limus, ngaran buah sabangsa kawéni, ngan leuwih loba jarotna, geutahna matak tutung kulit; dipaké ngaran tempat Cilimus (Kuningan, Garut, Cirebon, Bandung), Bojong Limus (Cianjur), Limus Nunggal (Bogor), Pasir Limus (Bekasi).

Baca Juga:  Cegah Covid-19, Kwarda Pramuka Sumut Semprot Disinfektan Di Sergai

Liwung atawa handiwung, ngaran tangkal (palem) cucukan, daunna kawas daun kalapa, ilahar jadi di basisir, tangkalna leutik tapi wedel, sok dipaké tihang imah dina tanah ranca; lamun dipasian bisa dipaké palupuh, daunna dipaké hateup, buahna rajeun dipaké nyeupah gaganti jambé; dipaké ngaran Walungan Ciliwung (Bogor).

Loa, ngaran tangkal sabangsa beunying, buahna sok didahar; dipaké ngaran tempat Babakan Loa (Purwakarta, Cimahi, Kota Bandung, Kab. Bandung, KBB), Ciloa (Sumedang, Kuningan, Purwakarta, Garut, Majalengka, Kab, Bandung), Bojongloa (Purwakarta, Subang, Garut, Kota Bandung), Pasirloa (Cianjur)

Malaka, ngaran tangkal jeung buahna nu baruleud sagedé lobi-lobi warna héjo ngora, rasana kesed, tapi mun tuluy dirarasakeun sok asa amis; dipaké ngaran tempat Cimalaka (Sumedang), Pasir Malaka (Kota Bandung, Cianjur, KBB), Tegal Malaka (Garut, Bogor, Purwakarta)

Manggu, ngaran tangkal jeung buahna nu baruleud kira-kira sagedé apel, cangkangna (nu asak) hideung, eusina bodas, rasana amis, jumlah sikina (eusina) cocog jeung cupatna; dipaké ngaran tempat Cimanggu (Bogor, Sukabumi, Kab. Bandung), Pasir Manggu (Sumedang, KBB), Bojong Manggu (Bekasi, Purwakarta), Tanjung Manggu (Ciamis).

Baca Juga:  Nekad Berwisata Ke Purwakarta, Ratusan Kendaraan Diputar Balik

Manggu sok disebut manggis, dipaké ngaran Cimanggis (Dépok, Bogor, Sukabumi), Pasir Manggis (Bogor), Puncak Manggis (Sukabumi). Di Jakarta ogé aya Cimanggis mah.

Manglid, ngaran tangkal anu alus kaina keur dangdanan imah; dipaké ngaran tempat Manglid (Purwakarta, Sukabumi, Kab. Bandung), Pasir Manglid (Sukabumi).

Marémé, ngaran sarupa tangkal, daunna sok dipaké lalab atawa parab embé; dipaké ngaran tempat Cimarémé (Garut, Cimahi, KBB).

Ménténg, bencoy bodas, ngaran tangkal jeung buahna nu baruleud sagedé kaléci, sarta raranggeuyan, didaharna cara kokosan; dipaké ngaran tempat Ménténg (Bogor), Ciménténg (Cianjur, Sukabumi, Cimahi, Bandung, Subang), Bojong Ménténg (Bekasi, Sukabumi), Warung Ménténg (Bogor).

Ngaran tempat Ménténg ogé aya di Jakarta.

Mindi, ngaran sarupa tangkal, kaina sok dipaké bahan imah; dipaké ngaran tempat Cimindi (Cimahi, Kuningan).

Lajengkeuneun (Red)



Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.