Toponimi Jawa Barat: Ngaran Tempat nu Asalna tina Tatangkalan (7)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Tangkal picung jeung muncang téh kaasup tangkal anu hadé pikeun “penghijauan”. Bisa nadah jeung nahan cai hujan anu kawilang loba. Komo tangkal picung mah.

Picung sok disebut ogé kelewek, ceuk urang Batawi mah pucung, ari basa Indonésiana kepayang. Jadi paribasa “mabuk kepayang” téh sacara harpiah sarua hartina jeung “mabok picung” atawa “mabok kelewek”.

Ceuk tukang kai, kai picung mah beurat, sabab loba ngandung cai. Pokona mah di tempat anu aya tangkal picung, biasana tara kakurangan ku cai. Dituar wé tangkal picungna, bisa-bisa caina ngorotan mun teu saat ogé.

Buahna ogé payu deuih, dipaké panyari kaolahan. Di Bekasi upamana, minangka kadaharan hasna téh Gabus Pucung, nya éta lauk gabus anu maké samara picung alias kelewek. Hideung tapi ngeunah jeung pelem.

Kitu deui jeung muncang. Tangkalna alus keur “penghijauan”, buahna boga niléy ékonomi. Sambel muncang, matak ponyo kana dahar.

Baca Juga:  Viral!!! Seorang Penumpang Mabuk dan Serang Kru Pesawat Hingga Mendarat Darurat

Tah, ayeuna urang teruskeun nataan tatatangkalan anu dipaké ngaran tempat di Jawa Barat.

Muncang, ngaran tangkal jeung ngaran buahna, siki buahna batokan kawas kanari, sok dipaké bancul, eusina pelem ngandung minyak, sarta sok dipaké sambara; dipaké ngaran Muncang (Tasikmalaya), Cimuncang (Kota Bandung, Garut, Sukabumi, Majalengka, Kab. Bandung).

Pasirmuncang (Purwakarta, Garut, Majalengka, Bogor, Sukabumi), Parakanmuncang (Sumedang, Kab. Bandung, Bogor), Karangmuncang (Kuningan), Warungmuncang (Kota Bandung)

Nangka, ngaran tangkal jeung buahna, sabangsa campedak, tapi leuwih gedé, geutahan loba, buahna nu asak seungit; dipaké ngaran tempat Nangka (Kuningan), Cinangka (Bogor, Kota Bandung, Tangerang, Purwakarta, Dépok), Bojongnangka (Bogor), Nangkasuni (Kota Bandung), Pasirnangka (Purwakarta, Bogor, KBB), Nangkabeurit (Subang), Nangkakonéng, Datarnangka (Sukabumi).

Nangsi, ngaran sarupa tangkal kai leutik, kembangna héjo, kulitna ngandung lulub, ari geutah tina kulit jeung daunna sok dipaké ubar rupa-rupa kasakit; dipaké ngaran tempat Tanjaknangsi (Purwakarta), Cinangsi (Subang, Tasikmalaya, Garut, Cianjur, Kab. Bandung). Di Cilacap gé aya ngaran tempat Cinangsi mah.

Baca Juga:  Soal Pemutaran Film G30/S PKI, Mahfud MD: Tak Ada yang Larang

Paku, ngaran sarupa tutuwuhan nu ngarekahanana ku “sepora”; dipaké ngaran tempat Cipaku (Ciamis, Bogor, Sumedang, Kota Bandung, Kab. Bandung, Majalengka), Lebakpaku (Purwakarta), Pakuhaji (Cimahi, Kota Bandung, KBB), Pakutandang (Kab. Bandung), Rancapaku (Tasikmalaya).

Palasari, ngaran sarupa tutuwuhan nu sok diarah kulitna keur jajamu atawa sambara; dipaké ngaran tempat Palasari (Bandung, Subang, Sumedang, Ciamis)

Pari, ngaran tangkal jeung ngaran buahna nu siga buah gedong tapi leutik, rasana haseum, kabeuki monyét di leuweung; dipaké ngaran tempat Cipari (Kuningan, Bogor, Garut, Tasikmalaya), Tegalpari (Purwakarta, Sukabumi), Pangkalan Pari (Majalengka), Awipari (Tasikmalaya).

Petir, peuteuy leuweung; dipaké ngaran tempat Cipetir (Sukabumi, Cianjur), Bojongpetir (Cianjur), Petirhilir (Ciamis), Pondokpetir (Dépok)

Peundeuy, ngaran tangkal jeung buahna sabangsa peuteuy, sikina nu garing sok dipaké ubar nu hudang ngajuru atawa dipaké sambara angeun taleus (poloy); dipaké ngaran tempat Peundeuy (Garut), Cipeundeuy (Subang, Garut, Kab. Bandung, KBB, Sukabumi, Majalengka, Sumedang).

Baca Juga:  Selama Tiga Hari Ke Depan, BMKG Minta Masyarakat Waspada Tentang Ini

Peuteuy, ngaran tangkal jeung buahna, nu sok dipaké deungeun sangu (diatah, dibeuleum, dikulub atawa diolahkeun), bau tapi padabeuki, sarta ngahudang napsu dahar; dipaké ngaran tempat Cipeuteuy (Majalengka, Sumedang, Sukabumi, Bogor), Babakanpeuteuy (Kab. Bandung), Warungpeuteuy (Garut, Tasikmalaya, Kab. Bandung), Kebonpeuteuy (Cianjur), Kulonpeuteuy (Purwakarta).

Di Jakarta aya Cipeté, anu hartina sarua jeung Cipeuteuy.

Picung, ngaran tangkai jeung buahna, sikina ngandung racun, tapi mun geus dikokolakeun ngeunah didahar, dipaké deungeun sangu; dipaké ngaran tempat Cipicung (Garut, Bogor, Tasikmalaya, Majalengka, Kab, Bandung, Kuningan), Gunung Picung (Bogor), Bojongpicung (Cianjur), Dukuhpicung (Kuningan), Picungpugur (Cirebon).

Lajengkeuneun (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.