Toponimi Jawa Barat: Ngaran Tempat nu Asalna tina Tatangkalan (8)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Upama ditengetan, di urang mah can kapanggih ngaran tempat anu maké tangkal cengkéh, kaasup di daérah anu dianggap séntra cengkéh saperti di Wanayasa, Kiarapedes, Bojong (Purwakarta), Sagalahérang, Sérangpanjang (Subang), Ciamis, jeung Bogor.

Kitu deui ngaran-ngaran tempat anu ngagunakeun apel, sirsak, pineus, atawa arbén.

Teu kapanggih ngaran tempat Cengkéh, Bojong Cengkéh, Pasir Apel, Tegal Apel. Atawa ngaran Cicengkéh, Cipineus, Ciarbén, Ciapel, Cisirsak, jsb.

Bisa jadi éta téh lantaran datangna ka urang béh dieu. Béda jeung kopi atawa coklat, kitu ogé henteu loba. Soklat (coklat) upamana, kakara kapanggih di Subang anu aya téh.

Aya ogé Kampung Naga di Tasikmalaya, da euweuh hubunganana jeung buah naga. Ceuk urang dinyana, éta mah wancahan tina Kampung na Gawir, jadi wé Kampung Naga.

Baca Juga:  Soal Pembangunan Tol Cigatas, Budi Budiman: Target Tetap 2024 Beroperasi

Yu, urang teruskeun nataan ngaran tempat di Jawa Barat anu asalna tina tatangkalan.

Pongporang, ngaran tangkal, buahna siga parahu nu panjangna kurang leuwih 1 m, sikina jangjangan cara siki angsrét, papaganana sok disambel; dipaké ngaran Pongporang (Kab. Bandung).

Purut, ngaran tangkal nu buahna siga kelewih, rasana sari haseum; dipaké ngaran tempat Cipurut (Purwakarta, Sukabumi, Kab. Bandung).

Puspa, ngaran tangkal, kaina alus keur dangdanan, pucukna beureum, kembangna bodas semu konéng kira-kira sagedé kembang samoja; dipaké ngaran tempat Tanjakan Puspa, Pusparéog (Purwakarta), Puspanagara (Bogor), Puspahiang, Pusparaja (Tasikmalaya).

Putat, ngaran tangkal, pucukna sari kesed, sok dilalab, dipaké coél sambel, dipaké ngaran tempat Putat (Cirebon), Ciputat (Bandung, Dépok, Kuningan), Putatnutug (Bogor), Rancaputat (Majalengka). Di Jakarta ogé aya ngaran Ciputat mah.

Baca Juga:  Ada Apa Ketua Gugus Tugas Covid-19 ke Surabaya?

Randu, ngaran tangkal, biasana lempeng sarta luhur, dahan-dahanna lempeng ka gigir (baplang), buahna ngahasilkeun kapuk, kaina uduh, kulitna cucukan galedé: dipaké ngaran tempat Cirandu (Sumedang, Sukabumi), Babakan Randu (Sumedang).

Reundeu, ngaran sarupa tutuwuhan nu sok dilalab daunna, alus keur nu anyar ngajuru; dipaké ngaran tempat Cireundeu (Cimahi, Sukabumi, Tangerang).

Reungas, reunghas, atawa rengas, ngaran sarupa tangkal kai, geutahna matak tutung; dipaké ngaran tempat Rengasdéngklok (Karawang), Cireunghas (Sukabumi)

Salak, ngaran tutuwuhan sabangsa palem, palapahna loba cucukan, buahna manggaran, kulitna kawas sisitan, eusina ngeunah didahar, ngan sok aya nu kesed; dipaké ngaran tempat Cisalak (Subang, Cianjur, Majalengka, Sumedang, Dépok), Parakansalak (Sukabumi), Rancasalak (Garut), Pasalakan (Cirebon), Gunung Salak (Bogor).

Baca Juga:  Pemkot Bandung Jajaki Pengelolaan Sampah Jadi Batu Bara, Ini Kata Yana

Sawit, kalapa ciung, ngaran sarupa palem, buahna siga kanari tapi baruleud, manggaran kawas salak, sok diarah minyakna; dipaké ngaran tempat Sawit (Purwakarta), Kalapasawit (Ciamis), Jatisawit (Indramayu),

Sempur, ngaran tangkal kai; dipaké ngaran Sempur (Purwakarta, Karawang, Bogor), Cisempur (Tasikmalaya), Sempurnunggal (Purwakarta).

Sentul, ngaran tangkal jeung buahna sabangsa kacapi, ngan leuwih gedé, tapi haseum; kaina bisa dipaké rahab (kelas II); dipaké ngaran tempat Sentul (Bogor).

Surian atawa surén, ngaran tangkal, kaina semu beureum, alus keur dangdanan imah; dipaké ngaran tempat Surian (Sumedang, Subang), Pasirsurén (Sukabumi), Kalisurén (Bogor).

Lajengkeuneun (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.