Toponimi Jawa Barat: Ngaran Tempat nu Asalna tina Tatangkalan (9)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Tatangkalan lain baé alus keur “penghijauan” anu patalina jeung cai, tapi ogé gedé mangpaatna keur mahluk séjén. Di antarana manuk.

Pikeun manuk mah tatangkalan téh minangka imahna, tempat panonobanana. Tangkal anu gedé tur ngarampidak, bisa disebutkeun istana keur manuk-manuk mah.

Mun di sabudeureun imah loba tatangkalan baradag, teu kudu miara manuk ari ukur hayang ngadéngékeun sorana mah. Isuk-isuk jeung pasosoré, manuk récét patémbalan. Jaba hawana seger deuih, loba tatangkalan mah.

Aya sawatara tatangkalan anu dipikaresep ku sawatara manuk, boh diarah buahna boh diseuseup kembangna. Di antarana baé tangkal sawo, sarikaya, nangka, jambu aér, kadu, balingbing, kemang, jeung jamblang.

Saterusna caringin, koranji, kapuk, karét munding, laban, sempur, mindi, séngon, jeung peuteuy sélong kaasup tangkal anu dipikaresep ku manuk deuih.

Baca Juga:  Pandemi Covid-19 Tak Halangi Polres Purwakarta Gelar Aksi Donor Darah

Yu, urang réngsékeun nataan tatangkalan, utamana mah tangkal kai, anu dipaké ngaran tempat di Jawa Barat.

Tanggulun, ngaran sarupa tangkal kai nu teu sakumaha jangkungna, tapi tangkalna baringkeng, kaina alus keur rahab, daunna sok dipake ubar, buahna beunang (ngeunah) didahar; dipaké ngaran tempat Tanggulun (Subang, Garut, Kab. Bandung).

Tangkil, ngaran tangkal jeung buahna, buahna sok dipaké sayur haseum atawa dipaké emping; dipaké ngaran tempat Tangkil (Subang, Cirebon, Cimahi, Bogor, Sukabumi).

Tangkolo, ngaran sarupa tangkal kai nu teu ilahar dipake dangdanan (imah), nu geus kolot sok aya totol-totol at. tatamblogan hideung dina kaina (disebut olé-olé), alus katénjona, sok dijieun sarangka keris, iteuk, jsté; dipaké ngaran tempat Tangkolo (Kuningan, Cianjur, Karawang).

Baca Juga:  Angka Kematian Kasus Covid-19 Tembus 1.000 Orang dalam Sehari

Tanjung, ngaran tangkal jeung kembangna anu seungit sarta sok ditiiran dijieun manglé keur gelung awéwé; dipaké ngaran tempat Tanjungsiang (Subang), Tanjungsari (Sumedang, Purwakarta, Bekasi, Subang, Bogor).

Salian ti ngaran tatangkalan, kecap “tanjung” ogé istilah géografis dilarapkeun kana tanah anu nyodor ka cai (laut atawa walungan), saperti Tanjungbaru (Karawang), Tanjungpakis (Karawang, Bekasi), Tanjungperiuk (Jakarta).

Teureup, ngaran tangkal anu geutahna rapet; dipake ngaran tempat Citeureup (Bogor, Cimahi, Kab. Bandung, Ciamis)

Waréng, ngaran sarupa tangkal kai; dipaké ngaran tempat Ciwaréng (Purwakarta).

Waringin, caringin; dipaké ngaran tempat Waringin (Majalengka), Ciwaringin (Cirebon, Bogor), Kedung Waringin (Bogor) Kuta Waringin (Cianjur, Kab. Bandung, Tasikmalaya, Ciamis, Kuningan), Ténjo Waringin (Tasikmalaya), Banjar Waringin (Tasikmalaya). Giri Waringin (Kuningan), Kedung Waringin (Bekasi, Bogor), Waringinsari (Banjar).

Baca Juga:  Sebelum Rizky Billar Aniaya Lesti Kejora, Inul Daratista Pernah Sampaikan Ini

Waru, ngaran sarupa tangkal, daunna buluan lemes, sok dipaké bubungkusan, lulubna dipaké tali; dipaké ngaran tempat Waru (Indramayu), Ciwaru (Bogor, Tasikmalaya, Sukabumi, Bandung, Kuningan), Tegalwaru (Bogor, Purwakarta, Karawang).

Banjarwaru (Bogor), Warudoyong (Cianjur), Pasir Waru (Garut), Kebonwaru (Bandung), Waruduwur , Warugedé, Warukawung, Waruroyom (Cirebon), Bantarwaru (Majalengka, Indramayu).

Widara, ngaran sarupa tangkal kai, buahna ngeunah didahar, daunna upama digélang ngabudah kawas sabun, kulitna sok dipaké ubar; dipaké ngaran tempat Ciwidara (KBB), Widarasari (Kuningan), Dukuhwidara (Cirebon).

Réngsé (Red)



Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.