Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun Jadi Legok

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Di urang aya paribasa “Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok”, anu hartina sakumaha héséna ogé pangajaran lamun dikeureuyeuh jeung dileukeunan mah pasti bisa. Éta téh aya dongéngna, kieu:

Baheula, aya santri pohara beletna. Mangtaun-taun masantrén ngan ukur hatam urusan ngaliwet. Malah soal ngaliwet mah kapaké ku ajengan ogé.

Babaturanana mah geus loba anu kaluar ti éta pasantrén, neruskeun ka pasantrén séjén. Malah geus loba anu ngadegkeun pasantrén sorangan ogé. Ari manéhna angger ngotok ngowo di dinya.

Ngarasa taak, pangpangna mah éra ku batur. Tungtungna manéhna bébéja ka ajenganana rék balik ka lemburna. Ari di lembur mah, tani-tani atuh, atawa sagawé-gawé mantuan kolotna.

Tadina mah ku Ajengan gé dihulag, ngan manéhna keukeuh hayang balik. Alesanana, angger, ngarasa éra lantaran diajar itu diajar ieu, teu bisa-bisa.

Isukna manéhna indit ti pasantrén bada salat subuh, maksudna rék balik ka lemburna. Leumpang mipir pasir, unggah gunung turun gunung, mapay jalan satapak.

Baca Juga:  Data Terbaru OJK, Guru Paling Banyak Terjerat Pinjol Ilegal

Tengah poé kakara meunang satengahna. Hartina satengah poé deui, kakara nepi ka lemburna.

Lantaran ngarasa capé, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gék diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakuriling kacida tiieuseunana.

Nu kadéngé téh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak. Beuteungna ngarasa lapar, tuluy baé murak timbel bebekelanana.

Réngsé dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat manéhna reureuh. Bérés wudu, solat lohor luhureun batu lémpar.

Tah, waktu manéhna solat, sora cai nyakclak kadéngéna beuki jelas. Clak … clak … clak …, cenah, siga meunang ngatur. Méh baé solatna batal.

Tutas solat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada ditéangan, bréh … katénjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, méméh ragrag ninggang batu lémpar.

Baca Juga:  Wapres Ma'ruf Amin: Setiap Negara Harus Kerja Sama Tangani Covid-19

Ieu geuning asal datangna sora téh, gerentesna. Ngan édas mani siga beunang ngatur. Sora ragragna ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik-tekna jarum jam.

Kalakuan cai ku manéhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu téa.

Ana diteges-teges, geuning batu anu kacakclakan cai téh, nepi ka legokna.

Hég ku manéhna dipikiran, batu sakitu teuasna bisa legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun.

Heueuh, ari leukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak, bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna.

Naha ari aing…, tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pédah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa éléh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson.

Harita kénéh manéhna ngagidig seja balik deui ka pasantrén. Jero haténa jangji rék leuwih rajin diajar. Cenah éta boga uteuk kacida beletna, rék nurutan laku cai.

Baca Juga:  Pro Kontra Soal Kata "Anjay", Ini Penilaian Menurut Kak Seto

Teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu bisa kénéh, matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah, laun-laun kataékan.

Kajurung ku sumanget rék diajar leuwih getol, leumpangna satengah lumpat. Atuh méméh magrib téh geus datang deui ka pasantrén. Rasa éra duméh geus amitan balik deui, buru-buru disingkirkeun.

Méméh Ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula manéhna ngadadarkeun lalakonna. Nyaéta manggihan cikaracak, ragrag nyakclakan ninggang batu, nepi ka éta batu jadi legok.

“Piraku abdi, manusa, kudu éléh ku cai?” cenah ka Ajengan.

Ku sabab diajarna leuwih enya-enya, sakitu taun ti harita, masantrénna teu burung tamat. Kabéjakeun éta santri belet téh nepi ka boga pasantrén gedé, sarta sohor ajengan luhung élmuna. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.