Sausap-saulas Toponimi Purwakarta (1): Sapertiluna Dimimitian ku “Ci-“

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Ngaran patempatan di Kabupatén Purwakarta téh aya rébuan, ngurung 17 kacamatan, 183 désa jeung 9 kelurahan. Kaasup ngaran kampung (lembur), pasir, legok, tegal, gunung, leuweung, jeung sajabana.

Tina ngaran patempatan anu sakitu lobana téh dicokot sarébu ngaran tempat sacara acak, sangkan meunang gambaran awal pikeun panalungtikan toponimi Purwakarta ka hareupna anu leuwih jembar. Mudah-mudahan wé tinekanan.

Ieu mah minangka mukadimahna, itung-itung ngawanohkeun sabagian kabeungharan budaya di Purwakarta. Dimimitian ti nu basajan. Judulna ogé “Sausap-saulas”, tangtu henteu nyosok jero sakumaha ilaharna panalungtikan toponimi.

Tina sarébu ngaran tempat anu dipilih sacara acak téa, tétéla aya 294 (29,4 persén) ngaran tempat anu dimimitian ku “ci-“, saperti Cianting, Cibingbin, Cikadu, Cimaung, jeung Ciwangi. Tuh, méh sapertiluna.

Aya anggapan, awalan “ci-“ dina ngaran tempat téh ngandung harti “cai”. Tina cara méré ngaran tempatna ogé geus kaciri, yén urang Sunda umumna mah tara jauh ti “cai”. Leuwih jembarna deui, kacida raketna jeung alam anu jadi muasalna cai.

Henteu salah éta anggapan téh, malah loba benerna. Carita kolot baheula, mun rék ngadegkeun imah anu pangheulana ditéang téh sumber cai. Mun jauh ka sumber cai saperti walungan atawa cinyusu, anu diheulakeun téh néang tempat pisumureun.

Baca Juga:  Halau Pemudik Dini, Kota Depok Siapkan Rencana Operasi Gabungan

Carana ku ngagorolongkeun nyiru, di mana eureunna éta nyiru, tah di dinya anu dianggap alus keur pisumureun téh.

Mun teu kitu dipeleng isuk-isuk. Tanah piimaheun téh dipeleng isuk-isuk nepi ka wanci haneut moyan. Mun aya nu katémbong loba saabna, leuwih ngebul, di dinya tempat pisumureun anu alus.

Aya tukangna, duanana ogé. Teuing kumaha carana jeung naon palakiahna, kabuktian nu ngaran-ngaraning sumur heubeul mah, tara kabéjakeun saat.

Ayeuna mah geus carang, boa geus euweuh anu kitu téh. Tong boroning di kota, di kampung ogé, témpona ngabangun imah mah ngabangun wé.

Soal cai cukup ngandelkeun PDAM. Bari jeung sakapeung mah tara bisa diandelkeun. Atuh saimah-imah, tampolana mah salelembur, balangsak hésé cai.

Bisa jadi lantaran lembur beuki gegek, tanah beuki hésé, jeung mahal deuih. Tanah sacangkéwok ogé dipaksakeun jadi bangunan. Boro-boro mikiran soal cai, meureun.

Ari anu dipaké ngaran tempat kaayaan faktual anu aya di dinya, atawa anu kungsi aya di dinya, boh barang boh kajadian atawa hal.

Lamun di dinya aya tatangkalan anu bisa dijadikeun ciri, dingaranan ku éta saperti anu aya di (Désa/Kelurahan, Kacamatan): Ciasem (Cicadas, Babakancikao), Cibihbul (Wanasari, Wanayasa), Cibingbin (Cibingbin, Bojong), Cibinong (Cibinong, Jatiluhur), jeung Cibungur (Cibungur, Bungursari).

Baca Juga:  Giring Kembalikan Mandat Ketua Umum, PSI Diambang Perpecahan Jelang Pemilu 2024

Terus aya Cihanjawar (Cihanjawar, Bojong), Cihuni (Cihuni, Pasawahan), Cijambé (Cisalada, Jatiluhur), Cijambu (Pasirjambu, Maniis), Cikadu (Cikadu, Cibatu), jeung Cimanggu (Parungbanténg, Sukasari),

Ari jenis awina aya Ciater (Ciparungsari, Cibatu), Ciawitali (Ciawi, Wanayasa), Cigombong (Cikeris, Bojong), Cibuluh, (Citamiang, Maniis), jeung Citamiang (Citamiang, Maniis),

Anu kaasup tatangkalan laleutik, di antarana: Cieurih (Galumpit, Tegalwaru), Ciharashas (Nagritengah, Purwakarta), Cileunca (Cileunca, Bojong), Ciseureuh (Ciseureuh, Purwakarta), Cisalada (Cisalada, Jatiluhur), Cigadung (Pondokbungur, Pondoksalam), jeung Cijoho (Sinargalih, Maniis).

Upama éta tempat aya patalina jeung sasatoan, dingaranan ku ngaran sasatoan saperti: Cibadak (Sukamukti, Maniis), Cibayawak (Bénténg, Campaka), Ciheulang (Margaluyu, Kiarapedes), Cijelér (Sindangsari, Bojong), Cikérak (Sindanglaya, Sukatani).

Terus aya Cikuya (Kembangkuning, Jatiluhur), Cilandak (Cilandak, Cibatu), Cimaung (Ciwangi, Bungursari), Cipeucang (Gandasoli, Pléréd), Cipeusing (Bojong Barat, Bojong), Cirangkong (Cirangkong, Cibatu).

Anu aya patalina jeung kaayaan alamna, saperti Cibatu (Cibatu), Cicadas (Cicadas, Babakancikao), Cileutak (Pasanggrahan, Tegalwaru), jeung Cibeber (Cibeber, Kiarapedes).

Di dinya aya cai anu ngaburial dingaranan Ciburial (Wanayasa, Wanayasa) atawa anu ngabubulak disebut Cibulakan (Babakan, Wanayasa). Caina kaluar tina séké (akar tatangkalan), disebut baé Ciséké (Cibeber, Kiarapedes). Mun caina hérang, disebut Cihérang (Nagrog, Wanayasa).

Baca Juga:  Waduh, 7.300 Bidang Tanah PLN di Jabar Belum Bersertifikat

Mun cai ngocorna leutik disebut Cileutik (Mekarsari, Darangdan). Katémbongna bodas, pangpangna mah tanahna, dingaranan Cibodas (Cibodas, Bungursari), mun sabalikna tangtu wé Cihideung (Pasawahan, Pasawahan).

Di dinya aya gedogan (kandang kuda) dingaranan Cigedogan (Sindangkasih, Purwakarta). Mun aya gedong, katelah baé Cigedong (Wanayasa, Wanayasa), Aya deui anu dingaranan Cikincir (Nagrikidul, Purwakarta).

Anu patali jeung barang, pakarang, atawa pakakas ogé aya, saperti Cigobang (Linggasari, Darangdan), Cikeris (Cikeris, Bojong), Cianting (Cianting, Sukatani), Cilodong (Cibungur, Bungursari), Cipariuk (Tajursindang, Sukatani), Cisair (Sakambang, Wanayasa), jeung Citéko (Citéko, Pléréd).

Di Purwakarta ogé aya Cipanas (Ciracas, Kiarapedes) jeung aya Citiis (Pasirjambu, Maniis) deuih.

Anu patalina jeung patukangan aya deuih, Cipanday (Cimahi, Campaka), Cikamasan (Wanayasa, Wanayasa), jeung Cipalédang (Wanayasa, Wanayasa).

Éta ngaran tempat téh kabéh ogé aya caritana, aya kasang tukangna, anu bisa dipaluruhna sacara toponimis. Keun, guareun engké.

Mémang aya sababaraha ngaran tempat anu can kapapay raratanana, saperti Cianip (Cilalawi, Sukatani), Cianten (Ciramahilir, Maniis), Cibaragalan (Ciwangi, Bungursari), jeung Ciguik (Gandamekar, Pléréd).

Lajengkeuneun (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.