Lalakon Wanayasa, Cikumpay, jeung Cikaobandung

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Upama urang ngilikan peta Jawa Barat pertengahan abad ka-17, ngan aya tilu tempat anu kauni ngaranna di daérah Kabupatén Purwakarta ayeuna. Nya éta Wanayasa, Cikao, jeung Cikumpay.

Éta peta téh dijieun ku Verenigde Oost-Indische Compagnie (VOC), anu ku bangsa urang mah disebut Kumpeni.

Harita mah pamaréntah jajahan di urang can diambil-alih ku Pamaréntah Hindia Walanda, masih kénéh aya dina kakawasaan Kumpeni. VOC kakara dibubarkeun taun 1799.

Can aya Purwarkata deuih, sabab Purwakarta mah kakara diadegkeun taun 1830, anu dibisluitan taun 1831. Lamun Sindangkasih geus aya, asupna ka Distrik Wanayasa.

Peta anu dijieun ku Kumpeni téa, leuwih nyindekel kana kapentingan ékonomi. Utamana mah kopi. Can aya entéh harita mah.

Entéh kakara dipelak gedé-gedéan di urang (Indonésia) taun 1820-an. Ari kebon percobaanana aya di Wanayasa jeung Gunung Raung (Jawa Timur).

Di Wanayasa, anu mimiti ngipuk jeung melakna urang Cina Makao, sabab bangsa urang mah can aya nu bisaeun. Entéh mémang asalna ti Nagri Cina.

Baca Juga:  Hendak Ambil Smartphone, Pencuri Ini Babak Belur Dihajar Massa

Éta urang Cina Makao, dipatuhkeunana di hiji pasir di tutugan Gunung Burangrang. Katelah baé Pasir Nagara Cina, anu ku urang Wanayasa mah sakapeung sok disebut Garacina.

Di dinya aya tempat anu ngaranna Pangipukan, urut tempat ngipuk entéh jaman harita. Ayeuna mah kabawah ka Kampung Pasirmuncang, Désa Pusakamulya, Kacamatan Kiarapedes.

Teuing saha nu boga alpukahna, jeung teuing kumaha sajarahna, ayeuna mah Pasir Nagara Cina atawa Garacina téh geus ganti ngaranna jadi Pasir Langlang Panyawangan, sakapeung sok disebut Ujung Aspal deuih. Éta mah, di antarana, sarua wé jeung ngaleungitkeun poténsi wisata sajarahna.

Abad ka-17 Wanayasa geus jadi tempat ngumpulkeun kopi anu ti Bandung, Sumedang, Subang, jeung sabudeureunana. Dikumpulkeun heula di Wanayasa, terus diangkut ka Palabuan Cikao. Ari gudang kopina di Wanayasa, anu ayeuna jadi sakola, nya éta SDN 1 Wanayasa.

Baca Juga:  Dua Orang di Bawaslu Kota Depok Tambah Catatan Kasus Covid-19

Cikumpay kauni dina peta, lantaran harita geus kaasup daérah anu dianggap hadé keur perkebunan. Nya saterusna mah dijadikeun perkebunan karét. Malah ka dieunakeun, aya jalan karéta api (erél) lori pikeun ngakut hasil kebonna ka Statsiun Cibungur. Ti dinya dibawa ka Batawi (Jakarta).

Ari Cikao geus mangrupa palabuan di Sisi Citarum ti Jaman Pajajaran kénéh. Kaasup palabuan gedé atuh. Perenahna aya di Muara Walungan Cikao anu notog ka Walungan Citarum. Munasabah mun kauni dina peta jaman harita ogé.

Jadi kacida salahna mun aya dongéng anu nyebutkeun asal-usul Cikao téh lantaran baruntakna Cina Makao di Purwakarta. Éta mah béh dieu atuh.

Baruntakna Cina Makao di Purwakarta, anu sok disebut “Perang Makao di Purwakarta” kajadianana taun 1832, sanggeus ibukota Karawang dipindahkeun ti Wanayasa ka Sindangkasih.

Taun 1863 nurutkeun Regeering Reglement (RR), Cikao diasupkeun ka wilayah Kabupaten (Regentschaap) Bandung. Nya disebut wé Cikaobandung, ari peuntaseunana disebut Cikaokarawang, lantaran asup ka wilayah Kabupatén Karawang.

Baca Juga:  Bupati Bekasi: Penanaman Pohon Wujud Kepedulian Lingkungan

Harita loba kulewedet ménak Bandung anu jadi pagawé di gudang kopi Palabuan Cikao. Matak tong kagét mun di Cikaobandung kiwari loba teureuh ménak Bandung.

Kopi jeung hasil tani lianna dibawa maké padati, anu ditarik ku munding jeung sapi ka Palabuan Cikao. Ti dinya kakara dibawa kana kapal, umumna ka Palabuan Tanjung Priuk di Batawi.

Baheula mah kapal cai bisa asup nepi ka Cikaobandung, eureun di Darmaga Talibaju. Teu bisa sotéh sabada Pamaréntah Walanda nyieun Bendungan Parisdo di Walahar, Klari Karawang, nu diadegkeun taun 1918-1925. Ayeuna mah katelahna Bendungan Walahar wé.

Palabuan Cikao ogé gedé peranna waktu ngawangun gedong-gedong di Kota Bandung. Éta mah raket patalina jeung jalan anu disebut “Highway Pajajaran”. Keun, urang pedar engké deui éta mah. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah