Sausap-saulas Toponimi Purwakarta (3): Ngaguar Kampung Krajan

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Tétéla di Kabupatén Purwakarta loba ngaran Kampung Krajan. Anu kacatet téh aya 22, sumebar ampir di unggal kacamatan.

Anu can kapaluruh téh Kampung Krajan di Kacamatan Sukasari, Maniis, jeung Sukatani. Bisa jadi aya, bisa jadi ogé mémang euweuh.

Kampung Krajan, sakapeung sok disebut Karajan. Aya nu nyebutkeun cenah hartina téh karajaan, tempat anu baheulana di dinya aya karajaan.

Lebah kecap “krajan” ngandung harti “karajaan”, henteu salah-salah teuing. Ngan palebah nyebutkeun di dinya baheula kungsi aya karajaan, kudu dipaluruh deui.

Aya sababaraha alesan anu kurang pas upama disebutkeun, yén Kampung Krajan téh urut karajaan.

Kahiji, ngaran Kampung Krajan lain ngan aya di Purwakarta wungkul. Di Subang jeung Karawang ogé aya. Malah di Jawa Tengah jeung Jawa Timur ogé loba.

Baca Juga:  Viral! Warga Sindangbarang Terima KTP Palsu, Ini Kata Disdukcapil Cianjur

Ngaran Kampung Krajan, di sawatara tempat ngaranna Dusun Krajan, aya di sakuliah Pulo Jawa, ti Banyuwangi di Jawa Timur nepi ka Sérang di Banten.

Malah meuntas ka Lampung sagala, di antarana aya Kampung Tanjung Krajan di Kacamatan Seputih, Kabupatén Lampung Tengah. Seputih téh sarua hartina jeung Cibodas mun di urang mah.

Kadua, taya bukti-bukti sajarah, boh bukti primér boh sekundér, anu nétélakeun yén sakabéh ngaran Kampung Krajan téh urut karajaan. Aya ogé carita rayat jeung babad, da teu bisa dicekel deleg enyana, mun teu didukung ku bukti-bukti séjén mah.

Lamun disebutkeun urut bagian tina hiji karajaan, bisa jadi. Karajaan naon? Nepi ka danget ieu, can aya bukti kuat anu tuduh ka hiji karajaan.

Sacara étimologis kecap “krajan” asalna tina basa Sangsekerta anu ngandung harti (1) “karajaan”; (2) “nagri” atawa “ibukota”.

Baca Juga:  GAR ITB Tuding Din Syamsuddin Radikal, DEEP: Salah Kaprah!

Upama nilik kana kanyataanana, Kampung Krajan leuwih deukeut kana harti nu kadua, nya éta “nagri” atawa “ibukota” (di hiji wewengkon). Puseur pamaréntahan, kagiatan ékonomi jeung politis di hiji désa, anu kiwari geus loba anu dimekarkeun deui jadi sababaraha désa.

Kolot urang baheula mun nyebut ibukota (puseur dayeuh) kabupatén téh “nagri”. Bisa jadi éta sababna di Kacamatan Purwakarta (Kota) aya Désa Nagrikidul jeung Nagrikalér. Ditambah jeung Sindangkasih, kaasup désa heubeul di Purwakarta mah.

Salian ti éta mah, kabéh ogé pemekaran ti nu tilu éta. Kiwari geus robah statusna jadi kelurahan, sabada aya aturan anu ngabédakeun désa jeung kelurahan. Di Kacamatan Purwakarta ngan nyésakeun hiji désa, nya éta Désa Citalang.

Nilik kana perenahna Kampung Krajan di hiji wewengkon, urang bisa meunang gambaran puseur pamaréntahan jeung ékonomi di dinya dina hiji mangsa.

Baca Juga:  Jawa Barat Pangsa Pasar Perdagangan Hewan Kukang

Kampung Krajan di Kabupatén Purwakarta aya di Désa Bénténg jeung Campakasari (Kacamatan Campaka), Désa Cikopo (Bungursari), Désa Ciracas (Kiarapedes), Désa Maracang jeung Babakancikao (Babakancikao).

Ari di Kacamatan Jatiluhur, Kampung Krajan aya di Désa Parakanlima; di Kacamatan Pondoksalam aya di Désa Situ, Salamjaya, jeung Galudra; di Kacamatan Wanayasa aya di Désa Wanayasa, Sukadami, jeung Taringgul Tonggoh.

Kampung Krajan ogé aya di Désa Nangéwér (Darangdan), Désa Cileunca jeung Cikeris (Bojong), Désa Cibatu (Cibatu), Désa Cibogohilir(Pléréd), Désa Citalang (Tegalwaru), Désa Sawahkulon jeung Désa Lebakanyar (Pasawahan).

Di Kacamatan Purwakarta ogé aya Kampung Krajan téh, perenahna teu jauh ti Kantor Kelurahan Tegalmunjul. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.