Sausap-saulas Toponimi Purwakarta (4): Malipir Ngalingling Pasir

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Di Kabupatén Purwakarta loba pasir, gunung, jeung legok. Lolobana di sisi beulah kidul jeung wétan. Parat ti Kacamatan Sukasari, Tegalwaru, Maniis, terus nepi ka Kacamatan Bojong, Wanayasa, jeung Kiarapedes.

Lain hartina euweuh di (bagian Kabupatén Purwakatta) nu séjén ogé, ngan henteu saeuyeub di lebah dinya.

Ayeuna mah urang nataan pasir anu aya di Purwakata, anu kaitung loba. Anu kacatet téh aya 89 tempat anu maké ngaran pasir.

Lamun seug kacatetkeun kabéh mah, boa leuwih ti saratus. Bisa disebutkeun, Purwakarta dilingkung ku gunung dikelir ku pasir.

Pasir téh istilah géografi dina basa Sunda anu ngandung harti “gunung leutik tur handap”. Dina basa Indonésia mah disebutna “bukit”.

Sarua jeung lembur wé, pasir ogé sok dingaranan. Ari ngaranna, tara ieuh dihésé-hésé, nyokot kanyataan faktual anu aya atawa anu kungsi aya di dinya.

Ngaranna aya nu mangrupa gabungan istilah géografi jeung tatangkalan, sasatoan, jelema, hal, atawa kajadian.

Upama di éta pasir loba tangkal pining, disebut baé Pasir Pining saperti nu aya di Tegalwaru. Pining téh ngaran tutuwuhan anu ngadapur sabangsa kapol, hanggasa, atawa honjé. Buahna amis, sikina siga siki honjé. Karesep tukang mileuweungan.

Baca Juga:  Bencana Ancam Kota Banjar, Tim Reaksi Cepat Segera Bergerak

Anu loba tangkal honjé disebut Pasir Honjé saperti di Sukatani. Mun anu loba tangkal laja, disebut Pasir Laja (Sukasari jeung Wanayasa). Kitu deui mun aya atawa loba seureuh, disebut Pasir Seureuh (Sukatani).

Di pasir anu aya atawa loba tangkal peuteuy, disebut Pasir Peuteuy (Pléréd). Kitu deui jeung tangkal buahan lianna. Matak aya Pasir Muncang (Kiarapedes jeung Pasawahan), Pasir Jambu (Maniis), Pasir Nangka (Tegalwaru), jeung Pasir Asem (Jatiluhur).

Anu aya atawa kungsi aya tangkal kai, di antarana Pasir Kihiang (Pasawahan), Pasir Pari (Bojong), Pasir Karét (Wanayasa), jeung Pasir Kepuh (Sukasari).

Lamun di éta pasir aya, loba, atawa kungsi aya sasatoan, dingaranan ku gabungan istilah géogafi (pasir) jeung ngaran sasatoan. Contona Pasir Oa (Cibatu), Pasir Oray (Pléréd), Pasir Kuda (Wanayasa), jeung Pasir Badak (Maniis).

Baca Juga:  KPU Subang Gelar Seminar

Aya deui Pasir Bondol (Maniis), Pasir Heulang (Sukasari), jeung Pasir Ucing (Bojong).

Ngan aya iwalna, Pasir Banténg di Cihanjawar, Bojong. Dingaranan Pasir Banténg téh lain pédah di dinya kungsi aya atawa loba banténg, tapi pédah kungsi jadi markas Pasukan Banténg dina mangsa révolusi.

Tah, di Tegalwaru aya Pasir Onta. Can kapaluruh naon sabab dingaranan kitu. Sabab onta mah lain sato anu biasa hirup di leuweung urang. Bisa jadi pédah bentukna jiga onta, teu béda ti Bojongsoang di Kabupatén Bandung; bojong anu bentukna jiga beuheung soang.

Pasir anu katémbongna malang (ti lembur), disebut Pasir Malang, anu aya di Jatiluhur, Bojong, Darangdan, jeung Cibatu.

Anu katémbongna siga karéta, dingaranan Pasir Karéta (Maniis). Anu témbongna jiga nu muncul tina jero taneuh disebut Pasir Munjul (Sukatani).

Pasir anu loba batu, disebut Pasir Batu (Tegalwaru). Anu dingdingna nangtawing, nepi ka kudu ditarajéan mun hayang hanjat, disebut Pasir Tarajé (Bojong).

Baca Juga:  Dedi Mulyadi: Mak Eri, Teladan bagi Kalangan Berada

Pasir anu sok dipaké ngalantung, dingaranan Pasir Lantung (Sukasari), nu sok dipaké moyan Pasir Pamoyanan (Tegalwaru). Duka saha anu ngalantung jeung moyanna mah.

Pasir anu sok dipaké nongkrong ku Mang Andi sarérés gawé, disebut Pasir Andi (Bojong). Aya deui Pasir Odang di Jatiluhur, ngan can kapaluruh sababna dingaranan kitu.

Pasir anu aya patalina jeung waditra (alat kasenian Sunda) ogé aya, nya éta Pasir Goong jeung Pasir Ketuk, duanana aya di Wanayasa.

Ari Pasir Angin aya di Sukatani jeung Darangdan, nya éta pasir anu sok gedé anginna atawa tempat datangna angin, lantaran di dinya aya liang angin.

Masih kénéh loba ngaran pasir di Purwakarta guareun téh. Upamana baé Pasir Téké (Darangdan), Pasir Datarkomis (Jatiluhur), jeung Pasir Sindanglengis (Pléréd).

Kétang, saenyana mah kabéh ogé guareun kénéh, sabab tina ngaran tempat sok aya hal anu nyamuni, anu can kanyahoan ku balaréa.

Lajengkeuneun! (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah